Teuh nya baraya...ceuk kuring oge lamun ngomongkeun si kabayan pasti rame urang sunda ngaluarkeun kahadean2ana, nu ceuk kuring "cerdas kawas abunawas". Moal ragu lah papada urang sunda mah loba nu kaala, picontoeun kana kahadean si kabayan..... Ngan balik deui ka masalah poko, keur diluar mah stereotip si kabayan teh jalma pangedulan, nu ditapelkeun kana imej, citra, gambaran urang sunda kiwari.
Lamun disebut urang sunda burudul kaluar imej nu pasti lain Ali Sadikin, Mochtar/Sarwono Kusumaatmaja, Teten Masudi atawa Faisal Basri....tapi si kabayan, oneng, sule..... Lamun kitu kaayaanana nya wayahna lamun hese mun ulubiung nyarita kapamimpinan, katauladanan jste. Kitu tah baraya, poma ulah salah harti kuring ngahandapkeun harti si kabayan. Percaya lah lamun urang ngabahas sundaland terus seler sejen ngabayangkeun tokoh sunda Ir H. Juanda & Mochtar Kusumaatmaja pasti sajarawan urang jawa mikir sarebukali memeh rek komentar "kabeneran we sejarawan bule panggih jeung urang sunda tuluy mere ngaran sundaland. Tapi meureun nu kabayang si kabayan, oneng, sule.....nyaaaa kitu lah kajadianana. cag JP Makarya Mawa Raharja ________________________________ Dari: Dudi Herlianto <[email protected]> Kepada: [email protected] Terkirim: Jum, 10 Desember, 2010 16:59:37 Judul: Re: Sindrom Luar Leor? Bls: [kisunda] Psikologi jeung Kapamimpinan walah mantap, mang. kumaha lamun eta thesis teh dijantenkeun buku popiler (cek mangle mah ieu teh basa sundana populer :p) cara thesis heubeul urang walanda ngeunaan kabayan tea. si kabayan ge jadi kedulna teh sanggeus jadi minantuna si abah. pan cek film mah basa si kabayan bubujangan gawena teh di kebon terus. nepi ka datang urang batawi (diperankeun ku tokoh batawi paling kawentar, bang ben), nu hayang meuli tanah tea. si kabayan mah hade, henteu hejo kana duit. najan dibibita duit sagunung, manehna keukeuh moal ngajual taneuh warisan karuhunna... :p tuh pan cek saha si kabayan goreng? haha 2010/12/10 oman abdurahman <[email protected]> >Keur ceu Otih mah carita si Kabayan teh jadi thesis S2-na, bejana rek >diteruskeun ka S3-na. Jadi alih-alih dieundeuk-eundeuk, malah folklor nu aya >teh >dimanfaatkeun. > >Kang Dudi, alesan sejenna: supaya ati-ati nya milih minantu (keur nu rek jadi >mitoha); atawa sing ati-ati dina milih mitoha (keur anu dina posisi salaku "si >kabayan"). > > >manar > >
