Kang ieu mah iseng we, nyelangan waktu luang. Judulna mah Kian Santang we lah veri kuring sorangan he..he..
________________________________ Dari: Ki Hasan <[email protected]> Kepada: [email protected] Dikirim: Selasa, 29 Mei 2012 19:03 Judul: Re: [kisunda] CARITA MASYARAKAT UMUM (BAGIAN KA 3) Tah kitu, ngarah rada tambah lebar panyawangan kana basa Sunda teh. Aya hadena mun dijudulan nu merenah, salayu jeungeusina 2012/5/29 Sp Saprudin <[email protected]> > >Tulisan ngangge basa Sunda dialek Banten Kidul (Basa Sunda Banten Kidul rada >saeutik halus, batan basa Sunda Banten Kaler) >Mangga nyanggakeun : > >Puguh bae Kian Santang hanteu ngarti kana omongan si Jalma, tapi si Jalma >malah nyerengeh seuri terus ngomong ku basa sunda "Hmm mun kitu mah make basa >sunda bae nyah, ambeh kumaneh ngarti" ceuk si Jalma ka Kian Santang. Ngadenge >omongan si Jalma, gebeg Kian Santang rada molongo, hatena ngagerentes "Jurig! >Sugan aing hanteu ngarti, geuning dia bisa basa aing!" laju Kian Santang >nembalan "Hehe...dulur, tatadi ngomongna, hulu aing jadi mikir, sugan aing >mah dia teu ngarti, geuning bisa ngomong basa aing he..he..he...." Meunang >jawaban kitu ti Kian Santang si Jalma ngan ukur mesem laju ngomong deui >"Hmmm...aing sabenerna geus nyaho kana pamaksudan kumaneh. Ari kumaneh bener >boga ngaran Kian Santang? ceuk si Jalma. Dijawab ku Kian Santang "Geus nyaho >dia kana pamaksudan aing? Wah hebring geuning dia boga elmu tarawang, dia lain >jalma samanea nyaho kana pamaksudan aing. Heueuh teu nyalahan ngaran aing Kian >Santang anakna Prabu Siliwangi raja Pajajaran, ari dia sorangan saha ngaran?" ceuk Kian Santang ka si Jalma. Laju si Jalma ngajak Kian Santang ka imahna anu aya hareupeun pirunan seuneu "Supaya ngobrolna ngeunaheun, yu urang ngobrolna di imah" ceuk si Jalam ngajak asup ka jero imah. "Atuh hayu, tatadi aing hayang geura kokojoran, ieu bitis suku geus teu kuat paregel. Ari dia boga dahareun, ieu beuteung aing geus peurih hayang dahar, ti isuk beuteung aing can kaasupan kejo" ceuk Kian Santang beungeutna katenjo rada sepa nahan lapar. >Dijero imah geus sadia samak anu dijieun tina kulit domba anu >ditengahna aya dahareun aya buah korma jeung roti gandum jeung ceret wadah cai >dibaturan ku dua emuk gigireuna. Nempo kadaharan geus nembrak, Kian Santang >ngomong "Lur, eta dahareun pikeun saha, meunang teu aing ngasaan eta dahareun, >geus teu kuat yeuh beuteung" ceuk Kian Santang ka si Jalma. Ceuk si Jalma >"Lain pikeun sasaha, hop bae dahar ku kumaneh saseubeuhna". Ngadenge titahan >ngadahar eta dahareun, atuh geup bae nyomot buah korma bari ngomong "Ari ieu >buah naon, siga buah pinang tapi rada leutik, eh ieu mah amis, ari buah pinang >mah kulitna pait, ari sikina sok diparake nyeupah ku awewe". Ditembal ku si >Jalma "Eta ngarana buah korma, di Pajajaran mah moal aya, paling oge aya buah >kacapi jeung buah manggu. Mun ngadahar buah kacapi sok hese ngising nya?. >Ditembal ku Kian Santang "Heueuh nyahoan bae dia mah" bari sungutna pinuh ku >buah korma bakating ku lapar, bari panonna peureum benta ngaraskeun amisna buah korma. > >Hanca deui............ > > > > > > >
