“Asak can Din?” si Dede teu sabaran. “Acan, ke  sakeudeung deui. Geura
ngala daun cau Jon, pikeun wadahna” si Udin nitah si Joni. “Ok” ceuk si
Joni bari ngaloyor ka dapuran cau anu aya di  gawir sisi laut.  "Ulah poho
bumbuna" ceuk si Dede bari ngalonjorkeun suku bari ngaluarkeun sangu timbel
dina tas, anu bungkusanna sagede pingping Mang Enjad. Ari Edi keur
gegelehean bari nenjo umpalan ombak ting jelegur, ramona ngepit rokok GG.
Kitu deui jeung  H. Madromi anteng nyedot rokok gudang garam beureum, bari
panonna ngawaskeun parahu anu arek rerek ka sisi bari ngomong sorangan “Can
katenjo kasarisi barudak teh” terus serebung haseup roko dina irungna.

Teu sabaraha lila panggangan hayam geus asak, terus ditembrakeun kana daun
cau. Kusiwel si Dede nyomot pingping hayam, blem dihuapkeun bari sungutna
hap hep hop nahan panas “Hah…huh…pelem dak, balalear”. Nenjo baturna kitu,
si Udin nejeh suku si Dede bari ngomong “Ah dasar budak aleu, kokoro
manggih mulud”, terus si Udin mere komando ka babaturanana “Hayu dak geura
dahar” bari ngajak H. Madromi “Pa Haji hayu tuang” bari misahkeun
hanceungan pikeun H. Madromi. “Mangga Pa Haji ieu pingping sareng dada
mentokna”.

Nempo si Udin mere pingping jeung dada mentok anu gede ka H. Madromi, si
Joni  sungutna kucuwas kaciwes terus ngoet jeung ngaharewos “Hmm….Din ulah
loba teuing, ke urang moal seubeuh”, ditembal ku si Udin “Akh keun bae, ka
kolot mah kudu ngahargaan, jeung deui pan nu bogana”. Ngadenge harewosan ti
si Udin kitu si Joni teu ngartian anu dimaksud nu bogana, manehna ngan
molohok.

Saterusna barudak aranteng dibaturan ku H. Madromi anu ilu babacakan. Sada
balakecrak darahar timbel jeung panggang hayam dibarengan ngahiliwirna
angin laut anu karasa tiis ngalawan hawa panas laut nambah mirasa dahar.
Teu lila H. Madromi ngomong bari sungut pinuh ku sangu jeung panggang hayam
“Aduh pelem ieu daging hayam, ieu hayam bikang atawa hayam jago?” ditembal
ku si Udin “Hayam jago Pa Haji?”. H. Madromi nyerengeh pokna teh
“Mhm..pantesan rasana beda, pelem jeung geunyal” terus ngahuapkeun sangu
timbel disusul daging hayam,  teu lila manehna kabeuheulan “Hk…hk….aduh
jang, menta cai geura”.

Nenjo H. Madromi kabeuheulan, si Udin gancang nyokot cangkir palastik
dieusian cari terus diasongkeun ka manehna. Gep H. Madromi nyekel cangkir
terus surudut nginum siga hayam ngagelong karet geulang beuheungna
cuculangukan. “Aduh…kieu ari beuteung geus perih mah, dahar sampe
kabeuheulan” ceuk H. Madromi. Nenjo H. Madromi kabeuheulan si Edii  ilu
ngomong “He.he. Balalear nya Pa Haji, siganana Pa Haji teu acan sarapan
nya?”, ditembal ku H. Madromi “Heueuh ti isuk can kaeusian nanaon, tadi
subuh sanggeus shalat buru-buru Pa Haji langsung ka dieu, ja aya parahu
anyar karak mancal”.

