Yah... leres sacara definitif "Culture" mah leres...tapi ari pangaruh kabebeasa pulitik ayeuna tos ngalahirkeun budaya pop = pst modernanu langkung mirip kana leupasna belengggu pulitik, sacara spontan dimasyarakat muncul2 niley2 baru radsa jati diri baru jrrd..anu kirang jelas eta teh robihan kultur ( ansich tina "culture"0 atanapi ngan sauku5r "instataneous behaviorial change"
On 2/19/08, Abu Kasya <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > wilujeng siang... > > ceuk abdi mah tebih teuing ari urusan budaya di hubungkeun jana ranah > politik mah kang... > baheula ge munculna bahasa, munculna budaya mangrupakeun hasil tina > proses.... > Proses tina kamajuan peradaban, sareng pola fikir manusa.... > > makana dina tulisan kuring sateuacan na, ceuk pamikiran kuring standar > bahasa sareng budaya tiam jaman pasti bakal beda, sabab didinya di > pangaruhan ku akulturasi budaya sareng kamajuan peradaban manusa jaman > harita... > > baktos > Abu kasya > > On 2/19/08, H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > Alah mani seger pisan ..kakara dina sababraha surelek muncul ti Kang > > Wully eta kecap inti "feodalisme"...sigana ieu jurig asal muasal ayana UUBS > > teh...anu dihantem rarasaan ku basa sakti DEMOKRATIS...Ieu abdi anu ngaraos > > kirang pas. Salah sahiji paktor mah keuna nyaeta ...kabebeabsa nagaluarkeun > > pamadegan..tapi ngabantah atawa ngritik pamadegan batur oge kaci dina > > TATANAN DEMOKRASI.....Sigana anu hilap dibahas eh nyaeta proses demokrasina > > ansich..mun aya benten pamadegan pan kedah VOTING...janten dina demokrasi > > mah pan teu tangtos tiasa konsensus ...Dina soal UUBS sareng Non UUBS dina > > palebah benten pamadegan mah..pan biasa...adu argumennya pan teu kedah dugi > > ka pasea....sareng sigana hese bade dikonsesuskeun..karena nyabit masalah > > parobihan kultur..pulitik...masyarakat Sunda kiwari. Mun nganggo proses > > pulitik mah gampil....Voting wae saha anu pro UUBS sareng saha anu pro Non > > UUBS...., jantenna nya saluyu sareng proses demokrasi seueur > > group/partey/milist/website/dll..teu nanaon pan langkung seueur langkung > > sae...Paguyuban tradisional nya tetep wae tiasa jalan..santos anggotana > > tunduk kana aturan2 sareng etika anu parantos disatujuan sateuacan lebet > > kana milis... Kumaha ..kitu meureun ? > > > > On 2/18/08, waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > > > > dudi mulyadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > Ari pungsina ngedalkeun ucap make basa kanu diajak nyarita, > > > > tujuannana pan supaya manehna ngarti, terus narima kana naon anu > > > > dipimaksud ku urang. > > > > > > Satuju!, Kang Dudi. Rek dikumahakeun deui da diurang mah geus aya basa > > > > > > lemes, basa loma jeung basa kasar. Ngarobahna oge perlu "revolusi > > > budaya" ...hehehehe. Tapi Kacontoan ku Mao Xe Dong (Mao Tse Tung) di > > > RRC, nu nyieun gerakan "revolusi kabudayaan" keur ngarobah masyarakat > > > Cina. Tapi naon hasilna? urang Cina tetep we balik deui kana budaya > > > aslina. Kitu deui di Turki, Kemal Attaturk hayang ngarobah sacara > > > radikal "kabiasaan" urang Turki, hayang siga "urang Eropa". Tapi > > > hasilna? Urang Turki tetep we jadi urang Turki .... > > > > > > Kitu deui, urang Sunda (Priangan) rek di"revolusi" tina feodalismeu > > > jadi egaliter ku ngarobah basana, UUBS rek dileungitkeun. Sigana moal > > > bisa, tetep we balik deui. Lamun oge arek kitu, bisa ku jalan evolusi, > > > > > > prosesna lila. Contona ngaliwatan pendidikan basa Sunda di sakola nu > > > sabenerna mah geus dilakukeun ti ayeuna keneh oge. Mangga tempo > > > palajaran Basa Sunda di sakola, ceuk kuring mah geus cukup egaliter. > > > Pan lain hartina dina ngaleungitkeun UUBS teh, terus nyokot kecap- > > > kecap nu dianggap paling kasar jeung dianggap paling kurang sopan. > > > > > > Teu kabeh feodalismeu teh goreng. Etika cenah mimitina mucunghul tina > > > feodalismeu. Contona nu gampang dina tata cara dahar. Nu ngarasa > > > jalma "menak", daharna diusahakeun tara ceplak, tara nyeuhil > > > dihareupen batur, nyokotan dahareun make alat (sendok & garpu) teu > > > dikorowot ku leungeun. Malah urang Eropa, tata cara daharna leuwih > > > ruwet nu cenah mah loba nyoto "cara dahar" di Istana Perancis. Keur nu > > > > > > biasa dahar make "tata cara" kieu, bisa leungit selera daharna lamun > > > nurutan masyarakat nu katelah egaliter pisan, nu dahareunana > > > ditambrukeun dina piring gede, terus daharna "dikorowotan" babarengan. > > > > > > Padahal ari ceuk logika mah, naon salahna dahar sapiring bareng, terus > > > > > > dikorowotan ku leungeun? Geuleuh? ...ah sarerea oge mawa kuman, euweuh > > > > > > nu "bersih". Malah dahar model kieu, nunjukkeun masyarakat nu egaliter > > > > > > (pisan). > > > > > > Sigana tumuwuhna hiji basa oge kitu. Waktu manusa masih suku-suku, > > > basa nu dipake egaliter (pisan). Terus mucunghul karajaan, tumuwuh oge > > > > > > budayana, kaasup etika jeung tata cara ngomong (alias tata cara > > > bahasa). Basa sopan (lemes), umumna aya dina unggal basa oge. Ua > > > Siddik nu faham basa Korea, rarasaan mah kungsi nyebatkeun di KOrea > > > oge aya basa lemesna. KItu deui dina Basa Jepang, Ngan memang ari Basa > > > > > > Jawa mah (nu mnagaruhan Basa Sunda Priangan) rada make "TEUING" basa > > > lemesna, tepi ka "ripuh" nu makena. > > > > > > Jadi kudu kumaha? Ari ceuk kuring mah, pan geus aya jalan kompromina, > > > make "BASA LOMA" nu netral, lemes henteu, kasar henteu .... > > > > > > Baktos, > > > WALUYA > > > > > > > > > >

