gamparan
ulah samar kana babasan universal tea 
"the past is the key to the present" 
paing gampil weh...mun urang tumorojog lalandong ka dokter anu anyar wanoh 
harita keneh, seug si dokter sologoto ukur terang yen urang karaos gering ukur 
nyebatkeun "anu" weh... bari teu naroskeun atanapi marios riwayat pasien. Ujug2 
gejos bae disuntik, gebro dipasihan antibiotik penahan sakit penghilang 
nyeri... antukna si pasien teh sanes damang kalah paeh
 
pan aya paribasa ulah ka dokter Jawa (hapunten karuhun Jawa) nu karak diajar 
Sunda bari jeung komo praktek di tatar sunda tur pasien na teh NINI2 cameot 
(siga uing)....pokna teh:
 "ibhu...ibhu,,,, ieu ubhar nu ditelegh teh nya, ieu
langsung bae hontong asa-asa... soang utawa bherang-bherang iji
beurit iji, jengker isukan..."

isuk2 si NINI jengker langsung...emh karunya

Tabe pun
AMBU


 




________________________________
From: dudi_ss <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Thursday, October 23, 2008 10:26:31 PM
Subject: Re: Bls: [kisunda] Bendara Sunda Versi si kuring


 
Kang Engkus,  anu panungtung anu mukakeun 
handeuleum teh pan urang-urang ieu, mung kudu sabar da puguh elmuna kakara nepi 
kadieu, pujangga teh ceuk babasaan baheula meuereun, da geuing ayeuna istilah 
eta teh ampir teu ka dangu deui. 
 
wassalam
dudi_ss
 
----- Original Message ----- 
From: engkus  ruswana 
To: [EMAIL PROTECTED] .com 
Sent: Thursday, October 23, 2008 1:30  PM
Subject: Re: Bls: [kisunda] Bendara Sunda  Versi si kuring

Ngiring mairan kang Ndud kang Ilen,
 
Leres pisan eta teh numutkeun legenda lisan/tulisan nu dipercaya ku  para 
sepuh, Eta Cacarakan jeung taun Saka teh hasil kamotekaran  Daniswara (anak 
Dewata Cengkar), pikeun pangeling-ngeling sanggeus  manehna dibantu Jugulmuda 
berhasil ngarebut deui nagara Medang  Kamulyan nu dikawasaan ku Ajisaka (=Abu 
Syakya, asal ti  nagara Campa)  nu ngajabel nagara ti Dewata Cengkar ku alatan  
tipu muslihat. Titi mangsa taun ka-1 na teh, diawitan ku  mangsa dijabelna 
nagara ku Ajisaka (Abu Syakya) tea, nu make  candrasangkala "Kunir Awuk Datan 
Dalu" (kun = ingsun = 1; nir =  kosong/leungit= 0; awuk = tipu-daya = 0; datan 
= teu  boga nanaon = 0; dalu = poek = 0) nu dibaca kana angka  00001.   
 
Ti harita itungan taun SAKA jeung cacarakan "cenah" digunakeun jadi  taun jeung 
aksara nasional (di jamanna), tug nepi ka jaman Sultan  Agung, eta itungan 
pananggalan dirobah ku Sultan Agung nya  disebut jadi Taun Jawa (ayeuna eta 
tatanan taun ku Tm  Kalasunda Abah Ali & rengrengan kang Oca nuju diupayakeun  
dikibarkeun deui nu aslina). 
 
Ngan nya kitu tea kulantaran Cacarakan jeung taun Saka dipake  jeung dipimilik 
ku dulur ti Jawa, nya ahirna urang Sunda sorangan ge  ngaenyakeun, yen eta mah 
bobogaan urang Jawa. Nya jadi lapur atuh jiga  urang Sunda teu boga tatanan 
taun jeung "cacarakan" lain bobogaan  urang Sunda.
 
Memang urang mibanda aksara KAGANGA, tapi can bisa dibuktikeun  CACARAKAN lain 
milik urang Sunda, komo deui mun dikaitkeun kana Carita  Parahyangan, naskah 
Wangsakerta, nu nganyatakeun yen nu ngababakan  ngadirikeun Mataram Kuno teh 
SANJAYA (ti Sunda), nu ngadirikeun  Majapahit teh Raden WIJAYA (anak Jayadarma) 
ti Sunda. Wajar mun hasil  budayana oge digunakeun, komo deui ketang sapulo 
Jawa harita memang  asup kakawasaan Galuh, jadi sok sanajan aya atawa 
dihasilkeun di  wewengkon jawa (ayeuna), nya hartina milik Sunda/Galuh 
keneh. 
 
Memang legenda teh ku jaman ilmiah kiwari mah can bisa dinyatakeun  elmu atawa 
hiji kabeneran sajarah, tapi urang kudu surti yen memang  budaya baheula mah 
dina nurunkeun kanyaho teh lolobana liwat budaya  adat/tradisi, pantun, seni, 
legenda jsb. Ku kituna legenda bisa  dipake awitan pikeun nalungtik sacara 
ilmiah (hipotesa), sabab  budaya tulis-menulis kawates pisan nu makena. Nya 
mudah-mudahan  kahareup mah bakal loba nu kabuka eta tutungkusan warisan para 
pujangga 
 - nu diteundeun di handeuleum sieum, 
 - nu ditunda di hanjuang siang, sampeureun teundeun  piraweuy
 - nu dituruban ku mendepun jeung diwadahan ku mandelar
 - nu diamparan boeh larang jeung ditunda di bojong 
jalan
 - nu cenah bakal kapendak kunu ngaliwat.
 
