ari wewengkon holis, cijerah nepi ka cigondewah kumaha? heuheuheu...
abdi mah ngawakilan eta weh, tapina lain jang jadi kuncen, jadi pom pom boys
weh lah,,, hehehe...

-Bohay-

2008/2/19, mangjamal <[EMAIL PROTECTED]>:
>
>
> rampes...
>
> hanjakal ieu teh mangrupa jawaban pribadi salaku kuncen #3, tapi asana
> teu pati beda jeung kuncens sejen. dumasar kana cara ngangkat kuncens.
>
> proses ngangat kuncen kusnet biasana ku baraya kusnet nu tos janten
> kuncen - nu langkung sepuh/lami/senior saparantos disaluyuan ku baraya
> kusnet sanesna, utamana nu senior/lami nu oge sepuh dina yuswa. tah
> dina hal ieu, si kuring nempatkeun karep salaku kuncen #3, posisi si
> kuring handapeun Ua Sas sareng kang Ismail Rachman nu ngadamel ieu
> milis. hartosna, naon kaputusan kang Isra oge ua Sas, si kuring kudu
> nurut bin satuju. diharepkeun kuncen sanes oge kitu. da ongkoh biasana
> ngeunaan hal-hal umum kalebet cara ngagunaan basa nyaeta basa merenah
> dina hiji porum. tapi ari teu bisa mah nya basa ilahar, sabisana, cara
> urang sunda umumna nyarita di tempat umum.
>
> kuncen nu ayeuna siga DPD, dumasar wewengkon, aya nu cirebon (kang
> Ismail rachman, nu ngadamel ieu milis), ua sasmita (bandung),
> ciamis-bdg (si kuring),tasik-bogor (kang Eko Nugraha), kuningan
> (Ndoel Teja), garut (Kumi, Iskandar AS), sumedang (kang Boim), luar
> negri (apih Siddik di Seoul Korea, Asia Kaler) kang Trias
> Santosa(Hamburg, ngawakilan Eropa kulon)
>
> teu acan unggal wewengkon kawakilan. nu teu acan aya sukabumi,
> cianjur, bekasi, karawang, purwakarta, subang, indramayu, majalengka.
> amerika, afrika, timur tengah, asia kidul
>
> nu kersa ngacung!
>
> baktos
> mj
>
> > Sampurasun,
> > Alhamdulillah ayeuna mah asa longsong, teu pajurawet teuing pipikiran
> > teh. Hatur nuhun Mang, mudah-mudahan ieu teh sanes mangurupi jawaban
> > atas nami pribadi, tapi atas nami Kuncen Milis urangsunda
> > ([email protected] <urangsunda%40yahoogroups.com>), anu
> tangtosna mangrupa kesepakatan hasil
> > gempungan anu daria di antawis para Kuncen.
>
>  
>

Kirim email ke