Ambu, kamana wungkul, naha ngadepong wae....?  mugi-mugi Ambu mah teu dipasihan 
resep ku dokter:  "jeung keur isukan" he, he, he, 
Ambu, ambu, lami teu sumping ari jol langsung ngabojeg... ari nini anu ka 
dokter gigi tea kumaha, di piwarang "gigi tekan" malah "gigitekan. imbitna" he, 
he, he..


wassalam
dudi_ss

  ----- Original Message ----- 
  From: Supri Hatna 
  To: [email protected] 
  Sent: Friday, October 24, 2008 11:21 AM
  Subject: Re: Bls: [kisunda] Bendara Sunda Versi si kuring


        AMBU...
        Ha,,,ha,,,ha,, Wa,,,kaka,,,kakak,,,,
        Meni ku ngakak (wakakakkkakakk) teu kuat nahan seuri
        Pas maca...

         "ibhu...ibhu, ,,, ieu ubhar nu ditelegh teh nya, ieu
        langsung bae hontong asa-asa... soang utawa bherang-bherang iji
        beurit iji, jengker isukan..."

        isuk2 si NINI jengker langsung...emh karunya

        Kabayang si nini neleg soang jeng berang2 jeung beurit,,,,



        --- Pada Jum, 24/10/08, richadiana kartakusuma <[EMAIL PROTECTED]> 
menulis:

          Dari: richadiana kartakusuma <[EMAIL PROTECTED]>
          Topik: Re: Bls: [kisunda] Bendara Sunda Versi si kuring
          Kepada: [email protected]
          Tanggal: Jumat, 24 Oktober, 2008, 2:19 AM


          gamparan
          ulah samar kana babasan universal tea 
          "the past is the key to the present" 
          paing gampil weh...mun urang tumorojog lalandong ka dokter anu anyar 
wanoh harita keneh, seug si dokter sologoto ukur terang yen urang karaos gering 
ukur nyebatkeun "anu" weh... bari teu naroskeun atanapi marios riwayat pasien. 
Ujug2 gejos bae disuntik, gebro dipasihan antibiotik penahan sakit penghilang 
nyeri... antukna si pasien teh sanes damang kalah paeh
           
          pan aya paribasa ulah ka dokter Jawa (hapunten karuhun Jawa) nu karak 
diajar Sunda bari jeung komo praktek di tatar sunda tur pasien na teh NINI2 
cameot (siga uing)....pokna teh:
           "ibhu...ibhu, ,,, ieu ubhar nu ditelegh teh nya, ieu
          langsung bae hontong asa-asa... soang utawa bherang-bherang iji
          beurit iji, jengker isukan..."

          isuk2 si NINI jengker langsung...emh karunya

          Tabe pun
          AMBU


           




----------------------------------------------------------------------
          From: dudi_ss <[EMAIL PROTECTED] com>
          To: [EMAIL PROTECTED] .com
          Sent: Thursday, October 23, 2008 10:26:31 PM
          Subject: Re: Bls: [kisunda] Bendara Sunda Versi si kuring


           
          Kang Engkus,  anu panungtung anu mukakeun handeuleum teh pan 
urang-urang ieu, mung kudu sabar da puguh elmuna kakara nepi kadieu, pujangga 
teh ceuk babasaan baheula meuereun, da geuing ayeuna istilah eta teh ampir teu 
ka dangu deui. 

          wassalam
          dudi_ss

            ----- Original Message ----- 
            From: engkus ruswana 
            To: [EMAIL PROTECTED] .com 
            Sent: Thursday, October 23, 2008 1:30 PM
            Subject: Re: Bls: [kisunda] Bendara Sunda Versi si kuring


                  Ngiring mairan kang Ndud kang Ilen,

                  Leres pisan eta teh numutkeun legenda lisan/tulisan nu 
dipercaya ku para sepuh, Eta Cacarakan jeung taun Saka teh hasil kamotekaran 
Daniswara (anak Dewata Cengkar), pikeun pangeling-ngeling sanggeus manehna 
dibantu Jugulmuda berhasil ngarebut deui nagara Medang Kamulyan nu dikawasaan 
ku Ajisaka (=Abu Syakya, asal ti nagara Campa)  nu ngajabel nagara ti Dewata 
Cengkar ku alatan tipu muslihat. Titi mangsa taun ka-1 na teh, diawitan ku 
mangsa dijabelna nagara ku Ajisaka (Abu Syakya) tea, nu make candrasangkala 
"Kunir Awuk Datan Dalu" (kun = ingsun = 1; nir = kosong/leungit= 0; awuk = 
tipu-daya = 0; datan = teu boga nanaon = 0; dalu = poek = 0) nu dibaca kana 
angka 00001.   

