Nuhun Kang, da aslina mah ngangge paragrap, da tos dipostingkeun jadi dempet kitu nya? Hatur nuhun kang, diajar tulas tulis yeuh abdi he..he..he..
________________________________ Dari: Ki Hasan <[email protected]> Kepada: [email protected] Dikirim: Senin, 25 Juni 2012 8:57 Judul: Re: [kisunda] Babacakan (bagian ka - 2) “Asak can Din?” si Dede teu sabaran. “Acan, ke sakeudeung deui. Geura ngala daun cau Jon, pikeun wadahna” si Udin nitah si Joni. “Ok” ceuk si Joni bari ngaloyor ka dapuran cau anu aya di gawir sisi laut. "Ulah poho bumbuna" ceuk si Dede bari ngalonjorkeun suku bari ngaluarkeun sangu timbel dina tas, anu bungkusanna sagede pingping Mang Enjad. Ari Edi keur gegelehean bari nenjo umpalan ombak ting jelegur, ramona ngepit rokok GG. Kitu deui jeung H. Madromi anteng nyedot rokok gudang garam beureum, bari panonna ngawaskeun parahu anu arek rerek ka sisi bari ngomong sorangan “Can katenjo kasarisi barudak teh” terus serebung haseup roko dina irungna. Teu sabaraha lila panggangan hayam geus asak, terus ditembrakeun kana daun cau. Kusiwel si Dede nyomot pingping hayam, blem dihuapkeun bari sungutna hap hep hop nahan panas “Hah…huh…pelem dak, balalear”. Nenjo baturna kitu, si Udin nejeh suku si Dede bari ngomong “Ah dasar budak aleu, kokoro manggih mulud”, terus si Udin mere komando ka babaturanana “Hayu dak geura dahar” bari ngajak H. Madromi “Pa Haji hayu tuang” bari misahkeun hanceungan pikeun H. Madromi. “Mangga Pa Haji ieu pingping sareng dada mentokna”. Nempo si Udin mere pingping jeung dada mentok anu gede ka H. Madromi, si Joni sungutna kucuwas kaciwes terus ngoet jeung ngaharewos “Hmm….Din ulah loba teuing, ke urang moal seubeuh”, ditembal ku si Udin “Akh keun bae, ka kolot mah kudu ngahargaan, jeung deui pan nu bogana”. Ngadenge harewosan ti si Udin kitu si Joni teu ngartian anu dimaksud nu bogana, manehna ngan molohok. Saterusna barudak aranteng dibaturan ku H. Madromi anu ilu babacakan. Sada balakecrak darahar timbel jeung panggang hayam dibarengan ngahiliwirna angin laut anu karasa tiis ngalawan hawa panas laut nambah mirasa dahar. Teu lila H. Madromi ngomong bari sungut pinuh ku sangu jeung panggang hayam “Aduh pelem ieu daging hayam, ieu hayam bikang atawa hayam jago?” ditembal ku si Udin “Hayam jago Pa Haji?”. H. Madromi nyerengeh pokna teh “Mhm..pantesan rasana beda, pelem jeung geunyal” terus ngahuapkeun sangu timbel disusul daging hayam, teu lila manehna kabeuheulan “Hk…hk….aduh jang, menta cai geura”. Nenjo H. Madromi kabeuheulan, si Udin gancang nyokot cangkir palastik dieusian cari terus diasongkeun ka manehna. Gep H. Madromi nyekel cangkir terus surudut nginum siga hayam ngagelong karet geulang beuheungna cuculangukan. “Aduh…kieu ari beuteung geus perih mah, dahar sampe kabeuheulan” ceuk H. Madromi. Nenjo H. Madromi kabeuheulan si Edii ilu ngomong “He.he. Balalear nya Pa Haji, siganana Pa Haji teu acan sarapan nya?”, ditembal ku H. Madromi “Heueuh ti isuk can kaeusian nanaon, tadi subuh sanggeus shalat buru-buru Pa Haji langsung ka dieu, ja aya parahu anyar karak mancal”. Singket carita darahar geus beres, anu akhirna diteruskeun ngobrol dimimitian ku si Joni anu tatadi katenjona keuheul “Wah, beda nya, Pa Haji mah jalmi super sibuk sampe sarapan oge kaliwat. Pa Haji mah sawahna lega, kebon cengkeh lega, kebon kalapa lega, kebo puluhan, kulah lauk daratan unggal tempat, ditambah parahu deui nambahan, jadi sabaraha ayeuna jumlah parahu Pa Haji?”