“Asak can Din?” si Dede teu sabaran. “Acan, ke sakeudeung deui. Geura ngala
daun
cau Jon, pikeun wadahna” si Udin nitah si Joni. “Ok” ceuk si Joni bari ngaloyor
ka
dapuran cau anu aya di gawir sisi laut. "Ulah poho bumbuna" ceuk si Dede bari
ngalonjorkeun suku bari ngaluarkeun sangu timbel dina
tas, anu bungkusanna sagede pingping Mang Enjad. Ari Edi keur gegelehean bari
nenjo
umpalan ombak ting jelegur, ramona ngepit rokok GG. Kitu deui jeung H. Madromi
anteng nyedot rokok gudang
garam beureum, bari panonna ngawaskeun parahu anu arek rerek ka sisi bari
ngomong sorangan “Can katenjo kasarisi barudak teh” terus serebung haseup roko
dina irungna. Teu sabaraha lila panggangan hayam geus asak, terus ditembrakeun
kana daun cau. Kusiwel si Dede nyomot pingping hayam, blem dihuapkeun bari
sungutna hap hep hop nahan panas “Hah…huh…pelem dak, balalear”. Nenjo baturna
kitu, si Udin nejeh suku si Dede bari ngomong “Ah dasar budak aleu, kokoro
manggih mulud”, terus si Udin mere komando ka babaturanana “Hayu dak geura
dahar” bari ngajak H. Madromi “Pa Haji hayu tuang” bari misahkeun hanceungan
pikeun
H. Madromi. “Mangga Pa Haji ieu pingping sareng dada mentokna”. Nempo si Udin
mere pingping jeung dada mentok anu gede ka H. Madromi, si Joni sungutna
kucuwas kaciwes terus ngoet jeung ngaharewos “Hmm….Din ulah loba teuing, ke
urang moal seubeuh”, ditembal
ku si Udin “Akh keun bae, ka kolot mah kudu ngahargaan, jeung deui pan nu
bogana”. Ngadenge harewosan ti si Udin kitu si Joni teu ngartian anu dimaksud
nu bogana, manehna ngan molohok.
Saterusna barudak aranteng dibaturan ku H. Madromi anu ilu babacakan. Sada
balakecrak darahar timbel jeung panggang hayam dibarengan ngahiliwirna angin
laut anu karasa
tiis ngalawan hawa panas laut nambah mirasa dahar. Teu lila H. Madromi ngomong
bari sungut pinuh ku sangu jeung panggang hayam “Aduh pelem ieu daging hayam,
ieu hayam bikang atawa hayam jago?” ditembal ku si Udin “Hayam jago Pa Haji?”.
H. Madromi nyerengeh pokna teh “Mhm..pantesan rasana beda, pelem jeung geunyal”
terus ngahuapkeun sangu timbel disusul daging hayam, teu lila manehna
kabeuheulan “Hk…hk….aduh
jang, menta cai geura”. Nenjo H. Madromi kabeuheulan, si Udin gancang nyokot
cangkir palastik dieusian cari terus diasongkeun ka manehna. Gep H. Madromi
nyekel cangkir terus surudut nginum siga hayam ngagelong karet geulang
beuheungna cuculangukan. “Aduh…kieu ari beuteung geus perih mah, dahar sampe
kabeuheulan” ceuk H. Madromi. Nenjo H. Madromi kabeuheulan si Edii ilu ngomong
“He.he. Balalear nya Pa Haji, siganana Pa Haji teu acan sarapan nya?”, ditembal
ku H. Madromi “Heueuh
ti isuk can kaeusian nanaon, tadi subuh sanggeus shalat buru-buru Pa Haji
langsung ka dieu, ja aya parahu anyar karak mancal”.
