> From: dudi herlianto
>  cek pamaca pangrasa pangdenge paningali kuring, panyatur-non-uubs asa
> 'dileuleungit', asa disapirakeun ku panyatur
> uubs. salila ieu aya tekanan sosial nu karasa ku maranehna dimana
> ngaromong make basa nu teu lemes, malah kasar (cek
> panyatur uubs). maranehna sok dianggap jalma dusun jauh ka bedug nu teu
> ngahakan bangku sakola. dianggap garihal nepi
> ka ceuli pongpet kudu dirorek.

Kang Dudi, umpama kitu terus salah saha? rek nyalahkeun urang babakan KUSnet
nu teu pati panuju kana basa nu garihal TEUING dipake KUSnet? Millis teh
eunteung tina kahirupan di alam nyata. Di Masyarakat urang Sunda, memang aya
presepsi kitu. Coba nonton wayang sakali-sakali. Si Cepot, Dewala jeung
Gareng ngaromongna garihal malah ayeuna geus make "TEUING", beda jeung para
sinatria nu ngomong make basa lemes. Si Dalang, sadar atawa henteu, geus
ngalakukeun diskriminasi sosial, cacah-kuricakan ngomongna garihal, ari para
satria ngomongna lemes. Lamun nu kontra UUBS hayang ulah dianggap jalma
dusun, teu ngahakan bangku sakola, mangga protes heula ka para Dalang,
supaya leungit presepsi eta.

Ngan cilakana, lain wae wayang nu ngalestarikeun "feodalismeu' teh, tapi oge
nu modern. Nu ieu oge sarua wae, tingali we sinetron. Nu ngomong campur make
basa daerah (Jawa atawa Sunda), biasana diposisikeun jalma kelas handap,
sabangsa badega jeung jongos. Nu modern (well educated, beunghar) ngomongna
bahasa Indonesia dicampur basa Inggris, nu diposisikeun deukeut jeung agama
biasana pacampur jeung basa Arab. Sadar atawa henteu, sang sutradara geus
nyieun kelas sosial, Brahmana, Ksatria ...jeung golongan Paria (cacah
kuricakan) tina basa nu dipake ....

Tah perkara kuring "katorekan ceuli", lain nanaon, tapi asa trauma, inget ka
kawawuhan urang Cina, nu ngambek ka pagawena urang Sunda, make basa
garihal, teu ngeunah kadengena:" Anjing Sia, Tai kahulu-hulu, belegug".
Ngambekna dihareupeun kuring. Sanajan kuring ngamaklum urang CIna mah lamun
make Basa Sunda teh garihal jeung pacampur kecap-kecap: "Anjing, sia,
...jrrd",  tapi tetep ceuli kuring "teu bisa narima". Kuring ngagejlig
indit, tepi ka Si Engkoh teh kaget, sabab kuring datang ka manehna teh,
manehna keur perlu pisan kuring ......

Baktos,
WALUYA














Kirim email ke