Cobaan eta muncul ti mimiti abda katilu H - mangsa pamarentahan Al-Ma'mun jeung 
dulurna al Mu'tashim, tuluy al-Watsiq - dimangsa kaum Jahmiyah menafikan 
sifat-sifat Allah jeung menyerukan manusa sangkan nuturkeun faham maranehna. 
Madzhab ieu dianut ku tokoh-tokoh Rafidhah (periode akhir) anu meunang sokongan 
pangawasa.
 
Kana panyimpangan kasebut, madzhab Ahli Sunnah tangtu bae nolak. Kusabab eta, 
maranehna sering meunang ancaman atawa siksaan. Aya oge anu dipaehan, 
disingsieunan, atawa dibujuk rayu. Namung dina ngahareupan kondisi saperti eta, 
Imam Ahmad tetep tabah jeung teger sahingga maranehna ngamenjarakeun anjeunna 
babaraha waktu lilana. Tuluy maranehna nentang anjeunna pikeun adu omong 
(debat), jeung ngajadi adu omong anu lilana.
 
Dina adu omong eta, kitu nurutkeun Imam Ahmad, dibahas ngenaan masalah 
sifat-sifat Allah jeung anu kaitanna jeung sifat-sifat-Na, ngenaan nash-nash, 
dalil-dalil, antara pihak anu ngabenerkeun jeung anu nolak. Ku ayana perbedaan 
faham eta akhirna umat pabuncar ngajadi jumplukan-jumplukan.
 
Imam Ahmad jeung Imam-imam lainna ti Ahli Sunnah sarta Ahli Hadits geus 
mikanyaho kana karuksakan madzhab Rafidha, Khawarij, Qadariyah, Jahmiyah, jeung 
Muji'ah. Namung kusabab ayana cobaan (mihna), mangka timbul adu omong. Jeung 
Allah ngangkat kadudukan Imam Ahmad ieu ngajadi Imam Sunnah sakaligus sabage 
tokohna. Predikat ieu memang layak disandangna kusabab anjeuna getol jeung 
sumanget dina nyebarkeun, nyatakeun, mengkaji nash-nash jeung atsar-atsarna, 
sarta ngajelaskeun sagala rahasiana. Anjeunna henteu ngaluarkeun 
statmen-statmen anyar, komo deui pandangan bid'ah.
 
Kagigihan anjeuna dina memperjuangkan Ahli Sunnah henteu bisa diragukeun deui, 
sampe-sampe sabagean ulama di Maghrib nyatakeun "Madzhab eta milik Malik jeung 
Syafi'i, sedengkeun kapopuleranna mili Ahmad". Maksudna, madzhab para Imam 
ushul (ad-din) eta mangrupakeun hiji madzhab saperti anu diomongkeunna. [11].
 
Jadi jelas di dieu yen anu disebut Wahabi atawa Salafiyah eta henteu lain 
nyaeta Ahli Sunnah Wal Jamaah.
 
Disebut Ahlus Sunnah Wal Jamaah kusabab kuatna maranehna nyekel jeung 
ber-ittiba (nuturkeun) ka Sunnah Nabi Saw. Disebut Al Jama'ah kusabab maranehna 
ngahiji di atas kebenaran, henteu hayang pecah belah dina urusan agama, ngumpul 
di bawah kapamimpinan para Imam (anu nyekel kana) al-Haq, henteu hayang kaluar 
ti jamaah maranehna, jeung nuturkeun naon anu geus jadi kasapakatan Salaful 
Ummah. Kusabab kitu maranehna nyaeta jalma-jalma anu ittiba ka Sunnah 
Rasulallah Saw. jeung nuturkeun atsar Salaful Ummah, mangka maranehna oge 
disebut sabage Ahlul Hadits. Ahlul Atsar jeung Ahlul Ittiba'. Disagigireun eta 
maranehna oge dikecapkeun At-Thaifah Al-Manshurah (golongan anu meunang 
pitulung Allah) jeung Al-Firqoh An-Najiyah (golongan anu salamat) [12].
 
======================
[1]. Abdur Rahman bin
Zaid Az-Zanaidi, Dr, As-Salafiyyah wa Qadhayal ‘Ashr, Markaz Ad-Dirasat
wal I'lam Daru Isybiliya, Riyadh, cetakan I, 1418H/ 1998M, p 19
[2]. Ibid, p 42.
[3] Ensiklopedi Islam, 4, p 203
[4] Muhammad Anbdul Hadi Al-Mishri, Ahlus Sunnah wal Jama’ah Ma'alimul 
Inthilaqatil Kubra, diterjemahkeun Drs As'ad yasin, Abu Fahmi, jeung Ibnu 
Marjan menjadi Manhaj dan Aqidah Ahlussunnah wal Jama’ah Menurut emahaman Ulama 
Salaf, Gema Insani Press, Jakarta, cetalkan II, 1414H/1993M, p 78-79.
[5] Abu Bakar Atjeh, Prof Dr, Salaf Islam dalam Masa Murni, CV Ramadhani Solo, 
cet 2, 1986, p 26
[6] Ibid, p 127
[7] ibid, p 134
[8]ibid, p 135
[9] Sa'id bin Ali bin Wahf Al-Qahthaniy, Syarh Al-'Aqidah Al-Wasithiyah li 
Syaikh Al-Islam Ibn Taimiyah Rahimahullah, terjemahan Hawin Murtadho, 
Al-Tibyan, Solo, cetakan I, 1998, p 11
[10] Minhaj As-Sunnah 2:482,
Tahqiq Muhammad Rasyad Salim, dikutip Muhammad Abdul Hadi Al-Mishri,
opcit, p 86.
[11] Manhaj As-Sunnah 2:482 – 486, Al-Mishri, ibid, p 87-88.
[12] Nasir bin Abdul Karim Al-‘Aql, Dr, Mujmalu Ushul Ahlis Sunnah Wal Jama’ah 
fil‘Aqidah, diterjemahkeun Afa Asifuddin ngajadi Rumusan Praktis Aqidah Ahlus 
Sunnah Wal Jama’ah, Pustaka Istiqamah, Surakarta, cet I, 1992M/1412H, p 12.
 
Hanca............. 

Kirim email ke