Mun make word, jarak antar paragraf, kosongkeun sabaris kosong

2012/6/25 Sp Saprudin <[email protected]>

> **
>
>
> Nuhun Kang, da aslina mah ngangge paragrap, da tos dipostingkeun jadi
> dempet kitu nya? Hatur nuhun kang, diajar tulas tulis yeuh abdi he..he..he..
>
>    *Dari:* Ki Hasan <[email protected]>
> *Kepada:* [email protected]
> *Dikirim:* Senin, 25 Juni 2012 8:57
> *Judul:* Re: [kisunda] Babacakan (bagian ka - 2)
>
>
> “Asak can Din?” si Dede teu sabaran. “Acan, ke  sakeudeung deui. Geura
> ngala daun cau Jon, pikeun wadahna” si Udin nitah si Joni. “Ok” ceuk si
> Joni bari ngaloyor ka dapuran cau anu aya di  gawir sisi laut.  "Ulah poho
> bumbuna" ceuk si Dede bari ngalonjorkeun suku bari ngaluarkeun sangu timbel
> dina tas, anu bungkusanna sagede pingping Mang Enjad. Ari Edi keur
> gegelehean bari nenjo umpalan ombak ting jelegur, ramona ngepit rokok GG.
> Kitu deui jeung  H. Madromi anteng nyedot rokok gudang garam beureum, bari
> panonna ngawaskeun parahu anu arek rerek ka sisi bari ngomong sorangan “Can
> katenjo kasarisi barudak teh” terus serebung haseup roko dina irungna.
>
> Teu sabaraha lila panggangan hayam geus asak, terus ditembrakeun kana daun
> cau. Kusiwel si Dede nyomot pingping hayam, blem dihuapkeun bari sungutna
> hap hep hop nahan panas “Hah…huh…pelem dak, balalear”. Nenjo baturna kitu,
> si Udin nejeh suku si Dede bari ngomong “Ah dasar budak aleu, kokoro
> manggih mulud”, terus si Udin mere komando ka babaturanana “Hayu dak geura
> dahar” bari ngajak H. Madromi “Pa Haji hayu tuang” bari misahkeun
> hanceungan pikeun H. Madromi. “Mangga Pa Haji ieu pingping sareng dada
> mentokna”.
>
> Nempo si Udin mere pingping jeung dada mentok anu gede ka H. Madromi, si
> Joni  sungutna kucuwas kaciwes terus ngoet jeung ngaharewos “Hmm….Din ulah
> loba teuing, ke urang moal seubeuh”, ditembal ku si Udin “Akh keun bae, ka
> kolot mah kudu ngahargaan, jeung deui pan nu bogana”. Ngadenge harewosan ti
> si Udin kitu si Joni teu ngartian anu dimaksud nu bogana, manehna ngan
> molohok.
>
> Saterusna barudak aranteng dibaturan ku H. Madromi anu ilu babacakan. Sada
> balakecrak darahar timbel jeung panggang hayam dibarengan ngahiliwirna
> angin laut anu karasa tiis ngalawan hawa panas laut nambah mirasa dahar.
> Teu lila H. Madromi ngomong bari sungut pinuh ku sangu jeung panggang hayam
> “Aduh pelem ieu daging hayam, ieu hayam bikang atawa hayam jago?” ditembal
> ku si Udin “Hayam jago Pa Haji?”. H. Madromi nyerengeh pokna teh
> “Mhm..pantesan rasana beda, pelem jeung geunyal” terus ngahuapkeun sangu
> timbel disusul daging hayam,  teu lila manehna kabeuheulan “Hk…hk….aduh
> jang, menta cai geura”.
>
> Nenjo H. Madromi kabeuheulan, si Udin gancang nyokot cangkir palastik
> dieusian cari terus diasongkeun ka manehna. Gep H. Madromi nyekel cangkir
> terus surudut nginum siga hayam ngagelong karet geulang beuheungna
> cuculangukan. “Aduh…kieu ari beuteung geus perih mah, dahar sampe
> kabeuheulan” ceuk H. Madromi. Nenjo H. Madromi kabeuheulan si Edii  ilu
> ngomong “He.he. Balalear nya Pa Haji, siganana Pa Haji teu acan sarapan
> nya?”, ditembal ku H. Madromi “Heueuh ti isuk can kaeusian nanaon, tadi
> subuh sanggeus shalat buru-buru Pa Haji langsung ka dieu, ja aya parahu
> anyar karak mancal”.
>
> Singket carita darahar geus beres, anu akhirna diteruskeun ngobrol
