Sanggeur adolf hitler "ngabentuk bangsa jerman any anrya" teu lila bangsa jerman eleh bari jeung balangsak tina perang dunya kadua. Untung teu tumpur oge. Malah ayeuna bangsa Jerman kaasup bangsa anu maju pisan.
Kade ah urang Sunda mah ulah kabawa ku sakaba-kaba hehehe (ti baheula eta "sakaba-kaba" jeung "ma onam" dipikasieun bari jeung teu puguh ayana, siga "jalan kasampangan" oge teu aya di kota mana wae oge :) ). Bisi tumpur. manar 2010/12/10 Firman Syafei <[email protected]> > > > tah iyeu salah sahiji masalah urang sunda anu gaduh "stereotip" goreng.. > abdi ge ningali urang sunda sohorna dina ngalawak tapi rada "sepi" ti > prestasi anu sanes.. pendapat abdi, lamun stereotip urang sunda ayeuna > kurang sae, urang sadayana kudu ngadamel stereotip anyar sapertos adolf > hitler "ngabentuk bangsa jerman anu arya" padahal harita kakara eleh perang > > > --- On *Thu, 12/9/10, Jalak Pakuan <[email protected]>* wrote: > > > From: Jalak Pakuan <[email protected]> > Subject: Sindrom Luar Leor? Bls: [kisunda] Psikologi jeung Kapamimpinan > To: [email protected] > Date: Thursday, December 9, 2010, 11:27 PM > > > > Sae KO pami seueur topik bahasan, tapi kapan ceuk babasaan "menu dahareun > salawasna leuwih loba batan kamampuan ngadahar", bisa2 sanes kamerkaan deui > tapi nepi ka utah. Kitu oge dina ngabahas ari luar leor kamana-mana bari teu > araranggeus ngabahasna mah asa manglebarkeun sabab numutkeun sim kuring nu > narulis di milis baroga uteuk, pangalaman nu hade. Teu puguh naon nu kaala > dina padungdengan lian ti pagetreng pahereng2, mending lamun nepi ka > "sepakat dina perbedaan". Ari ieu mah lus les teu jelas. Memang hakna > narulis tapi lamun niat hade mah kapan dina rapat moal jadi nanaon lamun > hujan interupsi, interupsi diinterupsi terus we nepi ka poho kana substansi > nu dibahas, dirapatkeun. > > > Ah sakalian we kuring nek nempo konsistensi, staying power urang sunda di > ieu milis bisa keyeng henteu lamun ngabahas hiji pasualan/topik nepi ka > tuntas, atawa lumpatna kitu imej/image urang sunda nu "tukang ngabodor". > Ceuk sababaraha babaturan stereotip urang sunda mah teu bisa jadi pamimpin > sabab loba heureuyna. > > Kurang leuwihna nyuhunkeun dihapunten ka sadaya bilih nyugak ngaraheutkeun > intelektual, psikis, hargadiri asa dipapatahan. Anapon KO ditulis sanes > khususon ka KO, pedah kenal we jembar manahna jeung moderator deuih jadi > apal maksud tulisan ieu. > > salam, > wilujeng jumaahan ka nu muslim > JP > > Makarya Mawa Raharja > > > ------------------------------ > *Dari:* oman abdurahman <[email protected]> > *Kepada:* [email protected] > *Terkirim:* Jum, 10 Desember, 2010 09:56:49 > *Judul:* [kisunda] Psikologi jeung Kapamimpinan > > > > Baraya, > > Ngabageakeun Mh anu geus ngamimitian posting guaran ilmiah populer ngeunaan > psikologi atawa kajiwaan, si kuring kacida bungahna lamun di milist kisunda > digedekeun guaran-guaran perkara psikologi atawa kajiwaan. Aya hadena > sababaraha dulur urang anu parigel atawa anu widang akademisna urusan > kajiwaan ieu diajak aktif atawa dihaturanan icikibung di ieu milist. > > Apan ceuk sawatara ahli, aya 4 disiplin elmu anu wajib dipikawanoh tur > dilarapkeun kalawan parigel ku hiji pamimpin, lamun kapamimpinanana hayang > sukses. Anu opat teh nyaeta: filsafat, hukum, psikologi jeung komunikasi. > Keun lah elmu2 alam jeung sosial sejenna mah loba ahlina, kari ngamenej wae. > Tapi anu 4 eta mah mutlak kudu aya di hiji pamimpin. > > Mangga dilajengkeun. > > manar > > > > > >
