Dicobaan dipotongan: 2012/6/25 Sp Saprudin <[email protected]>
> ** > > > “Asak can Din?” si Dede teu sabaran. “Acan, ke sakeudeung deui. Geura > ngala daun cau Jon, pikeun wadahna” si Udin nitah si Joni. “Ok” ceuk > si Joni bari ngaloyor ka dapuran cau anu aya di gawir sisi laut. "Ulah > poho bumbuna" ceuk si Dede bari ngalonjorkeun suku bari ngaluarkeun sangu > timbel dina tas, anu bungkusanna sagede pingping Mang Enjad. Ari Edi keur > gegelehean bari nenjo umpalan ombak ting jelegur, ramona ngepit rokok GG. > Kitu deui jeung H. Madromi anteng nyedot rokok gudang garam beureum, bari > panonna ngawaskeun parahu anu arek rerek ka sisi bari ngomong sorangan “Can > katenjo kasarisi barudak teh” terus serebung haseup roko dina irungna. > > Teu sabaraha lila panggangan hayam geus asak, terus ditembrakeun kana daun > cau. Kusiwel si Dede nyomot pingping hayam, blem dihuapkeun bari sungutna > hap hep hop nahan panas “Hah…huh…pelem dak, balalear”. Nenjo baturna kitu, > si Udin nejeh suku si Dede bari ngomong “Ah dasar budak aleu, kokoro > manggih mulud”, terus si Udin mere komando ka babaturanana “Hayu dak geura > dahar” bari ngajak H. Madromi “Pa Haji hayu tuang” bari misahkeun > hanceungan pikeun H. Madromi. “Mangga Pa Haji ieu pingping sareng dada > mentokna”. > > Nempo si Udin mere pingping jeung dada mentok anu gede ka H. Madromi, > si Joni sungutna kucuwas kaciwes terus ngoet jeung ngaharewos “Hmm….Din > ulah loba teuing, ke urang moal seubeuh”, ditembal ku si Udin “Akh keun > bae, ka kolot mah kudu ngahargaan, jeung deui pan nu bogana”. Ngadenge > harewosan ti si Udin kitu si Joni teu ngartian anu dimaksud nu bogana, > manehna ngan molohok. > > Saterusna barudak aranteng dibaturan ku H. Madromi anu ilu babacakan. Sada > balakecrak darahar timbel jeung panggang hayam dibarengan ngahiliwirna > angin laut anu karasa tiis ngalawan hawa panas laut nambah mirasa dahar. > Teu lila H. Madromi ngomong bari sungut pinuh ku sangu jeung panggang hayam > “Aduh pelem ieu daging hayam, ieu hayam bikang atawa hayam jago?” ditembal > ku si Udin “Hayam jago Pa Haji?”. H. Madromi nyerengeh pokna teh > “Mhm..pantesan rasana beda, pelem jeung geunyal” terus ngahuapkeun sangu > timbel disusul daging hayam, teu lila manehna kabeuheulan “Hk…hk….aduh > jang, menta cai geura”. > > Nenjo H. Madromi kabeuheulan, si Udin gancang nyokot cangkir palastik > dieusian cari terus diasongkeun ka manehna. Gep H. Madromi nyekel cangkir > terus surudut nginum siga hayam ngagelong karet geulang beuheungna > cuculangukan. “Aduh…kieu ari beuteung geus perih mah, dahar sampe > kabeuheulan” ceuk H. Madromi. Nenjo H. Madromi kabeuheulan si Edii ilu > ngomong “He.he. Balalear nya Pa Haji, siganana Pa Haji teu acan sarapan > nya?”, ditembal ku H. Madromi “Heueuh ti isuk can kaeusian nanaon, tadi > subuh sanggeus shalat buru-buru Pa Haji langsung ka dieu, ja aya parahu > anyar karak mancal”. > > Singket carita darahar geus beres, anu akhirna diteruskeun ngobrol > dimimitian ku si Joni anu tatadi katenjona keuheul “Wah, beda nya, Pa Haji > mah jalmi super sibuk sampe sarapan oge kaliwat. Pa Haji mah sawahna lega, > kebon cengkeh lega, kebon kalapa lega, kebo puluhan, kulah lauk daratan > unggal tempat, ditambah parahu deui nambahan, jadi sabaraha ayeuna jumlah > parahu Pa Haji?”