Mangga kang Teten simkuring bade nyobian ngawaler ieu
patarosan manawa sareng manawi kaanggo, kitu oge
kidulur nu sanes tangtos oge aya nu tiasa medar
pamendakna.
Waleran simkuring kieu:
Carangka teh sami hartosna sareng kurung atanapi
waruga atanapi dirsakujur. Tah kolot urang nyebatkeun
yen "carangka manjing curiga" anu hartosna ceuk sim
kuring mah yen urang teh kudu ngabogaan
kacurigaan/kasieun sok bisi kurung teu kacumponan
pangabutuhna jeung bisi eta carangka/kurung dipake
migawe nu lain keur kaperluan kuring (nu welas-asih).
Apan sidik yen kurung teh mangrupakeun parabot kuring
pikeun nganyahokeun jeung ngalalakon di dunya, sidik
yen kurung teh nu nganteur kahayang kuring. Tah mun
geus boga rasa-rumasa, atuh kanyahokeun naon
pangabutuh kurung teh supaya kurung bisa nganteur
kahayang kuring, mun lapar bere dahar, mun halabhab
bere nginum, mun kapanasan iuhan, mun katirisan
haneutan, da kurung-kurung keneh nu migawena mah ngan
memang kudu dikanyahokeun jeung dipikanyaah ku
kuringna, ku saha deui atuh mun lain ku kuringna. Tah
di dieu hartina nyaah ka diri ("elmu karuhun sunda teu
ngajarkeun puasa meurihan beuteung atawa
nyepi-ngasingkeun diri ka leuweung ka gunung"), lamun
geus bisa nyaah ka diri hartina geus nyaah ka Gustina
(Sembah Hyang). Mun geus boga rasa rumasa nu tangtu
mikanyaah ka dirina (sembah hyang), atuh tangtu bakal
nyaah ka diri batur (ka  sasama hirup), tah mun geus
bisa ngalaksanakeun mikanyaah ka sasama hirup (aya
istilahna nulung kanu butuh - nalang kanu susah -
nganteur kanu keueung - nyaangan kanu poekeun), tangtu
bakan nepi kana karukunan hirup. Cindekna mah urang
teh kudu boga rasa-rumasa, kudu nyaah ka diri, kudu
nyaah ka sasama, nu tangtu bakal nepi ka karukunan
hirup (apan eta tujuan manusa di dunya mah??) ===> Tah
kaayaan ayeuna mah geuning tebih pisan kana papagon
karuhun teh.  