Singket carita darahar geus beres, anu akhirna diteruskeun ngobrol
dimimitian ku si Joni anu tatadi katenjona keuheul “Wah, beda nya, Pa Haji
mah jalmi super sibuk sampe sarapan oge kaliwat. Pa Haji mah sawahna lega,
kebon cengkeh lega, kebon kalapa lega, kebo puluhan, kulah lauk daratan
unggal tempat, ditambah parahu deui nambahan, jadi sabaraha ayeuna jumlah
parahu Pa Haji?”. Meunang pujian ti si Joni, eta H. Madromi irungna jadi
kembung kempes nambah sumanget nembalana “Wah jang, Alhamdulillah, berkah
cukup pikeun bekel hirup. Ari parahu kwari jumlahna aya 25”.

Teu katinggaleun si Dede ilu ngomong “Subhanallah loba amat, mun kitu mah
pakaya Pa Haji moal seep ku 7 turunan”, ditambahan omongan ku si Udin
“Berkah Pa Haji mah, ieu anu ngarana beunghar sajati sagala gaduh, tapi ari
laut anu ngaplak dipayuneun urang gaduh saha?” ceuk si Udin ngoconan H.
Madromi, ditembal ku manehna “Aduh jang, mun ngomong kana masalah  kitu
mah, saestuna pakaya anu aya di hiji jelema eta teh titipan ti Allah, sabab
jelema mah hirup di dunya teu boga nanaon. Pakaya teh anging titipan Allah,
eta jalma anu katitipan kudu bisa ngajaga amanah ti Allah, sakumaha dawuhan
Allah “Lillahi mafissamawati wama fil ardi, Kagungan Allah anu aya di
langit jeung di dunya” ceuk H. Madromi ngadakwahan bari ngaluarkeun dalil
al Qur’an.

Ngadenge omongan H. Madromi kitu eta si Udin nangkep kalimah Lillahi
mafissamawati wama fil ardi jadi sumanget ngobrolna “Waduh sing horeng Pa
Haji ngarangkep mubaliq he..he… Punten Pa Haji, tadi saurna pakaya anu aya
di hiji jalma anging titipan ti Allah anu hartosna gaduh Allah. Kumaha
upami eta titipan Pak Haji sapertos kebo aya anu maling hiji,
kinten-kintenna Pa Haji bakal ngambek?” Meunang pananya model kitu ti si
Udin, eta Pa Haji Madromi rada kerung bari seuri leutik “Mhh…he..he.. jang
tadi tea urang kudu bisa ngajaga titipan, tapi mun hiji kebo Pa Haji
leungit atawa anu maling, atuh tawakal be lah, meureun eta anu maling keur
butuheun”.

Terus si Udin neruskeun deui omongana “Hartosna eta kedah diiklaskeun nya
Pa Haji?” terus ditembal ku Pa Haji Madromi “Nya kitu lah iklaskeun bae,
asal ulah kabeh be, karak hiji mah meureun” bari seuri terus manehna
ngilikan jam tangan jung nangtung “Aduh jang geus jam 12, Pa Haji kudu ka
kongsi ayeuna. Nuhun kana daharana, ulah ngarasa dibeuratkeun nya?”
ditembalan ku si Udin “Sami-sami Pa Haji, pan kedah iklas tea” terus H.
Madromi leos ninggalkeun barudak rek ka kongsi.

Sanggeus jauh leumpangna H. Madromi, ujug-ujug garakgak be si Udin seuri
“Ha…ha..ha..ha..ha..nyaho dia dak, mun anu bogana iklas, aing jadi tenang
ayeuna”. Eta opat babaturanana sing molohok bari breng ngomong “Ari dia
ngomong naon, hanteu ngarti aing”, ditembal ku si Udin “Eta panggang hayam
anu dilalebok ku daria apan nu bogana ilu dahar”. Si Joni nangtung bari
melak cangkeng terus ngomong “Ari kitu eta hayam meunang maok, alah dasar
budak Cigareleng, peuyeum Bandung sugan aing bener meunang meuli”. Si Udin
tambah ngagakgak seurina “Ha..ha…anu pentingmah nu bogana iklas, ceuk
manehna Lillahi mafisawati mawafil ardi, kagungan Allah nu aya di langit
jeung di dunya” terus berebet lumpat ka sisi laut ngagujubarkeun awak kana
ombak dituturkeun kus si Dede jeung Edi bari popolontodan teu make baju.
Tamat (IS).

Kirim email ke