. Meunang pujian ti si Joni, eta H. Madromi irungna jadi > kembung kempes nambah sumanget nembalana “Wah jang, Alhamdulillah, berkah > cukup pikeun bekel hirup. Ari parahu kwari jumlahna aya 25”. > > Teu katinggaleun si Dede ilu ngomong “Subhanallah loba amat, mun kitu mah > pakaya Pa Haji moal seep ku 7 turunan”, ditambahan omongan ku si Udin > “Berkah Pa Haji mah, ieu anu ngarana beunghar sajati sagala gaduh, tapi ari > laut anu ngaplak dipayuneun urang gaduh saha?” ceuk si Udin ngoconan H. > Madromi, ditembal ku manehna “Aduh jang, mun ngomong kana masalah kitu > mah, saestuna pakaya anu aya di hiji jelema eta teh titipan ti Allah, sabab > jelema mah hirup di dunya teu boga nanaon. Pakaya teh anging titipan Allah, > eta jalma anu katitipan kudu bisa ngajaga amanah ti Allah, sakumaha dawuhan > Allah “Lillahi mafissamawati wama fil ardi, Kagungan Allah anu aya di > langit jeung di dunya” ceuk H. Madromi ngadakwahan bari ngaluarkeun dalil > al Qur’an. > > Ngadenge omongan H. Madromi kitu eta si Udin nangkep kalimah Lillahi > mafissamawati wama fil ardi jadi sumanget ngobrolna “Waduh sing horeng Pa > Haji ngarangkep mubaliq he..he… Punten Pa Haji, tadi saurna pakaya anu aya > di hiji jalma anging titipan ti Allah anu hartosna gaduh Allah. Kumaha > upami eta titipan Pak Haji sapertos kebo aya anu maling hiji, > kinten-kintenna Pa Haji bakal ngambek?” Meunang pananya model kitu ti si > Udin, eta Pa Haji Madromi rada kerung bari seuri leutik “Mhh…he..he.. jang > tadi tea urang kudu bisa ngajaga titipan, tapi mun hiji kebo Pa Haji > leungit atawa anu maling, atuh tawakal be lah, meureun eta anu maling keur > butuheun”. > Terus si Udin neruskeun deui omongana “Hartosna eta kedah diiklaskeun nya > Pa Haji?” terus ditembal ku Pa Haji Madromi “Nya kitu lah iklaskeun bae, > asal ulah kabeh be, karak hiji mah meureun” bari seuri terus manehna > ngilikan jam tangan jung nangtung “Aduh jang geus jam 12, Pa Haji kudu ka > kongsi ayeuna. Nuhun kana daharana, ulah ngarasa dibeuratkeun nya?” > ditembalan ku si Udin “Sami-sami Pa Haji, pan kedah iklas tea” terus H. > Madromi leos ninggalkeun barudak rek ka kongsi. > > Sanggeus jauh leumpangna H. Madromi, ujug-ujug garakgak be si Udin seuri > “Ha…ha..ha..ha..ha..nyaho dia dak, mun anu bogana iklas, aing jadi tenang > ayeuna”. Eta opat babaturanana sing molohok bari breng ngomong “Ari dia > ngomong naon, hanteu ngarti aing”, ditembal ku si Udin “Eta panggang hayam > anu dilalebok ku daria apan nu bogana ilu dahar”. Si Joni nangtung bari > melak cangkeng terus ngomong “Ari kitu eta hayam meunang maok, alah dasar > budak Cigareleng, peuyeum Bandung sugan aing bener meunang meuli”. Si Udin > tambah ngagakgak seurina “Ha..ha…anu pentingmah nu bogana iklas, ceuk > manehna Lillahi mafisawati mawafil ardi, kagungan Allah nu aya di langit > jeung di dunya” terus berebet lumpat ka sisi laut ngagujubarkeun awak kana > ombak dituturkeun kus si Dede jeung Edi bari popolontodan teu make baju. > Tamat (IS). >
