"Nyiru tuh tenjo, gunung Salak geus kajeueung, tuh tenjo gawir gunung jiga 
longsor eta meureun tapak Sukhoi nenggar gunung" Kian Santang noroweco bakating 
ku bungah hayang geura katimuan jeung kolotna nyaeta Prabu Siliwangi. Nyiru 
kakalayangan di luhureun tanah Pajajaran neangan tempat anu lemprah deukeut 
Bale Karajaan pikeun landing, ja harita tanah Pajajaran loba tangkal kaung anu 
narangtung anjreg. Kiwari anu keteulah Bogor tea, ceuk pinutur kolot ngaran 
"Bogor" nyokot tina kecap tunggul kaung, jadi tunggul kaung hartina 
"Bogor/Pogor". Geus manggih tempat anu lemprah kakarak eta Nyiru ngahandapan 
enteup di tempat anu lemprah. Kian Santang turun dina nyiru, moro ka Bale 
Karajaan anu mana harita kolotna aya dijero. Pas hareupeun panto gerbang Kian 
Santang uluk salam " السلام عليكم      ................. السلام عليكم" anu di 
jero murudul kalaluar ngadenge sora Kian Santang. Harita indungna anu 
pangheulana nyamperkeun terus
 ngagabrug Kiang Santang "Anaking anak ema, jago, jimat.... kamana bae 
leuleumpangan (lalampahan), ema teu weleh-weleh nyambat Sang Hiyang Widi 
sangkan anak ema dipaparinan kasalametan jeung kasehatan". Teu lila Prabu 
Siliwangi "Wah anak abah lampar lalampahana, sakebel ieu euweuh beja ti kaler, 
ti kidul, ti wetan aya dimana cicingna, ja geuning mun Gusti Hyang 
Widi ngaraksa ka makhluq-Na, ja singhoreng morojol sorangan, he..he.. kadieu 
anaking anak abah" terus ngarangkul Kian Santang. Ceuk Kian Santang "الحمد لله 
رب العالمين " ieu teh Allah Swt. anu geus ngaraksa abdi". Ngadenge ucapan anu 
rada aneh anakna, eta kolotna mencrong bari ngomong "Ari maneh ngomong naon, 
saha Allah teh". Ceuk Kian Santang "Bah jeung Ema, hartina الحمد لله رب 
العالمين   teh nyaeta Sagala Puji Kangge Allah, Pangeran Murbeng Alam. Allah 
anu ngaraksa alam dunya ieu, anu ngaraksa sakabeh makhluq anu hirup di alam 
dunya kaasup
 tatangkalan, jukut, sampe ka sireum anu leutik eta henteu luput dina 
pangawasaan Allah". Eta kadua kolotna bingung "Santang, santang, basa maneh 
iheng Abah jeung Ema mah, sugan maneh kaliwara ku jurig jarian atawa jurig 
gunung salak, sok disembor heula kucai" terus Prabu Siliwangi nyiduk cai ku 
gayung ina gentong gede terus dicicikeun kana cangkok (muk/gelas) geus kitu 
kunyam kenyom mapatkeun jampe harupat rek ngubaran Kian Santang, ja pikiran 
kolotna Kian Santang kasantab ku jurig. Nempo kolotna kitu, Kian Santang nolak 
bari ngomong  Bah, Ema "يا الله اغفر لنا   إستغفار " Bah, Ema ucapkeun ieu 
kalimah "أشهد أن لا إله إلا الله وأشهد أن محمدا رسول الله ". Terus ceuk Prabu 
Siliwangi "Waduh ieu budak bener kasantab jurig, omongan geus teu kaharti" 
leungeun nyekel cangkok terus caina diuyup geus kitu diburakeun kana beunget 
Kian Santang bruuuuuuuuuuuuus bari ngabentak  "Haling dia jurig,
 tong ngaganggu anak aing, saha dia anu asup kana awak anak aing!!!" Eta Kian 
Santang dibura ku kolotna kalah ngagakgak (ngabarakatak) seuri bari ngomong 
"Bah eta caina bau jengkol, abah tos dahar jengkol nya?"
 
Hanca............. 
_.___
Reply to sender | Reply to group | Reply via web post | Start a New Topic  
Messages in this topic (19)  
Recent Activity:        * New Members 2   
Visit Your Group   
 
Switch to: Text-Only, Daily Digest • Unsubscribe • Terms of Use     
.   

      

Kirim email ke