loba gorengna ngingu uubs teh cek kuring mah. leuwih hade diajar/make basa
indonesia atawa basa ingris nu geus jelas-jelas rea gunana. basa sunda mah
keur mah hese saeutik gunana deuih..


On Nov 6, 2007 6:14 AM, Eman Suherman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>   Sim kuring asa sapamadegan jeung Kang Ajip,  eta basa Sunda demokratis
> tea, ari kasopanan mah tetep dijaga, pan basa Indonesia atawa oge basa
> Inggris kaasup basa demokratis, teu manta-manta basa keur si dadap atawa si
> waru. Tapi meureun mun hayang kitu panjang keneh lalakon teh. Kahiji kudu
> aya ahli basa Sunda anu nangtukeun mana basa nu kudu dipake teh, atuh
> kaduana perlu waktu anu panjang, bisa dua generasi deui boa. Sakitu heula,
> wassalam, pun Eman
>
> *Tatang Sariman <[EMAIL PROTECTED]>* wrote:
>
>  Sanaos ti penjajah asalna, ari sae tur diangkeun sarta hirup di
> masyarakat, matak naon ditampi. Sanaos gagasan datang ti sorangan, ari
> kadituna matak malah ngaleungitkeun basa sunda, ah ceuk aki mah ke heula
> anan. Lamun hese lain alasan kudu dileungitkeun, geuning basa deungeun oge
> ditulis lain dibaca lain teu polemik? Anu puguh ayeuna basa sunda keur
> nungtut leungit di sawatara daerah sunda sabab di dinya loba jelema anu lain
> ti suku sunda. Jadi anu polemik mah jelemana.
>
> **
>
> _,___
>



-- 
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.:
datiparang.blog.com . deha.wordpress.com

Kirim email ke