Singket carita Kian Santang geus dibekelan elmu agama ku Saidina Ali saterusna 
dina bulan Zulhijah Kian Santang ngalaksanakeun haji. Beres tolab elmu jeung 
haji, Kian Santang menta idin ka Saidina Ali arek balik deui ka tanah 
Pajajaran. "Kangjeng Saidina Ali, kula geus narima  elmu syariat agama, 
mudah-mudahan ieu elmu agama anu geus ku kula ditarima Allah ridha, jeung sing 
aya manfaatna pikeun kula sorangan jeung jalma balarea, ayeuna kula arek balik 
deui ka Pajajaran, geus lila teu panggih dahar kejo beureum, meureun ambu jeung 
abah di imah nungguan kula. Ngadenge omongan kitu ti Kian Santang, Saidina Ali 
ngomong : "Syukur Alhamdulillah, kami ngidinan kumaneh balik deui ka Pajajaran, 
omat ulah poho kanu geus diajarkeun ku kami ka kumaneh, pake jeung regepkeun 
sarta buktikeun dina laku lampah sapopoe sangkan sajalan, saluyu, sauyunan 
antara ucapan jeung paripolah. Awas ulah poho mun aya dulur-dulur di tanah 
Pajajaran hayang asup Islam sanggeus
 ngucapkeun dua kalimah sahadat "أشهد أن لا إله إلا الله وأشهد أن محمدا رسول 
الله  " laju kudu disunatan. Singhade nyunatanana, piceun kulit tungtungna, 
ulah dibeakkeun. Ayeuna jiga geura indit ka tanah Pajajaran, kami ngado'akeun 
sing salamet di jalan jeung sampe ka imah". Laju Kian Santang kaluar imah, geus 
di luar imah maneh rurat-reret ka gigireun imah neangan nyiru anu digantungkeun 
di gigireun imah, terus maneh nyokot nyiru, eta nyiru ditembrakeun terus maneh 
diuk di luhur nyiru, geus kitu nyiru hiber ka awang-awang tarik pisan 
"SIUUUUUUUUUUUUUUUUUUUUUUUUUUUUUUUUUUUUUUUUUUUUT!!!"
 
Hanca..........
 
 















 
      

Kirim email ke