kang jalak nyerat :
"staying power urang sunda di ieu milis bisa keyeng henteu lamun
 ngabahas hiji pasualan/topik nepi ka tuntas, atawa lumpatna kitu 
imej/image urang sunda nu "tukang ngabodor". Ceuk sababaraha babaturan 
stereotip urang sunda mah teu bisa jadi pamimpin sabab loba heureuyna."

tah iyeu salah sahiji masalah urang sunda anu gaduh "stereotip" goreng.. abdi 
ge ningali urang sunda sohorna dina ngalawak tapi rada "sepi" ti prestasi anu 
sanes.. pendapat abdi, lamun stereotip urang sunda ayeuna kurang sae, urang 
sadayana kudu ngadamel stereotip anyar sapertos adolf hitler "ngabentuk bangsa 
jerman anu arya" padahal harita kakara eleh perang

--- On Thu, 12/9/10, Jalak Pakuan <[email protected]> wrote:

From: Jalak Pakuan <[email protected]>
Subject: Sindrom Luar  Leor? Bls: [kisunda] Psikologi jeung Kapamimpinan
To: [email protected]
Date: Thursday, December 9, 2010, 11:27 PM







 



  


    
      
      
      Sae KO pami seueur topik bahasan, tapi  kapan ceuk babasaan "menu 
dahareun salawasna leuwih loba batan kamampuan ngadahar",  bisa2 sanes 
kamerkaan deui tapi nepi ka utah. Kitu oge dina ngabahas ari luar leor 
kamana-mana bari teu araranggeus ngabahasna mah asa manglebarkeun sabab 
numutkeun sim kuring nu narulis di milis baroga uteuk, pangalaman nu hade. Teu 
puguh naon nu kaala dina padungdengan lian ti pagetreng pahereng2, mending 
lamun nepi ka "sepakat dina perbedaan". Ari ieu mah lus les teu jelas. Memang 
hakna narulis tapi lamun niat hade mah kapan dina rapat moal jadi nanaon lamun 
hujan interupsi, interupsi diinterupsi terus we nepi ka poho kana substansi nu 
dibahas, dirapatkeun.

Ah sakalian we kuring nek nempo konsistensi, staying power urang sunda di ieu 
milis bisa keyeng henteu lamun
 ngabahas hiji pasualan/topik nepi ka tuntas, atawa lumpatna kitu imej/image 
urang sunda nu "tukang ngabodor". Ceuk sababaraha babaturan stereotip urang 
sunda mah teu bisa jadi pamimpin sabab loba heureuyna.

Kurang leuwihna nyuhunkeun dihapunten ka sadaya bilih nyugak ngaraheutkeun 
intelektual, psikis, hargadiri asa dipapatahan. Anapon KO ditulis sanes 
khususon ka KO, pedah kenal we jembar manahna jeung moderator deuih jadi apal 
maksud tulisan ieu.

salam,
wilujeng jumaahan ka nu muslim
JP
 Makarya Mawa Raharja

Dari: oman abdurahman <[email protected]>
Kepada: [email protected]
Terkirim: Jum, 10 Desember, 2010 09:56:49
Judul: [kisunda] Psikologi jeung Kapamimpinan








 



    
      
      
      Baraya,

Ngabageakeun Mh anu geus ngamimitian posting guaran ilmiah populer ngeunaan 
psikologi atawa kajiwaan, si kuring kacida bungahna lamun di milist kisunda 
digedekeun guaran-guaran perkara psikologi atawa kajiwaan. Aya hadena 
sababaraha dulur urang anu parigel atawa anu widang akademisna urusan kajiwaan 
ieu diajak aktif atawa dihaturanan icikibung di ieu milist.


Apan ceuk sawatara ahli, aya 4 disiplin elmu anu wajib dipikawanoh tur 
dilarapkeun kalawan parigel ku hiji pamimpin, lamun kapamimpinanana hayang 
sukses. Anu opat teh nyaeta: filsafat, hukum, psikologi jeung komunikasi. Keun 
lah elmu2 alam jeung sosial sejenna mah loba ahlina, kari ngamenej wae. Tapi 
anu 4 eta mah mutlak kudu aya di hiji pamimpin.


Mangga dilajengkeun.

manar





    
     








    
     

    
    


 



  






      

Kirim email ke