Hehehe. Mantap teruskeun!

2012/6/22 Sp Saprudin <[email protected]>

> **
>
>
> Teurang babacakan? Istilah umum basa sunda nyaeta botram, di lembur kuring
> disebut babacakan. Aya deui picaritaeun, kieu caritana. Poe minggu harita
> si Udin jeung babaturanana opatan badami rek ngayakeun babacakan di sisi
> basisir. Si Joni purah nyieun timbel, si Dede purah nyieun sambel jeung
> bumbu, si Edi purah nyieun inuman, si Didi purah neangan kecrik, jeung si
> Udin purah neangan pilaukeun. Geus meunang tugas masing-masing, ngan si
> Udin anu rada bingung neangan pilaukeun ja harita keur tongpes. "Dak ari
> laukna naon nya? ceuk Udin kababaturanana, ditembal ku babaturanana "Lauk
> naon be lah, mun bisa mah daging hayam".  Ceuk Udin "Be daria mah gaya make
> daging hayam sagala, biasana ge lauk asin peda". Baturanan nembal bareng
> "Sakali-kali atuh gaya Din, maenya rek babacakan nu tara unggal poe jeung
> beuleum peda asin?". Udin gagaro teu ateul "Heueuh lah, ke aing rek nyiar
> hayamna". Geus baradami meunang tugas masing-masing, si Udin balik ka Imah.
> Harita si Udin cicing jeung diurusan ku Nini Akina, ceuk beja dititipkeun
> ku kolotna da teu kuat ngurusanana ku bangor tea, kolotna harita tugasna di
> Bandung ja jadi soldadu. Geus boga dasar bangor tea, si Udin teu leungiteun
> akal, di imah manehna neangan beas jeung tali rapia. "Ma nyuhunkeun beas
> sakedik be" ceuk si Udin ka nini na. Ceuk nini na "Keur naon beas Din?.
> Ceuk si Udin "Kangge nambahan damel timbel, da barudak ngajak babacakan ka
> basisir". Ceuk nini na "Tuh nyandak di goha dina pamean". Koloyor si Udin
> ka pemean nyokot beas sagelaseun. Geus menang beas sageulas manehna terus
> neangan tali rapia, kabeneran di goha aya tali rapia urut tali karung beas,
> terus neangan peso ka dapur, geus kitu "Ma abdi bade ka rorompok babaturan
> heula" leos maneh ka luar imah. Si Udin lain lempang ka imah babaturanana,
> tapi ka tempat jarian (tempat miceun runtah), ja didinya tempat hayam
> arulin. Di jarian si Udin ngawurkeun beas jeung tali rapia geus dipasang
> pikeun ngeurad hayam. Nemo beas diawurkeun atuh hayam ting barecir gaur
> jadi ngumpul, terus si Udin narik tali rapia keok sada hayam beunang
> kauerad. Hayam anu kaeurad hayam jago borentak panggedena, culana jeung
> jawerna beureum meni lebar. Ceuk si Udin gerentes hatena "Ieu jiga hayam H.
> Madromi, akh bodo teuing akh, EGP".Geus menang pilaukeun, maneh ngasupkeun
> hayam kana sarung anu geus dibaseuhan ambeh hayam ulah tisada terus lumpat
> ka sisi cai (walungan). Disisi cai girangeun kincir, si Udin culak cileuk
> bisi aya jelema anu nenjoeun, geus kitu maneh ngahareup ka kiblat rek
> mencit hayam. Awak hayam didempet pake suku, beuheungna dicekel leungen
> kenca, leungen kathu nyekel peso "Bismillahirrahmanirrahiiim" brel hayam
> dipencit. Ceuk pikir si Udin "Akh bodo teuing hayam meunang maok oge, anu
> pentingmah mencitna Islami". Geus meunang mencit terus manehna lempang ka
> ruyuk sisi cai, terus manehna neangan suluh rek mirun seuneu pikeun
> ngarerab hayam ambeh buluna gampang dicabutan. Caritana geus menang
> meresihan jeung ngeureutan hayam terus diasupkeun kana keresek hideung
> terus lempang ka imah babaturanana. Di imah babaturanana geus karumpul siap
> berangkat ka basisir, ceuk babaturanana "Alah Din lila amat dia, kamana
> heula!". Ceuk si Udin "Ka pasar heula aing neangan hayam, yeuh geus meunang
> hayam jago gede, ku limaan moal beak ieu" bari ngasongkeun bungkusan
> karesek. Geus kitu brul si Udin jeung babaturanana laleumpang ka sisi
> basisir naraeuk motor bebek. Geus sampe ka sisi basisir terus maranehanana
> neangan tempat anu iuh, pas meunang tempat handapeun tangkal anu ngaroyong
> ka laut. "Jon geura mirun seuneu, aing rek nyiapkeun panggangan hayam" ceuk
> si Udin ka Joni. "Beres lah, gampang" tembal si Joni. Pirunan seuneu geus
> ngagudag hurung, terus si Udin manggangkeun daging hayam anu geus dipasang
> panggangan awi.
> Keur aranteng barudak maranggang hayam, teu lila jol H. Madromi juragan
> parahu "Dak keur naraon maraneh". Gebeg we si Udin ngagebeg reuwas, da
> rumasa manehna geus newak hayamg H. Madromi, ditembal ku si Dede "Eh Pa
> Haji, ieu nuju babacakan". Terus H. Madromo nyamperkeun barudak, anu keur
> manggang hayam "Wah kabeneran yeuh, Pa Haji tacan dahar, bisa iluan teu"
> manehna gek dina balukang deukeut pirunan seuneu. Si Udin anu hatena dag
> dig dug nembal "Kantenan Pa Haji, urang babacakan, ke antosan heula
> panggangana teu acan asak". Ceuk H. Madromi "Atuh kalem be jang, Pa Haji
> rek ngudud heula bari niis".
>
> Hanca...........
>
>
>  
>

Kirim email ke