Urang sunda ngawaris budaya modern ti karuhun, bandingkeun sifat asli urang sunda jeung etika masyarakat modern ayeuna... moal beda boh positifna boh negatifna teu kudu dijentrekeun contona bisi cangkeul maca na. hal anu kaliwat dina sajarah sunda, suku sunda can pernah ngarasakeun peurih bareng... naha akibat 4 musim tea, akibat geografis pesisir dan highland , atawa penindasan ti bangsa lain. molototan soft discuss abah MJ jeung maman gatra kuring diajar deui basa sunda nu bener, nyelipkeun istilah anyar dina basa buhun... lantaran maksudna dua inohong ieu teu beda, kang Maman ngarasa aya nu kudu dibenerkeun. kang MJ ngarasa its life ussually.
hatur nuhun nyaangan jalmi bodo siga kuring Enjum --- In [email protected], "Maman Gantra" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > --- In [email protected], mj <mangjamal@> wrote: > > > > Ngahiji kanggo naon kang? > > Ngahiji tangtuna lain dina harti formal mangrupa organisasi -- > sanajan aya pakaitna jeung oorganisasian oge. Maksud kuring, kumaha > getih goib eta mun tea mah aya - ngajirim? > > Contona: Kasus Batutulis baheula. Ku implengan kuring, basa aya > gempungan di Kebon Raya, urang Sunda (omat urang sunda di dieu lain > dina harti Kusnet, tapi bangsa Sunda umumna) bakal metet di eta > acara. Buktina? Ku taksiran, teu nepi ka sarebu! Naha, kasus eta teu > bisa noel kasadaran urang Sunda salaku hiji komunitas? Teu bisa > ngajirimkeun getih goib tadi? (Kalah kuring bae kawiwirangan, kuram- > kireum, basa taun hareupna, ditanya ku Adhi Massardi: Kabagean > sabaraha? Singhoreng, sawatara kolot urang ceuk Adhi narima duit > ti Said Agil. Rek nanyakeun langsung ka Said Agil poho bae. Padahal, > ayeuna, pan, anjeunna jadi tatangga kuring? Di Penjara Salemba, kari > leumpang ka wetankeun ti imah). > > Sanajan cawerangna urang Sunda dina gempungan eta bisa dijawab ku > asumsi-asumsi atawa analisis nu leuwih optimistis - ti mimiti nu > sipatna praktis-pragmatis (kaweur ku gawe atawa sakola, atawa teu > boga ongkos pisan, nepi ka teu bisa datang ka eta gempungan), nepi > ka nu sipatna ideologis (lain teu ngarasa urang Sunda, tapi keur > nanahaon nguruskeun "arca" titinggal jahiliyah?) - keur kuring mah > sababna ngan hiji: Taya lian ti artefak budaya huma eta (nu dina hal > ieu paaing-aing atawa teu paduli ka nu lian, "teu nanaon ku naon- > naon", "sahumana-sahumana", "sapipina-sapipina") nu nyangkaruk dina > DNA urang Sunda. > > Pon kitu deui perkara teu bisa ngahijina mayoritas elite-elite jeung > organisasi nu nyampak. Sakali deui, lain kudu diwadahan ku > organisasi tunggal. (Jeung omat: elite. Sanajan masih nganggap > kasadaran jeung kaparigelan urang dina oorganisasian masih kurang, > da boga "warisan" ngahuma tea, kuring teu ngawawaas kumna urang > Sunda jadi aktivis organisasi). Atawa saragamna pamadegan. Tapi, aya > heunteu kasadaran keur ngagarap isu nu sarua, nu kira-kira bisa > ngawujudkeun getih goib eta, nu sipatna positif? (Sanajan, engke, > cara ngalarapkeunnana beda-beda). Aya heunteu forum komunikasi antar > organisasi ka-Sunda-an nu digarap leuwih daria? Karuhan, aya heunteu > usaha-usaha nu leuwih daria dina ngaraeh sora-sora ti somah atawa ti > organisasi-organisasi nu leuwih leutik atawa nu masih lelengkah halu > mah? Sakanyaho kuring mah meh euweuh. Mun urang nyieun gempungan ka- > Sunda-an, sanajan dialpukahan ku "aktor-aktor" anyar, format atawa > pamilonna balik deui ka eta deui ka eta deui. Sabalikna, komunitas > anyar ge siga nu kurung batok, atawa cadu pisan kadar silaturahmi > jeung komunitas lian,naha nu sarua anyar atawa nu geus leuwih lila > makalangan nu kadituna, bisa ngawangun hiji sinergi. > > Pangalaman lian: Sawatara waktu ka tukang, kuring "aktif" di hiji > komunitas Sunda. Aranjeunna ngadaramel yayasan nu keur kuring > jeung sawatara batur lianna, pikeun ngawadahan aktivitas eta > komunitas. Teu ku hanteu, lajuna eta yayasan rada ngeyeted. Aya ari > ayana mah kagiatan. Ngan nyakitu, keur kuring, kurang nyugemakeun. > Lain bae kagiatan nu aya "kurang konseptual", tapi nya ukur > ngagugulung nu aya. Teu ngawadahan aspirasi lain nu nyampak di eta > komunitas. Nu jadi faktor