wilujeng siang... ceuk abdi mah tebih teuing ari urusan budaya di hubungkeun jana ranah politik mah kang... baheula ge munculna bahasa, munculna budaya mangrupakeun hasil tina proses.... Proses tina kamajuan peradaban, sareng pola fikir manusa....
makana dina tulisan kuring sateuacan na, ceuk pamikiran kuring standar bahasa sareng budaya tiam jaman pasti bakal beda, sabab didinya di pangaruhan ku akulturasi budaya sareng kamajuan peradaban manusa jaman harita... baktos Abu kasya On 2/19/08, H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Alah mani seger pisan ..kakara dina sababraha surelek muncul ti Kang > Wully eta kecap inti "feodalisme"...sigana ieu jurig asal muasal ayana UUBS > teh...anu dihantem rarasaan ku basa sakti DEMOKRATIS...Ieu abdi anu ngaraos > kirang pas. Salah sahiji paktor mah keuna nyaeta ...kabebeabsa nagaluarkeun > pamadegan..tapi ngabantah atawa ngritik pamadegan batur oge kaci dina > TATANAN DEMOKRASI.....Sigana anu hilap dibahas eh nyaeta proses demokrasina > ansich..mun aya benten pamadegan pan kedah VOTING...janten dina demokrasi > mah pan teu tangtos tiasa konsensus ...Dina soal UUBS sareng Non UUBS dina > palebah benten pamadegan mah..pan biasa...adu argumennya pan teu kedah dugi > ka pasea....sareng sigana hese bade dikonsesuskeun..karena nyabit masalah > parobihan kultur..pulitik...masyarakat Sunda kiwari. Mun nganggo proses > pulitik mah gampil....Voting wae saha anu pro UUBS sareng saha anu pro Non > UUBS...., jantenna nya saluyu sareng proses demokrasi seueur > group/partey/milist/website/dll..teu nanaon pan langkung seueur langkung > sae...Paguyuban tradisional nya tetep wae tiasa jalan..santos anggotana > tunduk kana aturan2 sareng etika anu parantos disatujuan sateuacan lebet > kana milis... Kumaha ..kitu meureun ? > > On 2/18/08, waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > > dudi mulyadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > Ari pungsina ngedalkeun ucap make basa kanu diajak nyarita, > > > tujuannana pan supaya manehna ngarti, terus narima kana naon anu > > > dipimaksud ku urang. > > > > Satuju!, Kang Dudi. Rek dikumahakeun deui da diurang mah geus aya basa > > lemes, basa loma jeung basa kasar. Ngarobahna oge perlu "revolusi > > budaya" ...hehehehe. Tapi Kacontoan ku Mao Xe Dong (Mao Tse Tung) di > > RRC, nu nyieun gerakan "revolusi kabudayaan" keur ngarobah masyarakat > > Cina. Tapi naon hasilna? urang Cina tetep we balik deui kana budaya > > aslina. Kitu deui di Turki, Kemal Attaturk hayang ngarobah sacara > > radikal "kabiasaan" urang Turki, hayang siga "urang Eropa". Tapi > > hasilna? Urang Turki tetep we jadi urang Turki .... > > > > Kitu deui, urang Sunda (Priangan) rek di"revolusi" tina feodalismeu > > jadi egaliter ku ngarobah basana, UUBS rek dileungitkeun. Sigana moal > > bisa, tetep we balik deui. Lamun oge arek kitu, bisa ku jalan evolusi, > > prosesna lila. Contona ngaliwatan pendidikan basa Sunda di sakola nu > > sabenerna mah geus dilakukeun ti ayeuna keneh oge. Mangga tempo > > palajaran Basa Sunda di sakola, ceuk kuring mah geus cukup egaliter. > > Pan lain hartina dina ngaleungitkeun UUBS teh, terus nyokot kecap- > > kecap nu dianggap paling kasar jeung dianggap paling kurang sopan. > > > > Teu kabeh feodalismeu teh goreng. Etika cenah mimitina mucunghul tina > > feodalismeu. Contona nu gampang dina tata cara dahar. Nu ngarasa > > jalma "menak", daharna diusahakeun tara ceplak, tara nyeuhil > > dihareupen batur, nyokotan dahareun make alat (sendok & garpu) teu > > dikorowot ku leungeun. Malah urang Eropa, tata cara daharna leuwih > > ruwet nu cenah mah loba nyoto "cara dahar" di Istana Perancis. Keur nu > > biasa dahar make "tata cara" kieu, bisa leungit selera daharna lamun > > nurutan masyarakat nu katelah egaliter pisan, nu dahareunana > > ditambrukeun dina piring gede, terus daharna "dikorowotan" babarengan. > > Padahal ari ceuk logika mah, naon salahna dahar sapiring bareng, terus > > dikorowotan ku leungeun? Geuleuh? ...ah sarerea oge mawa kuman, euweuh > > nu "bersih". Malah dahar model kieu, nunjukkeun masyarakat nu egaliter > > (pisan). > > > > Sigana tumuwuhna hiji basa oge kitu. Waktu manusa masih suku-suku, > > basa nu dipake egaliter (pisan). Terus mucunghul karajaan, tumuwuh oge > > budayana, kaasup etika jeung tata cara ngomong (alias tata cara > > bahasa). Basa sopan (lemes), umumna aya dina unggal basa oge. Ua > > Siddik nu faham basa Korea, rarasaan mah kungsi nyebatkeun di KOrea > > oge aya basa lemesna. KItu deui dina Basa Jepang, Ngan memang ari Basa > > Jawa mah (nu mnagaruhan Basa Sunda Priangan) rada make "TEUING" basa > > lemesna, tepi ka "ripuh" nu makena. > > > > Jadi kudu kumaha? Ari ceuk kuring mah, pan geus aya jalan kompromina, > > make "BASA LOMA" nu netral, lemes henteu, kasar henteu .... > > > > Baktos, > > WALUYA > > > > > >