Tah cenah bakal dibukana oge ku para pujangga, ku nu rancage  dihate, barang 
dibuka pating haleuang pating daleungdang. Bakal  nimbulkeu rasa milawung 
kancana, loba nu hayang dilalkonkeun. 
Cag ah sakitu heula,
 pun tabe pun
 
Engkus,

--- Pada Rab, 22/10/08, dudi_ss <[EMAIL PROTECTED] com> menulis:

Dari:  dudi_ss <[EMAIL PROTECTED] com>
Topik: Re: Bls: [kisunda]  Bendara Sunda Versi si kuring
Kepada:  [EMAIL PROTECTED] .com
Tanggal: Rabu, 22 Oktober, 2008, 8:06  PM


atuh ari kitu mah moal burung "hurup  cacarakan" oge asalna ti urang nya, eta 
geuning Prabu Dewata  Cengakar-na aya di urang atuh Aji Saka-na ge aya, 
minangka titimangsa  di ngawitanana panggalan Saka, taun ka 78 masehi kitu? 
 
wassalam
dudi_ss
----- Original Message ----- 
From: ilen kardani 
To: [EMAIL PROTECTED] .com 
Sent: Tuesday, October 21, 2008  2:08 PM
Subject: Re: Bls: [kisunda]  Bendara Sunda Versi si kuring

Juragan sadayana,
 
Kuring kantos mairan ngeunaan bandera Sunda sababaraha waktos  kapengker pakait 
sareng pangeling-ngeling pananggalan taun Saka,  wirehna bandera anu kungsi 
dikelebetkeun di Galuh nyaeta bandera  Sura Suci anu nandaan balikna deui 
kakawasaan Galuh ka Prabu Dewata  Cengkar. Sura Suci ayeuna geus diterapkeun 
jadi Bandera Nasional ,  jadi kudu reueus wirehna Bandera Urang Sunda geus 
dipake jadi simbol  nagara, oge disarengan ku dasar nagarana Pancasila... 
.......eta teh  nu Urang Sunda, kudu diampihan lamun embung diampihan  ku 
deungeun-deungeun balangbangan.
 
Kuring mah era ku Sukarno anu sakitu tigin nyepeng pikukuh  karuhun Sunda.


-----  Original Message ----
From: Roza Rahmadjasa Mintaredja  <roza.kalasunda@ yahoo.com>
To: [EMAIL PROTECTED]  .com
Sent: Monday, October 20, 2008 6:15:22 PM
Subject: Re:  Bls: [kisunda] Bendara Sunda Versi si kuring


bukti warna hideung sacara universal...
baju  wasit sepak bola baheula hideung-hideung,
keputusan wasit,  tetep!
teu bisa diganggu gugat...ok?
aya ogen di  arsitektur/seni mah lambang dignity/wiwaha
ari  baduy/kanekes geus puguh, tetep 
pondok teu meunangdipotong, 
panjang teu meunang  disambung
kabeh tetep pengkuh dina ajaranan
ngan  pikiraneun teh...
naha bet sarua?
atawa aya nu mawa  mimitina saha?
he33x!
...oca tea...

--- On Mon, 10/20/08, engkus ruswana <engkusruswana@  yahoo.com> wrote:

From: engkus  ruswana <engkusruswana@ yahoo.com>
Subject: Bls:  [kisunda] Bendara Sunda Versi si kuring
To:  [EMAIL PROTECTED] .com
Date: Monday, October 20, 2008,  2:23 AM


Walaaaah.... ., baruk.... eta mah bandera Arab  atuh asa kurang pantes mun jadi 
bandera Sunda,  geura tingali bendera nagara Arab Saudi,  kurang leuwih kitu. 
Teu aya saeutik ge warna  palsapah sunda. Sakanyaho kuring hejo mah warna nu 
teu  lumrah dipake keur nyimbulkeun  palsapah Sunda, nu biasa mah 
beureum-koneng-  bodas-hideung. Kade ah eta mah matak megatkeun  duduluran 
jeung ngajadikeun Sunda heureut.
 
Kang Tirta,
Leres kang, hideung-bodas teh warna nu biasa  dipake ngalambangkeun lemah-cai, 
oge ngandung  harti 'tetep dina kasucian' atawa bisa oge  'katetapan ti nu Maha 
Suci', sabab hideung teh  ngalambangkeun sipat/watek Tetep/kukuh/ pengkuh,
bodas ngalambangkeun sipat/watek suci. Tah  matak dina wayang dilambangkeun 
kana  Semar beungeut bodas badan hideung, nu hartina  katetepan ti nu Maha 
Suci,nu mikareueus imahna sanajan  butut di Karang Tumaritis (lemah cai nu 
ngarupakeun  mandala tempatna nu naritis/sakabeh mahluk  hirup).  Beda jeung 
Kresna kabeh awak  jeung beungeutna hideung, sedeng Baladewa sagalana  beureum.
 
cag, rampes.
 
Engkus nun, 

   
 
. 
     


      

Kirim email ke