> dimimitian ku si Joni anu tatadi katenjona keuheul “Wah, beda nya, Pa Haji
> mah jalmi super sibuk sampe sarapan oge kaliwat. Pa Haji mah sawahna lega,
> kebon cengkeh lega, kebon kalapa lega, kebo puluhan, kulah lauk daratan
> unggal tempat, ditambah parahu deui nambahan, jadi sabaraha ayeuna jumlah
> parahu Pa Haji?”. Meunang pujian ti si Joni, eta H. Madromi irungna jadi
> kembung kempes nambah sumanget nembalana “Wah jang, Alhamdulillah, berkah
> cukup pikeun bekel hirup. Ari parahu kwari jumlahna aya 25”.
>
> Teu katinggaleun si Dede ilu ngomong “Subhanallah loba amat, mun kitu mah
> pakaya Pa Haji moal seep ku 7 turunan”, ditambahan omongan ku si Udin
> “Berkah Pa Haji mah, ieu anu ngarana beunghar sajati sagala gaduh, tapi ari
> laut anu ngaplak dipayuneun urang gaduh saha?” ceuk si Udin ngoconan H.
> Madromi, ditembal ku manehna “Aduh jang, mun ngomong kana masalah  kitu
> mah, saestuna pakaya anu aya di hiji jelema eta teh titipan ti Allah, sabab
> jelema mah hirup di dunya teu boga nanaon. Pakaya teh anging titipan Allah,
> eta jalma anu katitipan kudu bisa ngajaga amanah ti Allah, sakumaha dawuhan
> Allah “Lillahi mafissamawati wama fil ardi, Kagungan Allah anu aya di
> langit jeung di dunya” ceuk H. Madromi ngadakwahan bari ngaluarkeun dalil
> al Qur’an.
>
> Ngadenge omongan H. Madromi kitu eta si Udin nangkep kalimah Lillahi
> mafissamawati wama fil ardi jadi sumanget ngobrolna “Waduh sing horeng Pa
> Haji ngarangkep mubaliq he..he… Punten Pa Haji, tadi saurna pakaya anu aya
> di hiji jalma anging titipan ti Allah anu hartosna gaduh Allah. Kumaha
> upami eta titipan Pak Haji sapertos kebo aya anu maling hiji,
> kinten-kintenna Pa Haji bakal ngambek?” Meunang pananya model kitu ti si
> Udin, eta Pa Haji Madromi rada kerung bari seuri leutik “Mhh…he..he.. jang
> tadi tea urang kudu bisa ngajaga titipan, tapi mun hiji kebo Pa Haji
> leungit atawa anu maling, atuh tawakal be lah, meureun eta anu maling keur
> butuheun”.
>
> Terus si Udin neruskeun deui omongana “Hartosna eta kedah diiklaskeun nya
> Pa Haji?” terus ditembal ku Pa Haji Madromi “Nya kitu lah iklaskeun bae,
> asal ulah kabeh be, karak hiji mah meureun” bari seuri terus manehna
> ngilikan jam tangan jung nangtung “Aduh jang geus jam 12, Pa Haji kudu ka
> kongsi ayeuna. Nuhun kana daharana, ulah ngarasa dibeuratkeun nya?”
> ditembalan ku si Udin “Sami-sami Pa Haji, pan kedah iklas tea” terus H.
> Madromi leos ninggalkeun barudak rek ka kongsi.
>
> Sanggeus jauh leumpangna H. Madromi, ujug-ujug garakgak be si Udin seuri
> “Ha…ha..ha..ha..ha..nyaho dia dak, mun anu bogana iklas, aing jadi tenang
> ayeuna”. Eta opat babaturanana sing molohok bari breng ngomong “Ari dia
> ngomong naon, hanteu ngarti aing”, ditembal ku si Udin “Eta panggang hayam
> anu dilalebok ku daria apan nu bogana ilu dahar”. Si Joni nangtung bari
> melak cangkeng terus ngomong “Ari kitu eta hayam meunang maok, alah dasar
> budak Cigareleng, peuyeum Bandung sugan aing bener meunang meuli”. Si Udin
> tambah ngagakgak seurina “Ha..ha…anu pentingmah nu bogana iklas, ceuk
> manehna Lillahi mafisawati mawafil ardi, kagungan Allah nu aya di langit
> jeung di dunya” terus berebet lumpat ka sisi laut ngagujubarkeun awak kana
> ombak dituturkeun kus si Dede jeung Edi bari popolontodan teu make baju.
> Tamat (IS).
>
>
>
>   
>

Kirim email ke