Nyanggakeun manawi katampi, ... Nuhun sun


--- Teten Kustendi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Haturan ka Sadayana,
> 
> Upami ngadangu opat kalima pancer teh, sim kuring
> mah sok emut jaman kapungkur, 
> waktos nini abdi masih aya, anjeuna sok nyebat2
> papat kalima pancer.
> Oge salian ti eta, aya istilah anu dugi ka ayeuna
> sim kuring masih acan paham.
> 
> ete istilah teh nyaeta "Carangka manjing curiga"
> 
> Tah kumaha wargi sadayana, aya nu terang maksadna
> eta istilah, kumaha Kang Engkus tiasa 
> masihan bongbolongan?
> 
> hatur nuhun
> 
> - Teten-
> 
> 
> 
> 
> ----- Original Message ----
> From: engkus ruswana <[EMAIL PROTECTED]>
> To: [email protected]
> Sent: Thursday, February 22, 2007 12:04:35 PM
> Subject: RE: [Urang Sunda] Guriang, Sang Guriang,
> sareng Sangkuriang
> 
> Haturan Mang Jamal, dina raraga ngaguar atanapi
> nyungsi diri nyuay badan, luluhur urang memang sok
> ngaitkeun jeung angka-angka nu kamungkinan supaya
> gampang diapalkeun jeung dihartikeunana( sabab
> budaya
> tulis teu acan berkembang), pon kitu deui
> kamungkinan
> bangsa sejen oge sami. Upama dilenyepan, angka-angka
> husus nu ngait sual guaran diri, nyaeta angka 1, 3,
> 4,
> 7 jeung 9. Angka-angka ieu sok digunakeun dina
> upacara
> nu ngait kana proses kalahiran manusa ka alam dunya
> (kakandungan) , jeung proses mulangna manusa ti alam
> dunya (kapapatenan) .
> 
> #angka 1 nyimbulkeun katunggalan (Gusti,
> manusa/ingsun, rasa, dunya jsb)
> # angka 3 nyilibkeun 3 unsur utama nu aya dina kujur
> manusa (lahir-batin- kuring/ingsun;
> pikir-rasa/napsu- kuring/ingsun; uga-waruga-ingsun;
> budi-daya-kuring, jsb)==> geuning sok timbul istilah
> tri-tunggal; tri-nitas; tri-murthi; tri-loka jsb.
> # angka 4 ngalambangkeun 4 unsur nu ngajadi
> wujud/waruga manusa nyaeta acining
> cai-seuneu-angin- bumi ==> geuning urang sok
> manggihan
> istilah "papat kalima pancer", maksadna nyaeta
> nerangkeun wujud/waruga nu asal ti 4 unsur nu
> dipanceran (kalima) ku kuring/ingsun. Ingsun kudu
> jadi
> pancer sabab 4 unsur dina diri ieu mawa nafsu-nafsu
> sewang-sewangan kayaning kadunyaan, kahewanan,
> karobanan jeung kasetanan.
> # angka 7 nerangkeun 7 unsur pangawasa kudrat ti Nu
> Kawasa (nu sifatna batin) sapertos nu disilib keun
> dina Guriang Tujuh, oge nu sifatna lahir nyaeta
> lapisan nu aya dina diri manusa
> (bulu-kulit- darah-daging- lamad-balung- sumsum).
> # angka 9 nerangkeun jumlah parabot utama nu
> digunakeun ku manusa nu sifatna lahir jeung batin,
> nyaeta : panon (lahir) jeung awasna (batin); ceuli
> jeung dengena; irung jeung ambeuna; sungut jeung
> ucapna; leungeun jeung obahna; suku jeung langkahna;
> uteuk jeung elingna; hate jeung pikirna; sarap jeung
> rasana. ===> tah ku kamotekaranana karuhun terus bae
> disimbulkeun dina kacapi nu jumlah kawatna 18 (2x9)
> nu
> ngancik dina bentuk parahu (nyimbulkeun wujud diri
> nu
> keur ngalalakon di dunya/"mengarungi samudra
> kehidupan")
> 
> Dina upacara mapag kalahiran manusa geuning adat
> urang
> mah sok aya acara sabulanan, tilu bulanan, 4
> bulanan,
> 7 bulanan, 9 bulanan (mung nu masih biasa dipake mah
> 3
> bulanan jeung 7 bulanan). Pon dina kapapatenan
> geuning
> sok aya acara nyusur tanah (sapoena), 3 poena, 7
> poena, 40 poena, 100 poena(natus) , sataunna (mendak
> taun) jeung sarebu poena(newu). Teras bae saprak
> Islam
> lebet ka pasundan ditambihan ku babacaan ayat-ayat
> Quran disebut bae tahlilan, jadi ceuk nu teu apal
> mah
> tahlilan teh lain adat Sunda (???), sabalikna ceuk
> nu
> apal jeung nganut paham batur sautuhna, majarkeun
> teh
> haram mun ngalakukeun upacara tahlilan.
> 
> Tah kitu mang Jamal oge saparakanca kidulur sunda,
> simkuring yakin ajaran/paham agama naon bae dina
> ngajelaskeun ajaranana teh umumna teu leupas tina
> ngagunakeun angka-angka.
> 
> sakitu heula nu kapihatur.
> 
> Engkus, 
> 
> --- mj <[EMAIL PROTECTED] ac.id> wrote:
> 
> > 
> > Sanes ieu mah mung nyoba ngahubungkeun- hubungkeun
> > angka.
> > Angka 7 cek mitologi yunani kitu, cenah angka
> > pangeran. 
> > Dina dongeng snow white kitu, dwarf atawa kurcaci
> > jumlahna tujuh oge.
> > 
> > Leupas ti aya hubungan atawa henteu, angka tujuh
> > sigana boga harti
> > universal, maksudna nya 'angka pangeran' atau
> 'angka
> > suci'.
> > Patarosanana, tangtu naha?
> > 
> > ------------
> > Istilah Guriang aya dina carita Sangkuriang sareng
> > Mundinglaya Dikusumah. Guriang digambarkeun
> sabangsa
> > lelembut (mahluk halus) jeung biasana jumlahna
> > tujuhan.
> > 
> > Guriang Tujuh asal tina kecap Guru hyang tujuh,
> > maksudna tujuh pangawasa suci nu asal ti Gusti nu
> > ngancik dina diri manusa, nyaeta : 
> > 
> > 
> > 
> > 
> 
> ____________ _________ _________ _________ _________
> _________ _
> No need to miss a message. Get email on-the-go 
> with Yahoo! Mail for Mobile. Get started.
> http://mobile. yahoo.com/ mail 
> 
> 
> 
> 
>  
>
____________________________________________________________________________________
> No need to miss a message. Get email on-the-go 
> with Yahoo! Mail for Mobile. Get started.
> http://mobile.yahoo.com/mail 




 
____________________________________________________________________________________
Need Mail bonding?
Go to the Yahoo! Mail Q&A for great tips from Yahoo! Answers users.
http://answers.yahoo.com/dir/?link=list&sid=396546091

Kirim email ke