Singket carita darahar geus beres, anu akhirna diteruskeun
ngobrol dimimitian ku si Joni anu tatadi katenjona keuheul “Wah, beda nya, Pa
Haji mah jalmi super sibuk sampe sarapan oge kaliwat. Pa Haji mah sawahna lega,
kebon cengkeh lega, kebon kalapa lega, kebo puluhan, kulah lauk daratan unggal
tempat, ditambah parahu deui nambahan, jadi sabaraha ayeuna jumlah parahu Pa
Haji?”. Meunang pujian ti si Joni, eta H. Madromi irungna jadi kembung kempes
nambah sumanget nembalana “Wah jang, Alhamdulillah, berkah cukup pikeun bekel
hirup. Ari parahu kwari jumlahna aya 25”. Teu katinggaleun si Dede ilu ngomong
“Subhanallah loba amat, mun kitu mah pakaya Pa Haji moal seep ku 7 turunan”,
ditambahan omongan ku si Udin “Berkah Pa Haji mah, ieu anu ngarana beunghar
sajati
sagala gaduh, tapi ari laut anu ngaplak dipayuneun urang gaduh saha?” ceuk si
Udin ngoconan H. Madromi, ditembal ku manehna “Aduh jang, mun ngomong kana
masalah kitu mah, saestuna pakaya anu
aya di hiji jelema eta teh titipan ti Allah, sabab jelema mah hirup di dunya teu
boga nanaon. Pakaya teh anging titipan Allah, eta jalma anu katitipan kudu bisa
ngajaga amanah ti Allah, sakumaha dawuhan Allah “Lillahi mafissamawati wama fil
ardi, Kagungan Allah anu aya di langit jeung di dunya” ceuk H. Madromi
ngadakwahan bari
ngaluarkeun dalil al Qur’an. Ngadenge omongan H. Madromi kitu eta si Udin
nangkep kalimah Lillahi mafissamawati wama fil ardi jadi sumanget ngobrolna
“Waduh sing horeng Pa Haji ngarangkep mubaliq he..he… Punten Pa Haji, tadi
saurna pakaya anu aya di hiji jalma anging titipan ti Allah anu hartosna gaduh
Allah. Kumaha upami eta titipan Pak Haji sapertos kebo aya anu maling hiji,
kinten-kintenna Pa Haji bakal ngambek?” Meunang pananya model kitu ti si Udin,
eta Pa Haji Madromi rada kerung bari seuri leutik “Mhh…he..he.. jang tadi tea
urang kudu bisa ngajaga titipan, tapi mun hiji kebo Pa Haji leungit atawa anu
maling, atuh tawakal be lah, meureun eta anu maling keur butuheun”. Terus si
Udin neruskeun deui omongana “Hartosna eta kedah diiklaskeun nya Pa Haji?”
terus ditembal ku Pa Haji Madromi “Nya kitu lah iklaskeun bae, asal ulah kabeh
be, karak hiji mah meureun” bari seuri terus manehna ngilikan jam tangan jung
nangtung “Aduh jang geus jam 12, Pa Haji kudu ka kongsi ayeuna. Nuhun kana
daharana, ulah ngarasa dibeuratkeun nya?” ditembalan ku si Udin “Sami-sami Pa
Haji, pan kedah iklas tea” terus H. Madromi leos ninggalkeun barudak rek ka
kongsi.
Sanggeus jauh leumpangna H. Madromi, ujug-ujug garakgak be si Udin
seuri “Ha…ha..ha..ha..ha..nyaho dia dak, mun anu bogana iklas, aing jadi tenang
ayeuna”. Eta opat babaturanana sing molohok bari breng ngomong “Ari dia ngomong
naon, hanteu ngarti aing”, ditembal ku si Udin “Eta panggang hayam anu
dilalebok ku daria apan nu bogana ilu dahar”. Si Joni nangtung bari melak
cangkeng terus ngomong “Ari kitu eta hayam meunang maok, alah dasar budak
Cigareleng, peuyeum Bandung sugan aing bener meunang meuli”. Si Udin tambah
ngagakgak seurina “Ha..ha…anu pentingmah nu bogana iklas, ceuk manehna Lillahi
mafisawati mawafil ardi, kagungan Allah nu aya di langit jeung di dunya” terus
berebet lumpat ka sisi laut ngagujubarkeun awak
kana ombak dituturkeun kus si Dede jeung Edi bari popolontodan teu make baju.
Tamat
(IS).
Nb.:
Nuhun ka Kang Hasan anu tos masihan koreksina, da sakitu tiasana abdi he..he..
Switch to: Text-Only, Daily Digest • Unsubscribe • Terms of Use
.