leres kg Engkus, kg Ilen, kg N'dud,
budaya US pangkolotna sadunya...
bisa disebut bagal budaya sadunya...
atawa cikal bakal/wiwit manusa sakabeh.
asalna.... ti Sunda.!

lamun ditilik sabaraha lila umur budaya Sunda ...?
tina pananggalan Sunda mah 17209 taun katukang...
(dina konversi ka Masehi dk kiwari-ir. CJ Snijder 1983)
US geus boga pananggalan
disebutna KALA SUNDA TEMBEY.

Bandingkeun jg umur pananggalan nu aya sadunya:
Peru(Amerika Sel) umurna.kl 15.000 taun
Cina umurna kl. 13.000 taun
Babilonia kl 6.500 taun
India  kl. 2.200 taun
(ir.C.J Snijder 1983)
Hartina budaya Sunda geus kumelendang 
di-alam dunya ieu salila kl 18.000 taun katukang!
Saha anu bisa mere tetengger sakitu jelasna 
umur budaya dina wilangan  kolotna taun?
tingali bukti2 anu beuki nambahan tug dk kiwari
anu bisa negeskeun yen budaya US pangkolotna sadunya...!
Hanteu sakadar dina wates 'kayakinan' wungkul...

bedana jg KalaSunda nu dipake ayeuna, nyaeta
dina patokan prasasti Sanghyang Tapak, Sukabumi.
prasasti SriJaya Bupati, Raja Sunda.
dina konversi ka Masehi na  abad ka 11.
Jadi taun awalna, KalaSunda 
ninggang di taun 122 Masehi.
Beda jg itungan Damais, anu make Saka India
anu dipake tug dk kiwari nyaeta taun 78 Masehi.
hanteu sakadar nambah atw ngurangan make patok 78...
Kitu para dulur, sacara gurat badagna mah.
cag!
rampes nun!
he33x!
....oca tea...




--- On Wed, 10/22/08, engkus ruswana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
From: engkus ruswana <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Re: Bls: [kisunda] Bendara Sunda Versi si kuring
To: [email protected]
Date: Wednesday, October 22, 2008, 10:30 PM









Ngiring mairan kang Ndud kang Ilen,
 
Leres pisan eta teh numutkeun legenda lisan/tulisan nu dipercaya ku para sepuh, 
Eta Cacarakan jeung taun Saka teh hasil kamotekaran Daniswara (anak Dewata 
Cengkar), pikeun pangeling-ngeling sanggeus manehna dibantu Jugulmuda berhasil 
ngarebut deui nagara Medang Kamulyan nu dikawasaan ku Ajisaka (=Abu Syakya, 
asal ti nagara Campa)  nu ngajabel nagara ti Dewata Cengkar ku alatan tipu 
muslihat. Titi mangsa taun ka-1 na teh, diawitan ku mangsa dijabelna nagara ku 
Ajisaka (Abu Syakya) tea, nu make candrasangkala "Kunir Awuk Datan Dalu" (kun = 
ingsun = 1; nir = kosong/leungit=0; awuk = tipu-daya = 0; datan = teu 
boga nanaon = 0; dalu = poek = 0) nu dibaca kana angka 00001.   
 
Ti harita itungan taun SAKA jeung cacarakan "cenah" digunakeun jadi taun jeung 
aksara nasional (di jamanna), tug nepi ka jaman Sultan Agung, eta itungan 
pananggalan dirobah ku Sultan Agung nya disebut jadi Taun Jawa (ayeuna eta 
tatanan taun ku Tm Kalasunda Abah Ali & rengrengan kang Oca nuju diupayakeun 
dikibarkeun deui nu aslina). 
 
Ngan nya kitu tea kulantaran Cacarakan jeung taun Saka dipake jeung dipimilik 
ku dulur ti Jawa, nya ahirna urang Sunda sorangan ge ngaenyakeun, yen eta mah 
bobogaan urang Jawa. Nya jadi lapur atuh jiga urang Sunda teu boga tatanan taun 
jeung "cacarakan" lain bobogaan urang Sunda.
 
Memang urang mibanda aksara KAGANGA, tapi can bisa dibuktikeun CACARAKAN lain 
milik urang Sunda, komo deui mun dikaitkeun kana Carita Parahyangan, naskah 
Wangsakerta, nu nganyatakeun yen nu ngababakan ngadirikeun Mataram Kuno teh 
SANJAYA (ti Sunda), nu ngadirikeun Majapahit teh Raden WIJAYA (anak Jayadarma) 
ti Sunda. Wajar mun hasil budayana oge digunakeun, komo deui ketang sapulo Jawa 
harita memang asup kakawasaan Galuh, jadi sok sanajan aya atawa dihasilkeun di 
wewengkon jawa (ayeuna), nya hartina milik Sunda/Galuh keneh. 
 
Memang legenda teh ku jaman ilmiah kiwari mah can bisa dinyatakeun elmu atawa 
hiji kabeneran sajarah, tapi urang kudu surti yen memang budaya baheula mah 
dina nurunkeun kanyaho teh lolobana liwat budaya adat/tradisi, pantun, seni, 
legenda jsb. Ku kituna legenda bisa dipake awitan pikeun nalungtik sacara 
ilmiah (hipotesa), sabab budaya tulis-menulis kawates pisan nu makena. Nya 
mudah-mudahan kahareup mah bakal loba nu kabuka eta tutungkusan warisan para 
pujangga 
 - nu diteundeun di handeuleum sieum, 
 - nu ditunda di hanjuang siang, sampeureun teundeun piraweuy
 - nu dituruban ku mendepun jeung diwadahan ku mandelar
 - nu diamparan boeh larang jeung ditunda di bojong jalan
 - nu cenah bakal kapendak kunu ngaliwat.
 
