Kang Udin, aya saran saeutik ti uing nya. Cobaan geura nulisna rada diatur paragraf demi paragraf. Saparagrafna tong panjang teuing. Cukup lima genep baris tiap paragraf. Bakal rada genaheun geura macana. Mun paragrafna panjang teuing, rada cape macana.
2012/6/22 Sp Saprudin <[email protected]> > ** > > > Teurang babacakan? Istilah umum basa sunda nyaeta botram, di lembur kuring > disebut babacakan. Aya deui picaritaeun, kieu caritana. Poe minggu harita > si Udin jeung babaturanana opatan badami rek ngayakeun babacakan di sisi > basisir. Si Joni purah nyieun timbel, si Dede purah nyieun sambel jeung > bumbu, si Edi purah nyieun inuman, si Didi purah neangan kecrik, jeung si > Udin purah neangan pilaukeun. Geus meunang tugas masing-masing, ngan si > Udin anu rada bingung neangan pilaukeun ja harita keur tongpes. "Dak ari > laukna naon nya? ceuk Udin kababaturanana, ditembal ku babaturanana "Lauk > naon be lah, mun bisa mah daging hayam". Ceuk Udin "Be daria mah gaya make > daging hayam sagala, biasana ge lauk asin peda". Baturanan nembal bareng > "Sakali-kali atuh gaya Din, maenya rek babacakan nu tara unggal poe jeung > beuleum peda asin?". Udin gagaro teu ateul "Heueuh lah, ke aing rek nyiar > hayamna". Geus baradami meunang tugas masing-masing, si Udin balik ka Imah. > Harita si Udin cicing jeung diurusan ku Nini Akina, ceuk beja dititipkeun > ku kolotna da teu kuat ngurusanana ku bangor tea, kolotna harita tugasna di > Bandung ja jadi soldadu. Geus boga dasar bangor tea, si Udin teu leungiteun > akal, di imah manehna neangan beas jeung tali rapia. "Ma nyuhunkeun beas > sakedik be" ceuk si Udin ka nini na. Ceuk nini na "Keur naon beas Din?. > Ceuk si Udin "Kangge nambahan damel timbel, da barudak ngajak babacakan ka > basisir". Ceuk nini na "Tuh nyandak di goha dina pamean". Koloyor si Udin > ka pemean nyokot beas sagelaseun. Geus menang beas sageulas manehna terus > neangan tali rapia, kabeneran di goha aya tali rapia urut tali karung beas, > terus neangan peso ka dapur, geus kitu "Ma abdi bade ka rorompok babaturan > heula" leos maneh ka luar imah. Si Udin lain lempang ka imah babaturanana, > tapi ka tempat jarian (tempat miceun runtah), ja didinya tempat hayam > arulin. Di jarian si Udin ngawurkeun beas jeung tali rapia geus dipasang > pikeun ngeurad hayam. Nemo beas diawurkeun atuh hayam ting barecir gaur > jadi ngumpul, terus si Udin narik tali rapia keok sada hayam beunang > kauerad. Hayam anu kaeurad hayam jago borentak panggedena, culana jeung > jawerna beureum meni lebar. Ceuk si Udin gerentes hatena "Ieu jiga hayam H. > Madromi, akh bodo teuing akh, EGP".Geus menang pilaukeun, maneh ngasupkeun > hayam kana sarung anu geus dibaseuhan ambeh hayam ulah tisada terus lumpat > ka sisi cai (walungan). Disisi cai girangeun kincir, si Udin culak cileuk > bisi aya jelema anu nenjoeun, geus kitu maneh ngahareup ka kiblat rek > mencit hayam. Awak hayam didempet pake suku, beuheungna dicekel leungen > kenca, leungen kathu nyekel peso "Bismillahirrahmanirrahiiim" brel hayam > dipencit. Ceuk pikir si Udin "Akh bodo teuing hayam meunang maok oge, anu > pentingmah mencitna Islami". Geus meunang mencit terus manehna lempang ka > ruyuk sisi cai, terus manehna neangan suluh rek mirun seuneu pikeun > ngarerab hayam ambeh buluna gampang dicabutan. Caritana geus menang > meresihan jeung ngeureutan hayam terus diasupkeun kana keresek hideung > terus lempang ka imah babaturanana. Di imah babaturanana geus karumpul siap > berangkat ka basisir, ceuk babaturanana "Alah Din lila amat dia, kamana > heula!". Ceuk si Udin "Ka pasar heula aing neangan hayam, yeuh geus meunang > hayam jago gede, ku limaan moal beak ieu" bari ngasongkeun bungkusan > karesek. Geus kitu brul si Udin jeung babaturanana laleumpang ka sisi > basisir naraeuk motor bebek. Geus sampe ka sisi basisir terus maranehanana > neangan tempat anu iuh, pas meunang tempat handapeun tangkal anu ngaroyong > ka laut. "Jon geura mirun seuneu, aing rek nyiapkeun panggangan hayam" ceuk > si Udin ka Joni. "Beres lah, gampang" tembal si Joni. Pirunan seuneu geus > ngagudag hurung, terus si Udin manggangkeun daging hayam anu geus dipasang > panggangan awi. > Keur aranteng barudak maranggang hayam, teu lila jol H. Madromi juragan > parahu "Dak keur naraon maraneh". Gebeg we si Udin ngagebeg reuwas, da > rumasa manehna geus newak hayamg H. Madromi, ditembal ku si Dede "Eh Pa > Haji, ieu nuju babacakan". Terus H. Madromo nyamperkeun barudak, anu keur > manggang hayam "Wah kabeneran yeuh, Pa Haji tacan dahar, bisa iluan teu" > manehna gek dina balukang deukeut pirunan seuneu. Si Udin anu hatena dag > dig dug nembal "Kantenan Pa Haji, urang babacakan, ke antosan heula > panggangana teu acan asak". Ceuk H. Madromi "Atuh kalem be jang, Pa Haji > rek ngudud heula bari niis". > > Hanca........... > >
