hatur nuhun pisan, ke nya sakedap pami iyeu pademelan nu teu beres beres
tong rengse, insya alloh alamat nu di pasihan ku akang urang aos....
da tos sababaraha sumber teu aya nu sami maksad teh benten benten....
duka abdi mah nu kirang tataros mung di ajar nyalia...
hatur nuhun kang.........

salam baktos 
zuhdan "SP" tea...


  ----- Original Message ----- 
  From: Asep Hadiyana 
  To: [email protected] 
  Sent: Monday, March 26, 2007 4:15 PM
  Subject: Re: [Urang Sunda] Aksara Sunda



  Punten nembe dijawab deui yeuh kumargi kasibukan.

  Info aksara Sunda parantos dirangkum sareng dilebetkeun kana situs sim kuring 
di asephadiyana.tripod.com/sundanese_culture.htm.

  Sae pisan sareng balageur ku getolna urang Kusnet teh, meni reueus. 



  Saleresna mah sim kuring tos ngiring aub ngawitan ti taun 1998, mung carana 
benten, henteu ngalangkungan wikipedia. Sim kuring nyobi sosialisasi ka urang 
deungeun ku cara ngadamel situs dina basa Inggris ngeunaan Sunda sareng 
budayana anu mangrupi Cianjuran sareng Degung. Situs eta ditempelkeun di server 
tripod (alamat lawas: members.tripod.com/¬pasundan) sareng geocities. Hal ieu 
dilakukeun kumargi taun 1998 sim kuring sadar yen masih seueur lepat paham 
ngeunaan Sunda. Contona wae degung atanapi Cianjuran digolongkeun kana genre 
musik Jawa. Aya oge anu nganggap Sunda the aya di Afrika. Usaha ieu sakedik aya 
hasilna. Upamina wae aya urang deungeun anu nganuhunkeun kumargi tos dipasihan 
obor sapertos kieu:
    a.. Name: Josh Myerov
    b.. Email: [EMAIL PROTECTED]
    c.. Date: 13 Feb 2003
    d.. Time: 00:04:33
  Comment
  Congratulations, it looks like you have a great site. I stumbled onto it 
because I was looking into a used CD I just bought called "Degung 
Sabilulungan." The music is wonderfully hypnotic. I have to admit, though, I 
thought I was buying "Sudanese" music from East Africa, only to discover it's 
"Sundanese" music from West Java. What a great discovery. 
  Mugia ku ayana upaya / info ieu, urang deungeun ani katarik ku budaya Sunda 
moal nyasar ka tempat sanesna.

  Insya Allah upami aya bahan sareng waktos, bade nyobian oge nguisan info 
wikipedia.

  Pun Asep
  asephadiyana.tripod.com




  kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
    Kaleresan urang Kusnet teh garetol (nu getol eta ge, heuheu...). Potensi 
anu gede, mun dikamalirkeun sacara bener mah hasilna tiasa tohaga, najan ukur 
bati salingkuh ge. Anu jadi luluguna mah nyaeta Kang Dian ti LSS-ITB nu ayeuna 
nuju ngumbara di Jerman, dibantu ku baraya nu sejenna. Lian ti eta, proyek2 anu 
nuju dikeureuyeuh teh di antarana 'digitalisasi pustaka2 Sunda', 'tarjamah 
Qur'an basa Sunda', jeung jurnal 'koropak'.

    Upami salira minat ngiring aub, mangga diantos pisan...


    On 3/21/07, Asep Hadiyana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
      Hatur nuhun, ngabantos pisan. Engke upami salse, informasinya bade 
dirangkum teras dilebetkeun kana situs web sim kuring.

      Eta saha anu bageur ngalebetkeun warta / iber huruf Sunda kana wikipedia 
sareng oge ngadaptarkeun ka organisasi internasional ngeunaan huruf-huruf anu 
aya di dunya, kang?






------------------------------------------------------------------------------
  Food fight? Enjoy some healthy debate
  in the Yahoo! Answers Food Drink Q&A.

   

Kirim email ke