Dina surat2 anu otomatis dikirim ka unggal anggota anyar, aya di antarana embaran nu nyebutkeun ngeunaan Kusnet. Mangga geura diaos... Tos cekap pisan, eces jeung pertela, ceuk babaturan kuring urang Cirebon mah...
Kusnét: nu loba ditanyakeun 1. Naon tujuanana ngawangun milis urangsunda? Forum ieu diwangun pikeun ngamumulé basa jeung budaya urang Sunda. 2. Ari panganteurna make basa naon? Di ieu milis diutamakeun pisan maké basa Sunda, tapi teu kaku. Utamana pikeun nepikeun embaran ti tempat séjén, kaci maké basa séjén (Indonésia, Inggris, jsb.). 3. Asa mindeng ngadéngé Kusnét téh, naon sih hartina? Kusnét téh Komunitas Urang Sunda di Internét, landihan pikeun komunitas milis [EMAIL PROTECTED] 4. Ari anggota Kusnét ieu teh urang mana wae? On 2/19/08, mangjamal wrote: > > hanjakal ieu teh mangrupa jawaban pribadi salaku kuncen #3, tapi asana > teu pati beda jeung kuncens sejen. dumasar kana cara ngangkat kuncens. > > proses ngangat kuncen kusnet biasana ku baraya kusnet nu tos janten > kuncen - nu langkung sepuh/lami/senior saparantos disaluyuan ku baraya > kusnet sanesna, utamana nu senior/lami nu oge sepuh dina yuswa. tah > dina hal ieu, si kuring nempatkeun karep salaku kuncen #3, posisi si > kuring handapeun Ua Sas sareng kang Ismail Rachman nu ngadamel ieu > milis. hartosna, naon kaputusan kang Isra oge ua Sas, si kuring kudu > nurut bin satuju. diharepkeun kuncen sanes oge kitu. da ongkoh biasana > ngeunaan hal-hal umum kalebet cara ngagunaan basa nyaeta basa merenah > dina hiji porum. tapi ari teu bisa mah nya basa ilahar, sabisana, cara > urang sunda umumna nyarita di tempat umum. >

