Sigana mah kuring teh cape euy  miluan paadu caturna ruu teh. Asa eleh sora ku 
koran nu nolak nu tarik  sorana sanajan can tangtu loba henteuna mah. Jadi geus 
we lah rek  ngelehan, kuring deuk milu nolak ruu. Ngan salian rek milu nolak,  
kuring mah nambahan milu usul ngarah teu diprotes: "ah silaing mah  bisana ngan 
nolak wungkul!"
  
  Usul kuring didasaran teorina abah  Weber ngeunaan parobahan sosial. Ceuk 
manehna salah sahiji tanaga nu  bisa mucunghulkeun parobahan sosial hiji 
masarakat teh nyaeta  rasionalisasi kahirupan eta masarakat. Ceuk manehna oge, 
kulantaran di  masarakat teh aya macem-macem kapentingan, rasionalisasi teh 
dina  prosesna sok mawa konflik jeung riributan.
  
  Tah tina dua pamikiran Weber di  luhur, usul kuring hayu lah urang  
rasionalisasikeun kahirupan urang dina widang 'perpronigrafian' tea.  Kumaha 
cara rasionalisasina? Gampaaang, turutan wae nagara batur nu  geus kabukti 
"maju" lah! Tapi urang mah ulah pipilueun ributna nagara2  eta zaman baheula nu 
nepi ka aya perang sipil sagala. Urang mah hayu we  plek turutan siga kumaha 
manehna ayeuna ngatur masarakatna.
  
  Kumaha prakna usul ieu teh? Kuring  ayeuna rek ngusulkeun teu perlu aya RUU 
APP. Tapi salian ti eta, hayu  oge urang ngarobah cara hirup urang jeung milu 
dina sosialisasi  parobahan cara hirup eta. Hayu urang galakkeun hirup bebas, 
hayu urang  halakeun pelacuran, aborsi, sakalian cabut we lah UU perkawinan,  
nanahaon lah kawin sagala ngan ukur sumber ribut wungkul.
  
  Tah mun geus sarua kabeh aturanna  pan urang bisa tenang teu kudu mikiran 
hal-hal eta. Barudak bisa bebas  macaan naon wae tur bisa soson-soson diajar. 
Naon sababna? Sabab mun  misalna maranehna nempo jelma buligir teu kudu 
susumputan bisi  kapanggih ku kolotna atawa ku batur da geus loma ieuh. Keun we 
misalna  si Enok adi kuring geus ningali si Anjas buligir terus hayang indehoy  
mah sina menta we ka babaturan lalakina, asal suka jeung suka wae lah  daripada 
susumputan. Atuh para kolot teu kudu mikiran ka saha  anak-anakna ulah sok 
hayeuh ngadesek anak awewena sangkan ati-ati jeung  teu kudu sieun diperkosa, 
moalenya geus dibebaskeun palacuran jeung  bisa meunang indehoy suka pada suka 
masih keneh aya nu merkosa? 
  
  Kumaha mun budak hamil umur  14/15/16 taun siga anu kajadian di nagara2 maju 
tea? Nya tong kapalang  atuh, turutan oge: urang halalkeun aborsi. Turutan oge 
pamarentah  nagara2 eta nu ngajamin tiap bayi nu lahir di eta nagara. Siga di  
Inggris tea geuning, tiap bayi lahir dibere tunjangan. Keun bae upama  misalna 
ku aturan ieu urang kudu bayar pajak gede siga di nagara2 eta  nu bisa nyampe 
50% atawa 70%.
  
  Tah sigana mah mun sakabeh cara  hirupna geus diturutan pamohalan atuh urang 
teu maju. Da tetela  pornografi mah ngan hiji subsistem tina sistem sosial nu 
leuwih gede.  Jadi moal bisa urang boga subsistem nu dilandasan hiji ideologi 
mun  kahirupan sosial masarakat nu lianna tacan nganut eta ideologi. Mun  urang 
ngan nyonto sabagian-sabagian, teorina si Abah Weber tea bakal  kajadian: urang 
bakal moal maju-maju da tanaga urang beak ku konflik  jeung riributan siga 
ayeuna. Contona hayang boga kabebasan pers tapi  para kolot masih sieun budak 
awewena indehoy tapi teu nikah heula, teu produktip lin?   
  
  Kumaha jelma2 nu boga pamadegan yen  hirup siga kitu teh teu saluyu jeung 
kayakinnana? Keun wae lah, salah  sorangan sieunan jeung leutik burih. Mun teu 
satuju titah ingkah nyieun  nagara sorangan ka dituh! 
  
  Yudi
  Maret 2006
   

     ..:::..
 Regards
 
 [EMAIL PROTECTED]; [EMAIL PROTECTED]; [EMAIL PROTECTED]    






                
---------------------------------
Brings words and photos together (easily) with
 PhotoMail  - it's free and works with Yahoo! Mail.

[Non-text portions of this message have been removed]



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke