Ehmmmmmmmmmmmm....,
kunaon ari ceu Ely nya, su'udzon teh mani kabina-bina teuing, ceuk saha
anggota milis ieu rata-rata pangangguran bari jeung nungguan maot sagala
jeung ceuk saha anggota milis ieu mahasiswa abadi....?
tuuh tingali aki Tatang anu di malaya nembe pisan nyangking gelar Doktor
(S-3) oge kang Dede anu di Bandung, sakeudeung deui kang Bohay nyangking
gelar Master jrrd.
Aceuk...,
cik atuh ari nanaon teh ulah asal ngong wae kudu bisa ngarasakeun hate batur
naha bakal ngeunaheun atawa kumaha piakibateunana ka hareupna, ulah
nyiar-nyiar pipaseaeun jeung piributeun atuh. didi eu ham anu sarupa kitu
dipahing pisan komo kana masalah pribadi mah da tujuan di ieu milis mah keur
silaturahmi bari silih simbeuh ku pangaweruh nu aya manfaatna.
Heuplah....omat sakali deui poma ulah mamawa kana masalah pribadi, nuhun.

"kkbm'69"
-sugan teh datang teh rek mawa kaademayeuman tapi sabalikna geuning....


On 8/2/07, ely evalita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   Wilujeng tepang akang anu kasep teteh anu geulis.
>
> Pribados ngartos anggauta milist KUSNET moal tertarik kana soal anu rada
> serius atanapi anu rada berat. Hal ieu dilantarankeun anggauta milist
> samodel kieu mah umumna jalmi anu  pangangguran matuh atanapi pensiunan anu
> teu aya pacabakan deui, dari pada nganggur ngantosan maot. Aya oge sih
> mahasiswa, tapi umumna mahasiswa kuuleun malih panginten mahasiswa abadi
> ............. kitutah panalungtikan pribados anu sapopoena ngurus masalah
> sosial masarakat.........
>
>
>

Kirim email ke