Ah era mah lain ku incu atuh da incu aki mah can biasaeun mukaan milis, lamun 
ku ayi anu pinter muhun aki isin. Tapi aki mah ningal sumberna eta seratan, 
sanes lampiran-lampiranana.  Aki oge teu mastikeunmung dugaan, sidik maluruh. 
Ieu kabuktian jalmi mancala putra mancalaputri, teu daek nulis ngaran sorangan. 
Mangga buka sumberna di akhir eta tulisan.

mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:          waduh aki, tong sologoto ah, era ku 
incu. titenan sing teleb geura naon eusi eusi postingan teh ely kaitanana 
sareng lampiranana. eta lampirang sanes seratan teh ely, tapi salinan ti 
penulis sejen. 


  On 8/2/07, Tatang Sariman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:            
  Ayi Dulhalim oge baraya sadaya, aki tams maluruh sumber postingan  Ely, 
katohyan geuning, seratan Nofie Iman. Tah upami tos kapendak jenengan maluruhna 
rada gampil naros wae ka Yahoo atanapi ka Google. Aki tams naros yahoo, nya 
kapendak anu ngangken Elly teh pameget. Kapendakna tina komentar2 anu maos eta 
seratan, maruji sae, nyebatna "mas" tah konci eta tiasa dijantenkeun dasar, 
sigahna urang wetan sareng pasti pameget. Dipaluruh deui dina ramat lokana 
kapendak oge profilena, mung nyakitu tea teu jirim wajahna, mung sapotong nuju 
ngodok saku lancingan jean. Mung identitas sanesna jenengan leres Nofie Iman, 
yuswa 33, lulusan S2 di Amerika widang Finance, janten pantes damelna sareng 
pangalamanana dina eta widang. Ieu sadaya mung dugaan, sanes pasti. Janten 
leres eta seratan teh diserat dina Blog anjeuna, teras di alihkeun ka milis us. 
Hanjakal dikawitan ku kasombongan, sigah aing pang nyahona, sareng sigah 
ngarendahkeun anggota milis us pedah anjeuna oge kalebet
 rengrengan jalmi jegud nurutkeun daftar pang handapna.
   Linggihna oge di Amrik sareng di Jogya. SMAna di Muhamadiah,teras ka UGM, 
teras ka Amrik. wajar budak ngora kalawan pinter, tapi hanjeluna can tiasa 
nguasai diri. 
  Kahade ieu mung dugaan hasil maluruh, supados urang anu maos postinganana teu 
ragu sareng teu suudzon. 
  
Dulhalim <[EMAIL PROTECTED] > wrote:
                  Baraya…
  Punten ka sadayana sim kuring bade ngomentaran perkawis postingan ti teh Ely 
anu ceuk anjeuna ngangken geuliiiiisssss.
  Yeuh teh Ely, naha teh Ely teu terang yen di milist ieu teh seueur sarjana 
S1, S2, S3 oge S4. 
  Teu sakedik nu ngiringan milist ieu US anu sarukses anu tos tos di damel di 
sakuliah dunya,
  Kaimmpleng meureun ku teh Ely upami pendidikanana tos luhur kitu mah sareng 
di damelna tiasa ka LN mah. 
  (kacuali upami teh Ely idiot, moal tiasa mikiran yen US teh palalinter). 
  Masalah rek tertarik atanapi heunteuna ka postingan teh Ely mah kumaha uing 
weh, ulah dicaritakeun di awal. Mun rek mosting mah mosting weh. 
  Dibaca sukur teu di baca ge kajeun da teu sakabeh anggota milist keur salse.
  Itu geura teh Ely, bet suudzon wae ka papada jalmi teh.
  Saur saha warga KUSNET seuuer panganguran sareung pangsiunan? (na bet goreng 
hate kitu atuh?)
  Beu eta geura teh Ely nyangki warga KUSNET daya nalar na handap,
  Emangna teh Ely daya nalarna geus luhur kitu? Cik hayang nyaho sim kuring ari 
teh Ely lulusan mana?
  
  Yeuh teh Ely…
  Lamun teh Ely muslim meureun apal naon nu dimaksud beunghar teh? (nyaho 
teu???) 
  Beunghar dina Islam lain beunghar ku materi. Tapi beunghar elmu, agama jeung 
ngamalkeun elmuna ka sasama.
  Yeuh teh Ely dunya mah moal dibawa paeh, jang naon mikiran batur nu beunghar 
sagala. Ari teh Ely pangbeungharna ka sabaraha? (siga nu geus pangbeungharna 
wae!!!) 
   Beunghar di dunya mah nu nganilai na ge manusa keneh, tapi beunghar di 
aherat mah nu nganilai na ge Gusti Alloh. Moal tiasa dikukumaha eta nilai teh. 
(ngarti teu? Mun teu ngarti ngacung nya!!!) 
  
  Mun teh Ely teu ngarti keneh wae, siganamah nu disebut handap daya nalarna, 
pangangguran, pangsiunan sareng nu sapopoe na ngan mikiran eusi beuteung 
wungkul.
  Teu lain nyaeta TEH ELY sorangan….
  Ambek aing mahhhhh 
  





  



  
  
---------------------------------
  Be a better Globetrotter. Get better travel answers from someone who knows.
Yahoo! Answers - Check it out.   
  






  

         

       
---------------------------------
Got a little couch potato? 
Check out fun summer activities for kids.

Kirim email ke