Pon dina kapapatenan geuning sok aya acara nyusur tanah (sapoena), 3 poena, 7 poena, 40 poena, 100 poena(natus),
==> dina proses ieu mah, manawi aya nu terang naon kitabna (kang Agus W) manawi... dinten ka-1 dugi dinten ka-3 kaluarna getih beureum ti mayit nu dikubur. dina dinten ka-3 dugi dinten ka-7 kaluarna getih hideung,,bodas sareng kokotor sanesna. dina dinten ka-7 dugikeun dinten ka-40 ,mulai proses janten burukna kurung/jasad urang, oge mulai "ngaruliatna" bilatung2 kana raga urang. ti dinten ka-40 dugikeun ka-100 na proses dihakanan ku bilatung awak urang teh...teras dugi keun tos kari tulang-tangkorak dina mendak satauneunna teh... Jigana mah...Numawi sok aya nu ngadu'akeun dina waktos2 eta teh...mugiya dina ngalakonan proses anu abot eta teh aya dina rahmat sareng asihna Pangeran ka eta mayit...wallahu 'alam. Kecuali aya kondisi2 luar biasa kana eta mayit moal ngalakonan proses eta... kanggo ciri, kanggo pangajaran umat... oge yakin , anu tos "dugi" kana hakikatNA, anu tos dugi ka sajatiNA, moal ngalakon eta proses. pessssssss....weh...hilang wujud tanpa karana.... tapi kalahka disebatkeun tilem,tilem...padahal can tangtos tilem kamana2na....kumaha jalmina. puun ampuun... engkus ruswana wrote: > Haturan Mang Jamal, dina raraga ngaguar atanapi > nyungsi diri nyuay badan, luluhur urang memang sok > ngaitkeun jeung angka-angka nu kamungkinan supaya > gampang diapalkeun jeung dihartikeunana(sabab budaya > tulis teu acan berkembang), pon kitu deui kamungkinan > bangsa sejen oge sami. Upama dilenyepan, angka-angka > husus nu ngait sual guaran diri, nyaeta angka 1, 3, 4, > 7 jeung 9. Angka-angka ieu sok digunakeun dina upacara > nu ngait kana proses kalahiran manusa ka alam dunya > (kakandungan), jeung proses mulangna manusa ti alam > dunya (kapapatenan). > > #angka 1 nyimbulkeun katunggalan (Gusti, > manusa/ingsun, rasa, dunya jsb) > # angka 3 nyilibkeun 3 unsur utama nu aya dina kujur > manusa (lahir-batin-kuring/ingsun; > pikir-rasa/napsu-kuring/ingsun; uga-waruga-ingsun; > budi-daya-kuring, jsb)==> geuning sok timbul istilah > tri-tunggal; tri-nitas; tri-murthi; tri-loka jsb. > # angka 4 ngalambangkeun 4 unsur nu ngajadi > wujud/waruga manusa nyaeta acining > cai-seuneu-angin-bumi ==> geuning urang sok manggihan > istilah "papat kalima pancer", maksadna nyaeta > nerangkeun wujud/waruga nu asal ti 4 unsur nu > dipanceran (kalima) ku kuring/ingsun. Ingsun kudu jadi > pancer sabab 4 unsur dina diri ieu mawa nafsu-nafsu > sewang-sewangan kayaning kadunyaan, kahewanan, > karobanan jeung kasetanan. > # angka 7 nerangkeun 7 unsur pangawasa kudrat ti Nu > Kawasa (nu sifatna batin) sapertos nu disilib keun > dina Guriang Tujuh, oge nu sifatna lahir nyaeta > lapisan nu aya dina diri manusa > (bulu-kulit-darah-daging-lamad-balung-sumsum). > # angka 9 nerangkeun jumlah parabot utama nu > digunakeun ku manusa nu sifatna lahir jeung batin, > nyaeta : panon (lahir) jeung awasna (batin); ceuli > jeung dengena; irung jeung ambeuna; sungut jeung > ucapna; leungeun jeung obahna; suku jeung langkahna; > uteuk jeung elingna; hate jeung pikirna; sarap jeung > rasana. ===> tah ku kamotekaranana karuhun terus bae > disimbulkeun dina kacapi nu jumlah kawatna 18 (2x9) nu > ngancik dina bentuk parahu (nyimbulkeun wujud diri nu > keur ngalalakon di dunya/"mengarungi samudra > kehidupan") > > Dina upacara mapag kalahiran manusa geuning adat urang > mah sok aya acara sabulanan, tilu bulanan, 4 bulanan, > 7 bulanan, 9 bulanan (mung nu masih biasa dipake mah 3 > bulanan jeung 7 bulanan). Pon dina kapapatenan geuning > sok aya acara nyusur tanah (sapoena), 3 poena, 7 > poena, 40 poena, 100 poena(natus), sataunna (mendak > taun) jeung sarebu poena(newu). Teras bae saprak Islam > lebet ka pasundan ditambihan ku babacaan ayat-ayat > Quran disebut bae tahlilan, jadi ceuk nu teu apal mah > tahlilan teh lain adat Sunda (???), sabalikna ceuk nu > apal jeung nganut paham batur sautuhna, majarkeun teh > haram mun ngalakukeun upacara tahlilan. > > Tah kitu mang Jamal oge saparakanca kidulur sunda, > simkuring yakin ajaran/paham agama naon bae dina > ngajelaskeun ajaranana teh umumna teu leupas tina > ngagunakeun angka-angka. > > sakitu heula nu kapihatur. > > Engkus, > > --- mj <[EMAIL PROTECTED] <mailto:jamal%40itenas.ac.id>> wrote: > > > > > Sanes ieu mah mung nyoba ngahubungkeun-hubungkeun > > angka. > > Angka 7 cek mitologi yunani kitu, cenah angka > > pangeran. > > Dina dongeng snow white kitu, dwarf atawa kurcaci > > jumlahna tujuh oge. > > > > Leupas ti aya hubungan atawa henteu, angka tujuh > > sigana boga harti > > universal, maksudna nya 'angka pangeran' atau 'angka > > suci'. > > Patarosanana, tangtu naha? > > > > ------------ > > Istilah Guriang aya dina carita Sangkuriang sareng > > Mundinglaya Dikusumah. Guriang digambarkeun sabangsa > > lelembut (mahluk halus) jeung biasana jumlahna > > tujuhan. > > > > Guriang Tujuh asal tina kecap Guru hyang tujuh, > > maksudna tujuh pangawasa suci nu asal ti Gusti nu > > ngancik dina diri manusa, nyaeta : > > > > > > > > > > __________________________________________________________ > No need to miss a message. Get email on-the-go > with Yahoo! Mail for Mobile. Get started. > http://mobile.yahoo.com/mail <http://mobile.yahoo.com/mail> > >

