Ngahaja dina gambar mah ku kuring teu ditingalikeun posisi areng batok 
kalapa disimpenna di palih mana heuheuheu...meh panasaran we...
Dibandingkeun jeung keusik, koral, oge injuk, jumlah areng batok kalapa nu 
dianggo leuwih saeutik. Da fungsina pikeun nyerep warna jeung bau ieuh, 
jadi saeutik weh. Tapi, mun rek seueur oge teu nanaon, eta leuwih alus, 
meureun...Kulantaran saeutik eta, ku kuring ngahaja teu digambarkeun.

Sabenerna mah, urutan tumpukan keusik, koral, injuk oge areng batok kalapa 
bisa we dimodifikasi, sakasuka urang sorangan. Kalayan ngilo sababaraha 
"pertimbangan teknis". Nu aya dina gambar kiriman kuring, eta mah husus 
pikeun saringan keusik nu aya di sasaungan kuring. Bener aya nu kaliwat 
kagambarkeun. Pangluhurna ditambahan deui ku tumpukan injuk supaya keusik 
teu muncrat kamana mendi lantaran "gorojog"-na cai tina kompa. 

Ari areng batok kalapa mah, mendingan disimpen luhureun keusik atawa 
dicampur oge sareng keusik teu nanaon. Ngan tong disimpeun handapan 
keusik, komo handapeun koral mah, bisi arengna bubuk.

Kitu meureun...susuganan mangpaat...



Baktos,
OTA
*** Ngahaja deui ku kuring teu digambarkeun sakumaha kabutuhan keusik, 
koral, injuk katut areng. Oge teu digambarkeun sakumaha luhurna eta 
mangkeluk (keusik jsb.) dina toren. Heuheuheu...
 


Areng kalapana teh disimpen di luhureun anglo. Teras sundut , geberan dugi 
ka ruhay.
Parantos ruhay , tiiran  potongan daging domba . Tong arageung teuing 
motong dagingna teh......, teras na mah ... tangtos bakal terang 
nyalira... Heu.heu.heu
 
Hilap panginten kang Ono na. Rarusuh  nyambut padamelan.
 
Salam
 

Taufik <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ari areng  batok kalapana disimpen palih mana ? diluhureun keusik atanapi 
dihijikeun sareng injuk…?

From: [EMAIL PROTECTED] [mailto:[EMAIL PROTECTED] 
Sent: 16 Januari 2007 16:15
To: [email protected]
Subject: [Urang Sunda] Pangalaman Kuring

Geus lila kuring teu ulubiung deui ngawangkong di ieu milis. Puguh pakepuk 
bae ku paculeun... 
Ayeuna alhamdulillah rada nyalse, ngan bingung rek nulis naon ka milis 
teh. Atuda macaan postingan ti baraya kusnet, meuni sakitu numpukna, teu 
karampa inti pasoalannana, nu antukna jadi hoream heuheuheu... 

Ieu mah rek nyaritakeun pangalaman kuring bae ah. Pangalaman kuring 
sababaraha waktu ka tukang. Nalika kuring nyieun hiji konsep penerapan 
teknologi tradisional pikeun nyumponan cai pikeun nginum nu bersih tur 
sehat. Sakumaha ku kuring pernah dicaritakeun di ieu milis yen cai di 
sasaungan kuring teh kurang bersih, bau beusi jeung leutak, jeung 
sajabana...Mun diukur TDS-na jigana bakal nepika 1000 ppm mah. Meureun... 

Ku kuring ditarekahan kalayan ngagunakeun saringan tradisional nu eusina 
keusik, koral katut injuk. Ditambahan ku areng batok kalapa minangka 
active surfactant agent-na. Alhamdulillah hasilna alus. Cai teh jadi 
bersih tur teu bau deui. Dua minggu kaliwat, ku kuring diala sample-na 5 
botol 150 mL, rek diukur ka lab. Heuheuheu...hasilna matak nyugemakeun. 
Tina 5 botol sample eta, ngan hiji nu ngabogaan TDS 200 ppm. Sesana mah 
(opat botol deui) ngabogaan TDS kurang ti 200 ppm. Rata-ratana mah 170 
ppm. 

Ku kuring dibandingkeun jeung sample cai ledeng ti PDAM Subang, nu 
singhoreng sanggeus diukur di lab TDS-na 350-400 ppm. Malah cenah, ceuk si 
analis lab, TDS cai ti PDAM Subang mah kungsi nepika 500 ppm. 

Salian ti eta, ku kuring dibandingkeun oge jeung kualitas "air minum 
kemasan" kayaning merk 2 Tang jeung Aqua. Air minum kemasan ti 2 Tang mah 
hade, TDS na ngan 70-100 ppm. Ngan nu ti Aqua nu rada goreng mah, TDS na 
ampir sarua jeung cai nu dihasilkeun ku saringan tradisional jieunan 
kuring, nyaeta nepika 200 ppm. 

Nurutkeun WHO, batasan maksimum TDS air minum nu bersih nyaeta 1000 ppm. 

Sabenerna mah saringan keusik teh geus teu bireuk deui. Kuring oge apal 
ngeunaan ieu teknologi tradisional teh ti baheula. Jaman kiwari sabenerna 
geus rea teknologi nu leuwih canggih pikeun ngabersihkeun cai. Ngan rega 
(harga) na lumayan awis. Rarasaan mah leuwih ti 6 juta. Di bandingkeun 
jeung kuring, nu ngan ngamodal kurang ti 1.5 juta, eta teh geus kaasup 
beaya tukang nu mang masangkeunna. Paling oge nu dibutuhkeun teh, toren 2 
siki, keran, paralon 1/2 jeung 3/4 inchi, keusik, koral, injuk jeung areng 
batok kalapa. Tah, ku kuring ditangkodkeun sketsa gambar sistem saringan 
keusik nu aya di sasaungan kuring di Cinangsih Subang. Mudah-mudahan aya 
mangpaatna. Punten teu disundakeun. 



Baktos, 
OTA ,___ 

Kirim email ke