                  Ti harita itungan taun SAKA jeung cacarakan "cenah" 
digunakeun jadi taun jeung aksara nasional (di jamanna), tug nepi ka jaman 
Sultan Agung, eta itungan pananggalan dirobah ku Sultan Agung nya disebut jadi 
Taun Jawa (ayeuna eta tatanan taun ku Tm Kalasunda Abah Ali & rengrengan kang 
Oca nuju diupayakeun dikibarkeun deui nu aslina). 

                  Ngan nya kitu tea kulantaran Cacarakan jeung taun Saka dipake 
jeung dipimilik ku dulur ti Jawa, nya ahirna urang Sunda sorangan ge 
ngaenyakeun, yen eta mah bobogaan urang Jawa. Nya jadi lapur atuh jiga urang 
Sunda teu boga tatanan taun jeung "cacarakan" lain bobogaan urang Sunda.

                  Memang urang mibanda aksara KAGANGA, tapi can bisa 
dibuktikeun CACARAKAN lain milik urang Sunda, komo deui mun dikaitkeun kana 
Carita Parahyangan, naskah Wangsakerta, nu nganyatakeun yen nu ngababakan 
ngadirikeun Mataram Kuno teh SANJAYA (ti Sunda), nu ngadirikeun Majapahit teh 
Raden WIJAYA (anak Jayadarma) ti Sunda. Wajar mun hasil budayana oge 
digunakeun, komo deui ketang sapulo Jawa harita memang asup kakawasaan Galuh, 
jadi sok sanajan aya atawa dihasilkeun di wewengkon jawa (ayeuna), nya hartina 
milik Sunda/Galuh keneh. 

                  Memang legenda teh ku jaman ilmiah kiwari mah can bisa 
dinyatakeun elmu atawa hiji kabeneran sajarah, tapi urang kudu surti yen memang 
budaya baheula mah dina nurunkeun kanyaho teh lolobana liwat budaya 
adat/tradisi, pantun, seni, legenda jsb. Ku kituna legenda bisa dipake awitan 
pikeun nalungtik sacara ilmiah (hipotesa), sabab budaya tulis-menulis kawates 
pisan nu makena. Nya mudah-mudahan kahareup mah bakal loba nu kabuka eta 
tutungkusan warisan para pujangga 
                   - nu diteundeun di handeuleum sieum, 
                   - nu ditunda di hanjuang siang, sampeureun teundeun piraweuy
                   - nu dituruban ku mendepun jeung diwadahan ku mandelar
                   - nu diamparan boeh larang jeung ditunda di bojong jalan
                   - nu cenah bakal kapendak kunu ngaliwat.

                  Tah cenah bakal dibukana oge ku para pujangga, ku nu rancage 
dihate, barang dibuka pating haleuang pating daleungdang. Bakal nimbulkeu rasa 
milawung kancana, loba nu hayang dilalkonkeun.


                  Cag ah sakitu heula,
                   pun tabe pun

                  Engkus,

                  --- Pada Rab, 22/10/08, dudi_ss <[EMAIL PROTECTED] com> 
menulis:

                    Dari: dudi_ss <[EMAIL PROTECTED] com>
                    Topik: Re: Bls: [kisunda] Bendara Sunda Versi si kuring
                    Kepada: [EMAIL PROTECTED] .com
                    Tanggal: Rabu, 22 Oktober, 2008, 8:06 PM


                    atuh ari kitu mah moal burung "hurup cacarakan" oge asalna 
ti urang nya, eta geuning Prabu Dewata Cengakar-na aya di urang atuh Aji 
Saka-na ge aya, minangka titimangsa di ngawitanana panggalan Saka, taun ka 78 
masehi kitu? 