. Meunang pujian ti si Joni, eta H. Madromi irungna jadi kembung kempes nambah sumanget nembalana “Wah jang, Alhamdulillah, berkah cukup pikeun bekel hirup. Ari parahu kwari jumlahna aya 25”. Teu katinggaleun si Dede ilu ngomong “Subhanallah loba amat, mun kitu mah pakaya Pa Haji moal seep ku 7 turunan”, ditambahan omongan ku si Udin “Berkah Pa Haji mah, ieu anu ngarana beunghar sajati sagala gaduh, tapi ari laut anu ngaplak dipayuneun urang gaduh saha?” ceuk si Udin ngoconan H. Madromi, ditembal ku manehna “Aduh jang, mun ngomong kana masalah kitu mah, saestuna pakaya anu aya di hiji jelema eta teh titipan ti Allah, sabab jelema mah hirup di dunya teu boga nanaon. Pakaya teh anging titipan Allah, eta jalma anu katitipan kudu bisa ngajaga amanah ti Allah, sakumaha dawuhan Allah “Lillahi mafissamawati wama fil ardi, Kagungan Allah anu aya di langit jeung di dunya” ceuk H. Madromi ngadakwahan bari ngaluarkeun dalil al Qur’an. Ngadenge omongan H. Madromi kitu eta si Udin nangkep kalimah Lillahi mafissamawati wama fil ardi jadi sumanget ngobrolna “Waduh sing horeng Pa Haji ngarangkep mubaliq he..he… Punten Pa Haji, tadi saurna pakaya anu aya di hiji jalma anging titipan ti Allah anu hartosna gaduh Allah. Kumaha upami eta titipan Pak Haji sapertos kebo aya anu maling hiji, kinten-kintenna Pa Haji bakal ngambek?” Meunang pananya model kitu ti si Udin, eta Pa Haji Madromi rada kerung bari seuri leutik “Mhh…he..he.. jang tadi tea urang kudu bisa ngajaga titipan, tapi mun hiji kebo Pa Haji leungit atawa anu maling, atuh tawakal be lah, meureun eta anu maling keur butuheun”. Terus si Udin neruskeun deui omongana “Hartosna eta kedah diiklaskeun nya Pa Haji?” terus ditembal ku Pa Haji Madromi “Nya kitu lah iklaskeun bae, asal ulah kabeh be, karak hiji mah meureun” bari seuri terus manehna ngilikan jam tangan jung nangtung “Aduh jang geus jam 12, Pa Haji kudu ka kongsi ayeuna. Nuhun kana daharana, ulah ngarasa dibeuratkeun nya?” ditembalan ku si Udin “Sami-sami Pa Haji, pan kedah iklas tea” terus H. Madromi leos ninggalkeun barudak rek ka kongsi. Sanggeus jauh leumpangna H. Madromi, ujug-ujug garakgak be si Udin seuri “Ha…ha..ha..ha..ha..nyaho dia dak, mun anu bogana iklas, aing jadi tenang ayeuna”. Eta opat babaturanana sing molohok bari breng ngomong “Ari dia ngomong naon, hanteu ngarti aing”, ditembal ku si Udin “Eta panggang hayam anu dilalebok ku daria apan nu bogana ilu dahar”. Si Joni nangtung bari melak cangkeng terus ngomong “Ari kitu eta hayam meunang maok, alah dasar budak Cigareleng, peuyeum Bandung sugan aing bener meunang meuli”. Si Udin tambah ngagakgak seurina “Ha..ha…anu pentingmah nu bogana iklas, ceuk manehna Lillahi mafisawati mawafil ardi, kagungan Allah nu aya di langit jeung di dunya” terus berebet lumpat ka sisi laut ngagujubarkeun awak kana ombak dituturkeun kus si Dede jeung Edi bari popolontodan teu make baju. Tamat (IS).
