Sanggeus Kian Santang disunatan, kayaan awak Kian Santang sehat, waras 
waringkas, daharna gembul. Kwari manehna mun ngagero Saidina Ali henteu make 
kecap "dia" kawari ngagerona "Kangjeng Saidina Ali" jeung kecap "aing" diganti 
jadi "kula". Hiji mangsa Kian Santang nanya ka Saidina Ali "Kangjeng Saidina 
Ali, coba kula bere elmu agama pikeun kula sorang,an jeung jagating pageto mun 
kula boga elmu agama bisa diturunkeun ka anak jeung pamajikan sarta jalma rea". 
Ceuk Saidina Ali "Insya Allah, kami baris nurunkeun elmu agama ka kumaneh".
Ti harita Saidina Ali ngagembleng Kian Santang ku elmu syareat agama Islam, 
antarana : Elmu kaimanan, elmu akhlaq, Fiqh jeung sajabana, ditumprakeun ka 
Kian Santang. Saidinia Ali nukilken salah sahiji hadits Nabi ngenaan dasar 
Islam. Ceuk Saidina Ali ka Kian Santang "Santang, coba regepkeun jeung 
dengekeun ieu hadits Nabi ngenaan dasar-dasar Islam, kieu dawuhan Nabi : 
بَيْنَمَا نَحْنُ عِنْدَ رَسُولِ اللَّهِ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ ذَاتَ 
يَوْمٍ إِذْ طَلَعَ عَلَيْنَا رَجُلٌ شَدِيدُ بَيَاضِ الثِّيَابِ شَدِيدُ سَوَادِ 
الشَّعَرِ لَا يُرَى عَلَيْهِ أَثَرُ السَّفَرِ وَلَا يَعْرِفُهُ مِنَّا أَحَدٌ 
حَتَّى جَلَسَ إِلَى النَّبِيِّ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ فَأَسْنَدَ 
رُكْبَتَيْهِ إِلَى رُكْبَتَيْهِ وَوَضَعَ كَفَّيْهِ عَلَى فَخِذَيْهِ وَقَالَ يَا 
مُحَمَّدُ أَخْبِرْنِي عَنْ الْإِسْلَامِ فَقَالَ رَسُولُ اللَّهِ صَلَّى اللَّهُ 
عَلَيْهِ وَسَلَّمَ الْإِسْلَامُ أَنْ
 تَشْهَدَ أَنْ لَا إِلَهَ إِلَّا اللَّهُ وَأَنَّ مُحَمَّدًا رَسُولُ اللَّهِ 
صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ وَتُقِيمَ الصَّلَاةَ وَتُؤْتِيَ الزَّكَاةَ 
وَتَصُومَ رَمَضَانَ وَتَحُجَّ الْبَيْتَ إِنْ اسْتَطَعْتَ إِلَيْهِ سَبِيلًا 
قَالَ صَدَقْتَ قَالَ فَعَجِبْنَا لَهُ يَسْأَلُهُ وَيُصَدِّقُهُ قَالَ 
فَأَخْبِرْنِي عَنْ الْإِيمَانِ قَالَ أَنْ تُؤْمِنَ بِاللَّهِ وَمَلَائِكَتِهِ 
وَكُتُبِهِ وَرُسُلِهِ وَالْيَوْمِ الْآخِرِ وَتُؤْمِنَ بِالْقَدَرِ خَيْرِهِ 
وَشَرِّهِ قَالَ صَدَقْتَ قَالَ فَأَخْبِرْنِي عَنْ الْإِحْسَانِ
 قَالَ أَنْ تَعْبُدَ اللَّهَ كَأَنَّكَ تَرَاهُ فَإِنْ لَمْ تَكُنْ تَرَاهُ 
فَإِنَّهُ يَرَاكَ قَالَ فَأَخْبِرْنِي عَنْ السَّاعَةِ قَالَ مَا الْمَسْئُولُ 
عَنْهَا بِأَعْلَمَ مِنْ السَّائِلِ قَالَ فَأَخْبِرْنِي عَنْ أَمَارَتِهَا قَالَ 
أَنْ تَلِدَ الْأَمَةُ رَبَّتَهَا وَأَنْ تَرَى الْحُفَاةَ الْعُرَاةَ الْعَالَةَ 
رِعَاءَ الشَّاءِ يَتَطَاوَلُونَ فِي الْبُنْيَانِ قَالَ ثُمَّ انْطَلَقَ 
فَلَبِثْتُ مَلِيًّا ثُمَّ قَالَ لِي يَا عُمَرُ أَتَدْرِي مَنْ السَّائِلُ قُلْتُ 
اللَّهُ وَرَسُولُهُ أَعْلَمُ قَالَ فَإِنَّهُ جِبْرِيلُ
 أَتَاكُمْ يُعَلِّمُكُمْ دِينَكُمْ
 
Kian Santang teu puguh denge bari gagaro teu atel ja teu ngarti basa Arab ngan 
bisa molongo bae, panonna teu ngicep-ngicep nenjo kana baham Saidina Ali anu 
ngucapkeun eta hadits, terus manehna menta diterangkeun harti eta hadits "Aduh 
Saidina Ali, kula iheng, poek mongkleng teu ngarti naon anu diomongkeun ku 
Kangjeng Saidina Ali". Saidina Ali ngan mesem bae bari ngomong "Hmmm....nya ari 
kitu mah, kami bakal ngartikeun eta hadits, sangkan kumaneh faham. Tapi 
tengetkeun bae ku kumeneh, dengekeun ku dua ceuli. Ulah ieu didengekeun ku 
ceuli katuhu, kaluar ti ceuli kenca. Dengekeun jeung reugeupkeun terus simpen 
dina utek, sabab utek tempat nyimpen elmu"
 
Hanca............
 
 

  


 

    

     

     
      

Kirim email ke