Sumuhun ngiringan Kang Engkus, mangga urang rarapa sasarengan manawi dipayun 
urang tiasa mendakan tungtungna poek ieu, tumiba sareng alam caang. Amiin.. 

wassalam
dudi_ss

  ----- Original Message ----- 
  From: engkus ruswana 
  To: [email protected] 
  Sent: Friday, October 24, 2008 2:33 PM
  Subject: Re: Bls: [kisunda] Bendara Sunda Versi si kuring


        Leres pisan kang ndud, memang tugas urang-urang ayeuna pikeun 
muka-mukakeun, mung memang tutungkusan teh loba pisan, jadi tangtu 
saeutik-saeutik urang sarerea kudu muka-mukakeun, sok sanajan bari ngararaba.

        pun tabe nun

        Engkus,

        --- Pada Kam, 23/10/08, dudi_ss <[EMAIL PROTECTED]> menulis:

          Dari: dudi_ss <[EMAIL PROTECTED]>
          Topik: Re: Bls: [kisunda] Bendara Sunda Versi si kuring
          Kepada: [email protected]
          Tanggal: Kamis, 23 Oktober, 2008, 10:26 PM


           
          Kang Engkus,  anu panungtung anu mukakeun handeuleum teh pan 
urang-urang ieu, mung kudu sabar da puguh elmuna kakara nepi kadieu, pujangga 
teh ceuk babasaan baheula meuereun, da geuing ayeuna istilah eta teh ampir teu 
ka dangu deui. 

          wassalam
          dudi_ss

            ----- Original Message ----- 
            From: engkus ruswana 
            To: [EMAIL PROTECTED] .com 
            Sent: Thursday, October 23, 2008 1:30 PM
            Subject: Re: Bls: [kisunda] Bendara Sunda Versi si kuring


                  Ngiring mairan kang Ndud kang Ilen,

                  Leres pisan eta teh numutkeun legenda lisan/tulisan nu 
dipercaya ku para sepuh, Eta Cacarakan jeung taun Saka teh hasil kamotekaran 
Daniswara (anak Dewata Cengkar), pikeun pangeling-ngeling sanggeus manehna 
dibantu Jugulmuda berhasil ngarebut deui nagara Medang Kamulyan nu dikawasaan 
ku Ajisaka (=Abu Syakya, asal ti nagara Campa)  nu ngajabel nagara ti Dewata 
Cengkar ku alatan tipu muslihat. Titi mangsa taun ka-1 na teh, diawitan ku 
mangsa dijabelna nagara ku Ajisaka (Abu Syakya) tea, nu make candrasangkala 
"Kunir Awuk Datan Dalu" (kun = ingsun = 1; nir = kosong/leungit= 0; awuk = 
tipu-daya = 0; datan = teu boga nanaon = 0; dalu = poek = 0) nu dibaca kana 
angka 00001.   

                  Ti harita itungan taun SAKA jeung cacarakan "cenah" 
digunakeun jadi taun jeung aksara nasional (di jamanna), tug nepi ka jaman 
Sultan Agung, eta itungan pananggalan dirobah ku Sultan Agung nya disebut jadi 
Taun Jawa (ayeuna eta tatanan taun ku Tm Kalasunda Abah Ali & rengrengan kang 
Oca nuju diupayakeun dikibarkeun deui nu aslina). 

                  Ngan nya kitu tea kulantaran Cacarakan jeung taun Saka dipake 
jeung dipimilik ku dulur ti Jawa, nya ahirna urang Sunda sorangan ge 
ngaenyakeun, yen eta mah bobogaan urang Jawa. Nya jadi lapur atuh jiga urang 
Sunda teu boga tatanan taun jeung "cacarakan" lain bobogaan urang Sunda.

                  Memang urang mibanda aksara KAGANGA, tapi can bisa 
dibuktikeun CACARAKAN lain milik urang Sunda, komo deui mun dikaitkeun kana 
Carita Parahyangan, naskah Wangsakerta, nu nganyatakeun yen nu ngababakan 
ngadirikeun Mataram Kuno teh SANJAYA (ti Sunda), nu ngadirikeun Majapahit teh 
Raden WIJAYA (anak Jayadarma) ti Sunda. Wajar mun hasil budayana oge 
digunakeun, komo deui ketang sapulo Jawa harita memang asup kakawasaan Galuh, 
jadi sok sanajan aya atawa dihasilkeun di wewengkon jawa (ayeuna), nya hartina 
milik Sunda/Galuh keneh. 

                  Memang legenda teh ku jaman ilmiah kiwari mah can bisa 
dinyatakeun elmu atawa hiji kabeneran sajarah, tapi urang kudu surti yen memang 
budaya baheula mah dina nurunkeun kanyaho teh lolobana liwat budaya 
adat/tradisi, pantun, seni, legenda jsb. Ku kituna legenda bisa dipake awitan 
pikeun nalungtik sacara ilmiah (hipotesa), sabab budaya tulis-menulis kawates 
pisan nu makena. Nya mudah-mudahan kahareup mah bakal loba nu kabuka eta 
tutungkusan warisan para pujangga 
                   - nu diteundeun di handeuleum sieum, 
                   - nu ditunda di hanjuang siang, sampeureun teundeun piraweuy
                   - nu dituruban ku mendepun jeung diwadahan ku mandelar
                   - nu diamparan boeh larang jeung ditunda di bojong jalan
                   - nu cenah bakal kapendak kunu ngaliwat.

                  Tah cenah bakal dibukana oge ku para pujangga, ku nu rancage 
dihate, barang dibuka pating haleuang pating daleungdang. Bakal nimbulkeu rasa 
milawung kancana, loba nu hayang dilalkonkeun.


                  Cag ah sakitu heula,
                   pun tabe pun

                  Engkus,

                  --- Pada Rab, 22/10/08, dudi_ss <[EMAIL PROTECTED] com> 
menulis:

                    Dari: dudi_ss <[EMAIL PROTECTED] com>
                    Topik: Re: Bls: [kisunda] Bendara Sunda Versi si kuring
                    Kepada: [EMAIL PROTECTED] .com
                    Tanggal: Rabu, 22 Oktober, 2008, 8:06 PM


                    atuh ari kitu mah moal burung "hurup cacarakan" oge asalna 
ti urang nya, eta geuning Prabu Dewata Cengakar-na aya di urang atuh Aji 
Saka-na ge aya, minangka titimangsa di ngawitanana panggalan Saka, taun ka 78 
masehi kitu? 

                    wassalam
                    dudi_ss



                 

            .
             
       


  . 
   

Kirim email ke