Tah cenah bakal dibukana oge ku para pujangga, ku nu rancage dihate, barang 
dibuka pating haleuang pating daleungdang.Bakal nimbulkeu rasa milawung 
kancana, loba nu hayang dilalkonkeun.

 
Cag ah sakitu heula,
 pun tabe pun
 
Engkus,

--- Pada Rab, 22/10/08, dudi_ss <[EMAIL PROTECTED]> menulis:

Dari: dudi_ss <[EMAIL PROTECTED]>
Topik: Re: Bls: [kisunda] Bendara Sunda Versi si kuring
Kepada: [email protected]
Tanggal: Rabu, 22 Oktober, 2008, 8:06 PM





atuh ari kitu mah moal burung "hurup cacarakan" oge asalna ti urang nya, eta 
geuning Prabu Dewata Cengakar-na aya di urang atuh Aji Saka-na ge aya, minangka 
titimangsa di ngawitanana panggalan Saka, taun ka 78 masehi kitu? 
 
wassalam
dudi_ss

----- Original Message ----- 
From: ilen kardani 
To: [EMAIL PROTECTED] .com 
Sent: Tuesday, October 21, 2008 2:08 PM
Subject: Re: Bls: [kisunda] Bendara Sunda Versi si kuring



Juragan sadayana,
 
Kuring kantos mairan ngeunaan bandera Sunda sababaraha waktos kapengker pakait 
sareng pangeling-ngeling pananggalan taun Saka, wirehna bandera anu kungsi 
dikelebetkeun di Galuh nyaeta bandera Sura Suci anu nandaan balikna deui 
kakawasaan Galuh ka Prabu Dewata Cengkar. Sura Suci ayeuna geus diterapkeun 
jadi Bandera Nasional , jadi kudu reueus wirehna Bandera Urang Sunda geus 
dipake jadi simbol nagara, oge disarengan ku dasar nagarana Pancasila... 
.......eta teh nu Urang Sunda, kudu diampihan lamun embung diampihan 
ku deungeun-deungeun balangbangan.
 
Kuring mah era ku Sukarno anu sakitu tigin nyepeng pikukuh karuhun Sunda.


----- Original Message ----
From: Roza Rahmadjasa Mintaredja <roza.kalasunda@ yahoo.com>
To: [EMAIL PROTECTED] .com
Sent: Monday, October 20, 2008 6:15:22 PM
Subject: Re: Bls: [kisunda] Bendara Sunda Versi si kuring





bukti warna hideung sacara universal...
baju wasit sepak bola baheula hideung-hideung,
keputusan wasit, tetep!
teu bisa diganggu gugat...ok?
aya ogen di arsitektur/seni mah lambang dignity/wiwaha
ari baduy/kanekes geus puguh, tetep 
pondok teu meunangdipotong, 
panjang teu meunang disambung
kabeh tetep pengkuh dina ajaranan
ngan pikiraneun teh...
naha bet sarua?
atawa aya nu mawa mimitina saha?
he33x!
....oca tea...

--- On Mon, 10/20/08, engkus ruswana <engkusruswana@ yahoo.com> wrote:

From: engkus ruswana <engkusruswana@ yahoo.com>
Subject: Bls: [kisunda] Bendara Sunda Versi si kuring
To: [EMAIL PROTECTED] .com
Date: Monday, October 20, 2008, 2:23 AM







Walaaaah.... ., baruk.... eta mah bandera Arab atuh asa kurang pantes mun jadi 
bandera Sunda, geura tingali bendera nagara Arab Saudi, kurang leuwih kitu. Teu 
aya saeutik ge warna palsapah sunda. Sakanyaho kuring hejo mah warna nu teu 
lumrah dipake keur nyimbulkeun palsapah Sunda, nu biasa mah beureum-koneng- 
bodas-hideung. Kade ah eta mah matak megatkeun duduluran jeung ngajadikeun 
Sunda heureut.
 
Kang Tirta,
Leres kang, hideung-bodas teh warna nu biasa dipake ngalambangkeun lemah-cai, 
oge ngandung harti 'tetep dina kasucian' atawa bisa oge 'katetapan ti nu Maha 
Suci', sabab hideung teh ngalambangkeun sipat/watek Tetep/kukuh/ pengkuh,
bodas ngalambangkeun sipat/watek suci. Tah matak dina wayang dilambangkeun kana 
Semar beungeut bodas badan hideung, nu hartina katetepan ti nu Maha Suci,nu 
mikareueus imahna sanajan butut di Karang Tumaritis (lemah cai nu ngarupakeun 
mandala tempatna nu naritis/sakabeh mahluk hirup).  Beda jeung Kresna kabeh 
awak jeung beungeutna hideung, sedeng Baladewa sagalana beureum.
 
cag, rampes.
 
Engkus nun, 

 


        Dapatkan alamat Email baru Anda!  

Dapatkan nama yang selalu Anda inginkan sebelum diambil orang lain!




      

Kirim email ke