"Bagong!!Jurig Gunung Salak!!! Kalah kangising aing!!! Iteuk naon ieu, pageuh amat dicabutna" Kian Santang ngagurundel sorangan nyabut iteuk teu kacabut sampe modol dina jero calana. "Aduh sampe ka ngising aing, aduh bau amat" laju leungeunna muka kolor ngaluarkeun tai anu ngaburayut terus eta tai diwadahan kana palapah korma anu aya di buruan imah, geus kitu lung dialungkeun kasisi buruan. "Aing moal eleh akal, maenya aing eleh ku iteuk sagede turus kacang. Apa kata dunia!!! Aing boga elmu pamake anu henteu aya tandingana di tanah Pajajaran. Ayeuna aing rek make elmu angin haliwu (angin ribut). Yeuh ulah sambat kaniaya" Sakabeh awak Kian Santang ramisak ku kesang badag, terus Kian Santang mapatkeun elmu angin haliwu " Kulhu Darga Balik Satru, Jalma Mara Jalma Mati, Syetan Mara Syetan Mati, Iblis Mara Iblis Mati, Gajah Mara Gajah Mati, Seja Ala Seja Mati, Gusti Murbening Alam, Ieu iteuk kudu taluk ka aing. Heuuuuuuuup, Hiaaaaaaaaaaaaaaaaaaaat!!!!" tapi eta iteuk lain kacabut malah awakna Kian Santang sateungah awak nanceb ka jero taneuh. Nenjo awakna nanceb kana jero taneuh, manehna jadi bingung, hatena ngagerentes "Ieu mah bener lain iteuk samanea, ah saumur hirup kakarak aing ngarasakeun elmu pamake aing teu terak. Karang anu sakitu teuasna ku aing bisa dibelah, cai bisa dibendung ku aing, ieu mah iteuk geus dicabut make elmu pangluhurna teu kacabut", laju Kian Santang gegeroan "Jalma! Jalmaaaaaaaa!!!! anu digeroan norojol dijero imah nyamperkeun Kian Santang anu aya di buruan imah. Jalma reuwas nenjo Kian Santang sateungah awak nanceb kana taneuh "Astagfirullah......kumaneh nanaonan eta awak bisa nanceb kitu?". Ceuk Kian Santang "Aduh jalma, aing teu kawawa, ieu iteuk dia dieusian elmu naon, aing taluk teu bisa nyabut ieu iteuk. Tulungan aing, ieu awak aing pangangkatkeun kaluhur". Eta Jalma mesem bae "Maeunya iteuk sakitu leutikna teu kacabut" terus si Jalma nyekelan leungeun Kian Santang jeung iteuk kudua beulah leungeunna bari ngucapkeun "بسم الله الرحمن الرحيم , geuning ieu gampang" Kian Santang jeung iteuk bisa diangkat ku eta Jalma, terus Jalam umba ambe irungna ngambe bau tai "Aduh, siga bau tai, naon kumaneh ngising?" ceuk Jalma nanya Kian Santang, anu ditanya ngan ah uh ngulahek bari diuk sirahna ngeluk ngarasakeun kacape, bari nembalan "Huh...huh .... hmm.....kakarak aing ngarasakeun eleh tanding ku iteuk". Jalma mesem terus ngomong "Kumaneh hayang nyaho ngaran kami jeung Saidina Ali" Ditembalan ku Kian Santang "Heueuh geura bejakeun". Ceuk Jalma "Jelema anu diteangan ku kumaneh anu ngaranna Saidina Ali ayeuna aya dihareupeun kumaneh, اسمي علي، هذا هو الشخص الذي تبحث عنه ....". Gebeg bae Kian Santang matana molotot siga mata lauk peda, awakna ngulahek leuleus siga kapuk kaibunan. Hanca deui
