Kang Engkus,  anu panungtung anu mukakeun handeuleum teh pan urang-urang ieu, 
mung kudu sabar da puguh elmuna kakara nepi kadieu, pujangga teh ceuk babasaan 
baheula meuereun, da geuing ayeuna istilah eta teh ampir teu ka dangu deui. 

wassalam
dudi_ss

  ----- Original Message ----- 
  From: engkus ruswana 
  To: [email protected] 
  Sent: Thursday, October 23, 2008 1:30 PM
  Subject: Re: Bls: [kisunda] Bendara Sunda Versi si kuring


        Ngiring mairan kang Ndud kang Ilen,

        Leres pisan eta teh numutkeun legenda lisan/tulisan nu dipercaya ku 
para sepuh, Eta Cacarakan jeung taun Saka teh hasil kamotekaran Daniswara (anak 
Dewata Cengkar), pikeun pangeling-ngeling sanggeus manehna dibantu Jugulmuda 
berhasil ngarebut deui nagara Medang Kamulyan nu dikawasaan ku Ajisaka (=Abu 
Syakya, asal ti nagara Campa)  nu ngajabel nagara ti Dewata Cengkar ku alatan 
tipu muslihat. Titi mangsa taun ka-1 na teh, diawitan ku mangsa dijabelna 
nagara ku Ajisaka (Abu Syakya) tea, nu make candrasangkala "Kunir Awuk Datan 
Dalu" (kun = ingsun = 1; nir = kosong/leungit=0; awuk = tipu-daya = 0; datan = 
teu boga nanaon = 0; dalu = poek = 0) nu dibaca kana angka 00001.   

        Ti harita itungan taun SAKA jeung cacarakan "cenah" digunakeun jadi 
taun jeung aksara nasional (di jamanna), tug nepi ka jaman Sultan Agung, eta 
itungan pananggalan dirobah ku Sultan Agung nya disebut jadi Taun Jawa (ayeuna 
eta tatanan taun ku Tm Kalasunda Abah Ali & rengrengan kang Oca nuju 
diupayakeun dikibarkeun deui nu aslina). 

        Ngan nya kitu tea kulantaran Cacarakan jeung taun Saka dipake jeung 
dipimilik ku dulur ti Jawa, nya ahirna urang Sunda sorangan ge ngaenyakeun, yen 
eta mah bobogaan urang Jawa. Nya jadi lapur atuh jiga urang Sunda teu boga 
tatanan taun jeung "cacarakan" lain bobogaan urang Sunda.

        Memang urang mibanda aksara KAGANGA, tapi can bisa dibuktikeun 
CACARAKAN lain milik urang Sunda, komo deui mun dikaitkeun kana Carita 
Parahyangan, naskah Wangsakerta, nu nganyatakeun yen nu ngababakan ngadirikeun 
Mataram Kuno teh SANJAYA (ti Sunda), nu ngadirikeun Majapahit teh Raden WIJAYA 
(anak Jayadarma) ti Sunda. Wajar mun hasil budayana oge digunakeun, komo deui 
ketang sapulo Jawa harita memang asup kakawasaan Galuh, jadi sok sanajan aya 
atawa dihasilkeun di wewengkon jawa (ayeuna), nya hartina milik Sunda/Galuh 
keneh. 

        Memang legenda teh ku jaman ilmiah kiwari mah can bisa dinyatakeun elmu 
atawa hiji kabeneran sajarah, tapi urang kudu surti yen memang budaya baheula 
mah dina nurunkeun kanyaho teh lolobana liwat budaya adat/tradisi, pantun, 
seni, legenda jsb. Ku kituna legenda bisa dipake awitan pikeun nalungtik sacara 
ilmiah (hipotesa), sabab budaya tulis-menulis kawates pisan nu makena. Nya 
mudah-mudahan kahareup mah bakal loba nu kabuka eta tutungkusan warisan para 
pujangga 
         - nu diteundeun di handeuleum sieum, 
         - nu ditunda di hanjuang siang, sampeureun teundeun piraweuy
         - nu dituruban ku mendepun jeung diwadahan ku mandelar
         - nu diamparan boeh larang jeung ditunda di bojong jalan
         - nu cenah bakal kapendak kunu ngaliwat.

        Tah cenah bakal dibukana oge ku para pujangga, ku nu rancage dihate, 
barang dibuka pating haleuang pating daleungdang.Bakal nimbulkeu rasa milawung 
kancana, loba nu hayang dilalkonkeun.


