Di awang-awang hiber dina nyiru, Kian Santang nitahakan anca hiberna ka nyiru "Nyiru, anca bae hiberna, sangkan kula bisa nenjo kahandap, santai bae lah, bisa nenggar gunung siga Sukhoi SJ 100". Ceuk Nyiru "Heueuh ari kitu mah, kula ge hayang tunja tenjo ka handap". Disapanjang jalan eta Kian Santang henteu pegat-pegat ngahariring nembangkeun Shalawat Nabi, kieu shalawatna : اَللَّهُمَّ صَلِّ عَلَى سيدنا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِ سيدنا مُحَمَّدٍ كَمَا صَلَّيْتَ عَلَى سيدنا إِبْرَاهِيْمَ وَعَلَى آلِ سيدنا إِبْرَاهِيْمَ و بَارِكْ عَلَى سيدنا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِ سيدنا مُحَمَّدٍ كَمَا بَارَكْتَ عَلَى سيدنا إِبْرَاهِيْمَ وَعَلَى آلِ سيدنا إِبْرَاهِيْمَ في العالمين إِنَّكَ حَمِيْدُ مَجِيْدٌ Sakapeung nenjo kahandap bari ngucapkeun kalimah tasbih "سبحان الله " ," الله أكبر " sampe ratusan kali nepi ka sungutna baseh. Dikajauhan lapat-lapat katenjo gunung rakat (Krakatu), Kian Santang ngomong ka nyiru "Nyiru, tuh geuning geus katenjo gunung rakat, hartina ieu lalampahan urang geus deukeut ka tanah Pajajaran, ilik tuh ku dia, katenjo teu" ceuk Kian Santang. Teus manehna ngomong deui ka nyiru "Nyiru, kamana heula ieu kula kudu moro, ka imah heula atawa ka ajeungan di Cirebon?" ceuk Kian Santang nanya ka Nyiru, ditembal ku Nyiru "Ah ceuk kula mah moro ka imah heula, timuan kolot, ja kolot meureun geus nungguan bae". Kian Santang rada mikir heula saeutik terus maneh ngomong deui "Bener dia Nyiru, kula kudu timu heula jeung kolot, sakalian hayang dahar kejo beureum" ceuk Kian Santang. Sanggeus ngaliwatan tanda nyaeta gunung Rakata, teu lila katenjo Gunung Salah anu mangrupakeun tanda tanah Pajajaran "Wih, Nyiru tenjo tuh ku dia, sakeudeung deui sampe, he..he..he.. Abaaaaaaaaaaah................Emaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaa...........yeuh anak arek datang ka imah!!!" Hanca ..........
