Tah, Urang Sunda siga kieu anu kedah diapresiasi teh.
aya karya nyata, sanajan sakadar  migawe kalayan
rerencepan. Kuring oge gaduh harepan, saleresna mah
dina hal budaya urang teh unggul, tapi nyaeta atuh,
can oge digali jeung dihayati, tos disimpulkeun
(sacara ekonomis) teu aya untungna miara jeung
mulasara kakayaan budaya karuhun (hususna basa jeung
budaya Sunda).
Ku ayana rancatan (sarana intenet) ceuk kuring mah
tiasa jadi, leuwih lami dina ngalestarikeun budaya.
Asal urangna sing soson-soson nulis keun naon-naon anu
jadi pipikiran jeung anu bisa dilaksanakeun ku urang
pikeun kamaslahatan balarea.

Mangga geura pedarkeun,pangalaman akang dina perkawis
ieu. hatur nuhun.

baktos,

mrachmatrawyani

--- Asep Hadiyana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>   Punten nembe dijawab deui yeuh kumargi kasibukan.
>    
>   Info aksara Sunda parantos dirangkum sareng
> dilebetkeun kana situs sim kuring di
> asephadiyana.tripod.com/sundanese_culture.htm.
>    
>   Sae pisan sareng balageur ku getolna urang Kusnet
> teh, meni reueus. 
> 
> 
> 
> Saleresna mah sim kuring tos ngiring aub ngawitan ti
> taun 1998, mung carana benten, henteu ngalangkungan
> wikipedia. Sim kuring nyobi sosialisasi ka urang
> deungeun ku cara ngadamel situs dina basa Inggris
> ngeunaan Sunda sareng budayana anu mangrupi
> Cianjuran sareng Degung. Situs eta ditempelkeun di
> server tripod (alamat lawas:
> members.tripod.com/¬pasundan) sareng geocities. Hal
> ieu dilakukeun kumargi taun 1998 sim kuring sadar
> yen masih seueur lepat paham ngeunaan Sunda. Contona
> wae degung atanapi Cianjuran digolongkeun kana genre
> musik Jawa. Aya oge anu nganggap Sunda the aya di
> Afrika. Usaha ieu sakedik aya hasilna. Upamina wae
> aya urang deungeun anu nganuhunkeun kumargi tos
> dipasihan obor sapertos kieu:
>   
>    Name: Josh Myerov
>    Email: [EMAIL PROTECTED]
>    Date: 13 Feb 2003
>    Time: 00:04:33
>   Comment  Congratulations, it looks like you have a
> great site. I stumbled onto it because I was looking
> into a used CD I just bought called "Degung
> Sabilulungan." The music is wonderfully hypnotic. I
> have to admit, though, I thought I was buying
> "Sudanese" music from East Africa, only to discover
> it's "Sundanese" music from West Java. What a great
> discovery. 
>   Mugia ku ayana upaya / info ieu, urang deungeun
> ani katarik ku budaya Sunda moal nyasar ka tempat
> sanesna.
>    
>   Insya Allah upami aya bahan sareng waktos, bade
> nyobian oge nguisan info wikipedia.
>    
>   Pun Asep
>   asephadiyana.tripod.com



 
____________________________________________________________________________________
Get your own web address.  
Have a HUGE year through Yahoo! Small Business.
http://smallbusiness.yahoo.com/domains/?p=BESTDEAL

Kirim email ke