        Cag ah sakitu heula,
         pun tabe pun

        Engkus,

        --- Pada Rab, 22/10/08, dudi_ss <[EMAIL PROTECTED]> menulis:

          Dari: dudi_ss <[EMAIL PROTECTED]>
          Topik: Re: Bls: [kisunda] Bendara Sunda Versi si kuring
          Kepada: [email protected]
          Tanggal: Rabu, 22 Oktober, 2008, 8:06 PM


          atuh ari kitu mah moal burung "hurup cacarakan" oge asalna ti urang 
nya, eta geuning Prabu Dewata Cengakar-na aya di urang atuh Aji Saka-na ge aya, 
minangka titimangsa di ngawitanana panggalan Saka, taun ka 78 masehi kitu? 

          wassalam
          dudi_ss
            ----- Original Message ----- 
            From: ilen kardani 
            To: [EMAIL PROTECTED] .com 
            Sent: Tuesday, October 21, 2008 2:08 PM
            Subject: Re: Bls: [kisunda] Bendara Sunda Versi si kuring


            Juragan sadayana,

            Kuring kantos mairan ngeunaan bandera Sunda sababaraha waktos 
kapengker pakait sareng pangeling-ngeling pananggalan taun Saka, wirehna 
bandera anu kungsi dikelebetkeun di Galuh nyaeta bandera Sura Suci anu nandaan 
balikna deui kakawasaan Galuh ka Prabu Dewata Cengkar. Sura Suci ayeuna geus 
diterapkeun jadi Bandera Nasional , jadi kudu reueus wirehna Bandera Urang 
Sunda geus dipake jadi simbol nagara, oge disarengan ku dasar nagarana 
Pancasila... ......eta teh nu Urang Sunda, kudu diampihan lamun embung 
diampihan ku deungeun-deungeun balangbangan.

            Kuring mah era ku Sukarno anu sakitu tigin nyepeng pikukuh karuhun 
Sunda.


            ----- Original Message ----
            From: Roza Rahmadjasa Mintaredja <roza.kalasunda@ yahoo.com>
            To: [EMAIL PROTECTED] .com
            Sent: Monday, October 20, 2008 6:15:22 PM
            Subject: Re: Bls: [kisunda] Bendara Sunda Versi si kuring

                  bukti warna hideung sacara universal...
                  baju wasit sepak bola baheula hideung-hideung,
                  keputusan wasit, tetep!
                  teu bisa diganggu gugat...ok?
                  aya ogen di arsitektur/seni mah lambang dignity/wiwaha
                  ari baduy/kanekes geus puguh, tetep 
                  pondok teu meunangdipotong, 
                  panjang teu meunang disambung
                  kabeh tetep pengkuh dina ajaranan
                  ngan pikiraneun teh...
                  naha bet sarua?
                  atawa aya nu mawa mimitina saha?
                  he33x!
                  ...oca tea...

                  --- On Mon, 10/20/08, engkus ruswana <engkusruswana@ 
yahoo.com> wrote:

                    From: engkus ruswana <engkusruswana@ yahoo.com>
                    Subject: Bls: [kisunda] Bendara Sunda Versi si kuring
                    To: [EMAIL PROTECTED] .com
                    Date: Monday, October 20, 2008, 2:23 AM


                          Walaaaah.... ., baruk.... eta mah bandera Arab atuh 
asa kurang pantes mun jadi bandera Sunda, geura tingali bendera nagara Arab 
Saudi, kurang leuwih kitu. Teu aya saeutik ge warna palsapah sunda. Sakanyaho 
kuring hejo mah warna nu teu lumrah dipake keur nyimbulkeun palsapah Sunda, nu 
biasa mah beureum-koneng- bodas-hideung. Kade ah eta mah matak megatkeun 
duduluran jeung ngajadikeun Sunda heureut.

                          Kang Tirta,
                          Leres kang, hideung-bodas teh warna nu biasa dipake 
ngalambangkeun lemah-cai, oge ngandung harti 'tetep dina kasucian' atawa bisa 
oge 'katetapan ti nu Maha Suci', sabab hideung teh ngalambangkeun sipat/watek 
Tetep/kukuh/ pengkuh,
                          bodas ngalambangkeun sipat/watek suci. Tah matak dina 
wayang dilambangkeun kana Semar beungeut bodas badan hideung, nu hartina 
katetepan ti nu Maha Suci,nu mikareueus imahna sanajan butut di Karang 
Tumaritis (lemah cai nu ngarupakeun mandala tempatna nu naritis/sakabeh mahluk 
hirup).  Beda jeung Kresna kabeh awak jeung beungeutna hideung, sedeng Baladewa 
sagalana beureum.

                          cag, rampes.

                          Engkus nun, 

                            
                 

       


   
  . 
   

Kirim email ke