                    wassalam
                    dudi_ss
                      ----- Original Message ----- 
                      From: ilen kardani 
                      To: [EMAIL PROTECTED] .com 
                      Sent: Tuesday, October 21, 2008 2:08 PM
                      Subject: Re: Bls: [kisunda] Bendara Sunda Versi si kuring


                      Juragan sadayana,

                      Kuring kantos mairan ngeunaan bandera Sunda sababaraha 
waktos kapengker pakait sareng pangeling-ngeling pananggalan taun Saka, wirehna 
bandera anu kungsi dikelebetkeun di Galuh nyaeta bandera Sura Suci anu nandaan 
balikna deui kakawasaan Galuh ka Prabu Dewata Cengkar. Sura Suci ayeuna geus 
diterapkeun jadi Bandera Nasional , jadi kudu reueus wirehna Bandera Urang 
Sunda geus dipake jadi simbol nagara, oge disarengan ku dasar nagarana 
Pancasila... .......eta teh nu Urang Sunda, kudu diampihan lamun embung 
diampihan ku deungeun-deungeun balangbangan.

                      Kuring mah era ku Sukarno anu sakitu tigin nyepeng 
pikukuh karuhun Sunda.


                      ----- Original Message ----
                      From: Roza Rahmadjasa Mintaredja <roza.kalasunda@ 
yahoo.com>
                      To: [EMAIL PROTECTED] .com
                      Sent: Monday, October 20, 2008 6:15:22 PM
                      Subject: Re: Bls: [kisunda] Bendara Sunda Versi si kuring

                            bukti warna hideung sacara universal...
                            baju wasit sepak bola baheula hideung-hideung,
                            keputusan wasit, tetep!
                            teu bisa diganggu gugat...ok?
                            aya ogen di arsitektur/seni mah lambang 
dignity/wiwaha
                            ari baduy/kanekes geus puguh, tetep 
                            pondok teu meunangdipotong, 
                            panjang teu meunang disambung
                            kabeh tetep pengkuh dina ajaranan
                            ngan pikiraneun teh...
                            naha bet sarua?
                            atawa aya nu mawa mimitina saha?
                            he33x!
                            ...oca tea...

                            --- On Mon, 10/20/08, engkus ruswana 
<engkusruswana@ yahoo.com> wrote:

                              From: engkus ruswana <engkusruswana@ yahoo.com>
                              Subject: Bls: [kisunda] Bendara Sunda Versi si 
kuring
                              To: [EMAIL PROTECTED] .com
                              Date: Monday, October 20, 2008, 2:23 AM


                                Walaaaah.... ., baruk.... eta mah bandera Arab 
atuh asa kurang pantes mun jadi bandera Sunda, geura tingali bendera nagara 
Arab Saudi, kurang leuwih kitu. Teu aya saeutik ge warna palsapah sunda. 
Sakanyaho kuring hejo mah warna nu teu lumrah dipake keur nyimbulkeun palsapah 
Sunda, nu biasa mah beureum-koneng- bodas-hideung. Kade ah eta mah matak 
megatkeun duduluran jeung ngajadikeun Sunda heureut.

                                Kang Tirta,
                                Leres kang, hideung-bodas teh warna nu biasa 
dipake ngalambangkeun lemah-cai, oge ngandung harti 'tetep dina kasucian' atawa 
bisa oge 'katetapan ti nu Maha Suci', sabab hideung teh ngalambangkeun 
sipat/watek Tetep/kukuh/ pengkuh,
                                bodas ngalambangkeun sipat/watek suci. Tah 
matak dina wayang dilambangkeun kana Semar beungeut bodas badan hideung, nu 
hartina katetepan ti nu Maha Suci,nu mikareueus imahna sanajan butut di Karang 
Tumaritis (lemah cai nu ngarupakeun mandala tempatna nu naritis/sakabeh mahluk 
hirup).  Beda jeung Kresna kabeh awak jeung beungeutna hideung, sedeng Baladewa 
sagalana beureum.

                                cag, rampes.

                                Engkus nun, 

                                  
                           

                 

          .
           

       




------------------------------------------------------------------------------
  Dapatkan nama yang Anda sukai! 
  Sekarang Anda dapat memiliki email di @ymail.com dan @rocketmail.com.

   

Kirim email ke