Aya deui selentingan, yen karuhun Gajah Mada urang Tangerang (kiwari),
  asup kana akal, apan Raden Wijaya teh kasebatna pangeran mahkota karajaan
  Sunda/Pajajaran, waktos raden Wijaya masih burey, ramana (raja 
Sunda/Pajajaran)
  tilar dunya, ibuna Lembu Tal (urang wetan) saparantos caroge pupus, asa 
nunggelis 
  di karajaan Sunda/Pajajaran, nyuhunkeun mulih ka wetan. 
  Waktos mulih ka wetan, Lembu Tal/Prameswari sareng raden Wijaya/Pangeran 
  mahkota tangtos dikawal ku wadya balad ti karajaan Sunda/Pajajaran.
  Salah sawios wadya balad anu ngawal ka wetan aya karuhunna Gajah Mada,
  duka akina duka buyutna.
  Seuseueurna ieu wadya balad anu ngawal, satia ka raden Wijaya, tetep renggenek
  di wetan.
  Mung bae, diantawis sakitu seueurna wadya balad anu ngawal tangtos aya hiji 
dua
  jalmi anu henteu tiasa narima kana ieu pancen, tina teu tarima janten aral, 
tina aral
  janten ijid kanu nugaskeun.
  Salah sawios golongan ieu, diantawisna karuhun Gajah Mada, kaijid ieu 
diwariskeun
  ka anak incuna, matakna teu heran upama Gajah Mada ijid ka karajaan Sunda.
  Janten ambisi nalukkeun karajaan Sunda, alesanana taya lian males pati ka 
karajaan 
  Sunda.
   
  Wallaahu alam, ieu mah ngacapruk. leres henteuna mah nyanggakeun ka para akhli
  kanggo nalungtikna.
   
  Pihatur,
  ssw
   
  

Waluya [EMAIL PROTECTED]
          Cenah, aya nu boga pamadegan yen Gajah Mada teh sabenerna urang 
sabrang, 
tepatna Urang Minang. Duka data timana eta teh. Yamin sigana mah ka obsesi 
pisan ku Nasionalismeu Indonesia. Kuring boga peta sajarah Indonesia meunang 
Yamin, ku anjeunna wilayah Majapahit teh "dijieun" kacida legana, malah 
leuwih lega tibatan Indonesia. Waktu para arkeolog di Trowulan manggihan 
gerabah nu bentukna sirah jalma, ku Yamin langsung dianggap eta teh 
beungeutna Gajah Mada. Padahal, cenah mah eta teh cengcelengan jaman 
Majapahit da kapanggih loba pisan. Lamun teu salah di Majalah Tempo baheula, 
kungsi aya nu nyindir ka Yamin, pedah rurupaan cengcenglengan eta teh rada 
ngaharib-harib jeung pameunteu Yamin ...hehehehe. Nu nulis lain jalma 
jore-jore, urang Sunda, lah ...hilap deui namina mah, tapi salah sawios 
intelektual Nasional.

Baktos.
WALUYA



      Recent Activity
    
      16
  New Members
  
      18
  New Photos

Visit Your Group 
  SPONSORED LINKS
      
   Culture change  
   Corporate culture  
   Cell culture  
   Organization culture  
   Tissue culture

      Y! Messenger
  Instant hello
  Chat over IM with
  group members.

    Yahoo! Mail
  Drag & drop
  With the all-new
  Yahoo! Mail Beta

    Hellmann¿s Official
  Real Food Group
  on Yahoo! Groups
  find out more.



  .

 
         


http://cikundul3.multiply.com
  Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda
  Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda

Kirim email ke