dominan, nya DNA budaya huma eta: Antara > pangurus jeung anggota komunitas lianna, nu ngarasa teu kawadahan > aspirasina, pakeukeuh-keukeuh. Itu embung, ieu teu daek. Padahal, ti > jihad pangurus, ceuk kuring, tinggal nyieun SK atawa wadah keur eta > aspirasi. Ti pihak "oposisi", tinggal nyederhanakeun kagiatannana > atawa tuntutannana. Batu turun keusik naek. > > Antukna mah... teuing. Da, kuring geus teu di dinya. Bari, > sirikna, "dimarusuhan" ku duaanana. Dianggap plinplan. Ngan, nu > nongtoreng dina ceuli nepi ka kiwari, kasauran aranjeunna -- boh > ti "oposan" oge pangurus, nu intina: "Sabar, Jang. Urang mah turunan > jalma huma, sok pakeukeuh-keukeuh". Atawa, disimbutan ku "beda > visi", nu keur kuring kadar alesan pikeun misah ti nu geus aya. > > Tah, ningali kitu, lian ti sok jadi paneumbleuhan ("da urang mah > urang huma"), oge teu matak jadi mangpaat, nya urang piteskeun bae > eta mitos teh. Karah "mepende" jeung jadi paneumbleuhan, justifikasi > tina katuna urang pikeun "ngahiji". (Kaasup "mitos" posmodern > oge "sugema mah aya na pikiran", siga ceuk tadi, kudu dikritisi. Mun > lain dipiteskeun oge). > > Dina konteks komunikasi massa, pakait jeung tulisan MJ hususna, > kahayang kuring (tuh, pan, geus nafsu deui bae nu digugulung teh? > Kahayang....), isu eta mah tong disebut-sebut. Malah, alusna, > apungkeun isu-isu nu bisa miteskeun mitos eta. Kumaha urang > bisa "ngahiji" tadi. (Nya, di dieu relevansina ajakan nu disodorkeun > ku Kang Tirta - meureun. Ku ngapungkeun isu budaya basisir, > misalna). Kumaha getih teh teu ukur goib. Tapi, natrat dina hirup > nyata paling heunteu, nu tadi, di tingkat elite-elit Sunda > sorangan atawa leuwih leutik deui: Di antara elite-elite organisasi > nu aya. Boa-boa, getih goib teh ukur mitos deui bae? Ukur aku-akuan > bae? Deui-deui kadar ngupahan maneh, muji maneh, atawa mepende hate? > > Kitu, meureun, mun dibejer beaskeun mah, MJ oge nu lianna, nu > kabeneran molototan ieu pangacaprukan. Hampura pisan, mun euweuh nu > anyar dina komentar atas komentar atas komentar ieu. Oge, hampura, > mun kuring masih siga nu nyiduh ka langit bari masih dihieuman ku > modernisme, malah siga nu ngahucuhkeun developmentalisme pisan. > Bongan, dina panoong kuring, nya perkara ieu nu jadi salahsahiji > pasoalan urang teh kritis kana adat suradat umumna, miteskeun > mitos ngahuma hususna. Omat, dina konteks huhumaan, lain pedah > kuring teu kaajakan atawa hayang diajakan. Lain. Keur sakuringeun, > geus sugema lamun elite-elite Sunda nu aya, atawa elite-elite dina > hiji organisasi ka-Sunda-an "ngahiji" nepi ka wacana nu mucunghul > teh lain alatan "asa ditinggalkeun", tapi memang obyektif, pasoalan > nu leuwih subtantif. Kuring sorangan, siga salila ieu, cukup aya di > luar eta -- rumasa pan kuring mah teu satigin nu lian dina su-Sunda- > an teh. Ongkoh kuring mah hayang nurutan MJ: Sugema mah aya dina > pikiran, teu nanaon ku nanaon. Hehehe... > > Cag heula, ah. Bisa tambah panjang ngacaprukna. > > Eh, Epigram-na can maca, euy. Kungsi meuli, ngan dibikeun ka budak > Lampung jeung budak Balikpapan. (Lain dibikeun, ketang. Dipenta. Da > nu mentana awewe, budak SMA jeung guru SMP, nya dibikeun). Hampura > oge, "resensi" Rakaustriana-na teu kapuluk pisan. Iraha-iraha urang > jieun deui. Ngan, intina, salah sahiji pamanggih kuring nu, biasa, > nyanyahoanan: Bahan alus (sajarah jeung mitos-mitos nu nyampak di > urang, utamana Ciamis, nu "geueuman" jeung memang boga sajarah jeung > posisi khusus dina sajarah Sunda), cara ngolah (di antarana, nu > kuring inget, bagian Mang Kaning ngabelesat ti Cihideung ka > Tangkuban Parahu) kurang alus. Ku paningal kuring, iklim > surealistikna bisa ditingkatkeun deui. Komo, mun kaweruh filsafat di > dinya dibarungan ku basa jeung sikep nu leuwih "seurieus" mah > tong "pragmatis" teuing. Wani gelo siga Nietszche. Bisa postmo abis, > bari nedunan standar-standar lirisisme jeung kaparigelan basa jalma- > jalma kawas Goenawan. Tapi, kitu ge meureun. Rumasa lain manukna > jeung teu suhud nitenan sastra sakumaha kahirupan lianna. > > Ka Mas Bambang, hampura kituh ngaji Chopra-na teu diteruskeun. > Kaburu beak bekelna. >

