rampes... hanjakal ieu teh mangrupa jawaban pribadi salaku kuncen #3, tapi asana teu pati beda jeung kuncens sejen. dumasar kana cara ngangkat kuncens.
proses ngangat kuncen kusnet biasana ku baraya kusnet nu tos janten kuncen - nu langkung sepuh/lami/senior saparantos disaluyuan ku baraya kusnet sanesna, utamana nu senior/lami nu oge sepuh dina yuswa. tah dina hal ieu, si kuring nempatkeun karep salaku kuncen #3, posisi si kuring handapeun Ua Sas sareng kang Ismail Rachman nu ngadamel ieu milis. hartosna, naon kaputusan kang Isra oge ua Sas, si kuring kudu nurut bin satuju. diharepkeun kuncen sanes oge kitu. da ongkoh biasana ngeunaan hal-hal umum kalebet cara ngagunaan basa nyaeta basa merenah dina hiji porum. tapi ari teu bisa mah nya basa ilahar, sabisana, cara urang sunda umumna nyarita di tempat umum. kuncen nu ayeuna siga DPD, dumasar wewengkon, aya nu cirebon (kang Ismail rachman, nu ngadamel ieu milis), ua sasmita (bandung), ciamis-bdg (si kuring),tasik-bogor (kang Eko Nugraha), kuningan (Ndoel Teja), garut (Kumi, Iskandar AS), sumedang (kang Boim), luar negri (apih Siddik di Seoul Korea, Asia Kaler) kang Trias Santosa(Hamburg, ngawakilan Eropa kulon) teu acan unggal wewengkon kawakilan. nu teu acan aya sukabumi, cianjur, bekasi, karawang, purwakarta, subang, indramayu, majalengka. amerika, afrika, timur tengah, asia kidul nu kersa ngacung! baktos mj > Sampurasun, > Alhamdulillah ayeuna mah asa longsong, teu pajurawet teuing pipikiran > teh. Hatur nuhun Mang, mudah-mudahan ieu teh sanes mangurupi jawaban > atas nami pribadi, tapi atas nami Kuncen Milis urangsunda > ([email protected]), anu tangtosna mangrupa kesepakatan hasil > gempungan anu daria di antawis para Kuncen.

