Wilujeng wengi teh Roro,
Meni jangkis (eh jangkdut kitu?), kumargi seueur gizi dina katuangannana
panginten. Sareng solehah. Memang agami (sareng olah ragi) kedah dicepeng, he
heh..
Wangsul ka perkawis warna, kumaha kacindekannana? Tiasa henteu upami
dicindekkeun yen dina basa Sunda:
Warna dibentenkeun tingkat kejeroan (kedalaman) warna (basa sains-na hue),
aya warna kolot sareng warna ngora (atanapi warna panas sareng tiis).
Hejo lagedod vs hejo daun (hejo tikuda);
Beureum euceuy
Warna dibentenkeun tina tingkat seueurna cahaya (contrast):
Bodas nyacas
Hideung lestreng
Warna oge dianggo dina ungkapan.
Hejo carulang
Koneng umyang
Bodas ngeplak (bodasna rata)
Hejo ngemploh (hejona rata?)
Hideung cakeutreuk (hideung + kotor)
Bilih aya anu kakantun atanapi kalepatan dina kasimpulan ieu, mangga tambihan
atanapi lereskeun ku teh Roro sareng para pamiarsa sadaya.
Salamna,
Pun Asep
Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Teh roro sabaraha kilo, tah?
totalna janten sabaraha rebu? Hoyong meser yeuh. Heu heu heu, heureuy ieu mah.
Ih, ni tiasaan nyelokna
1kg manggu x Beurat Salira abdi = Pangaos manggu
heheh.
Dina iklan TiPi ge kangge istri mah pamali pisan pami uar-uar BS teh
janten
moal dipasihan terang
pokonamah proporsional weh
heuheu. Tapi ari jangkung
mah mangga, 168cm. Eta teh rengking 3 di bumi mah
da kumaha citakanana
pararanjang.
Telkom Risti mah di Jl. Geger Kalong, sanes di Jl. Japati.
Aeh, muhun sok pagentos wae
asa teh RisTi mah di Japati. Sakapeungmah pami
salse dinten Minggu, sok ngadeuheus ka ditu ngiringan ceramah Ust. Aam-Percikan
Iman
raoseun tiis deuih seueur tatangkalan di dinya mah.
Biasa teh, waktos rehat, cai kopi sareng kuehna dicandak sareng disimpen dina
luhur meja caket komputer supados tiasa muka email (serelek?).
Oh, nuju rehat
cik atuh Kang, Kopi & Kuehna "di-share" kadieu geura
hihih...Abdi mah sok tara kaur pami aya emameun cakeut komputer teh, panangan
bade nyepengan mouse ge, tisoledat deui
tisoledat deui... kana tuangeun na
piring, janten mending diseepkeun heula tuangeunana nembe ngoprex. Serelek?
Surelek panginten
serelek mah kanggo hordeng heuheu...
Pun Asep
ro2
---------------------------------
Food fight? Enjoy some healthy debate
in the Yahoo! Answers Food & Drink Q&A.