Tinimbang rieut kieu, kumaha lamun di uleum ahli basa sunda jeung
ahli antropologi anu berkomptensi.
Ame nteu lieur kieu.
 
 

-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Behalf Of H Surtiwa
Sent: Monday, February 18, 2008 11:50 AM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] aing jeung sia=> Ceuk uing , ieu mah.......



Cobi mun surelek ieu aya tiawal..sugan moal aya jelema anu nyarekan jeung
anu dicarekan..gara2 kahayang/aspirasi teu nyampe..leres pisan abdi mah
satuju ..basa teu aya nu salah..ngan mun makena kedah ningali dimana
domainna...adaptasi...budaya...adaptasi pulitik...Basa mamana oge aya
kasarna aya lemesna...aya anu dilangsirkeun dina kecap (dahar, tuang,
tetegug, ngalebok)..tapi aya oge anu dipedalkeun dina idiom..naon wae
supados batuer anu nguping ulah kasigeung...Asana lamun ngomong kieu urang
tetep wae demokratis...alias kakuasaan ditangan rakyat...pamadegan tetep
demokratis..sewang2...basa kumaha lingkungan wae...



On 2/18/08, dudi mulyadi < [EMAIL PROTECTED] <mailto:[EMAIL PROTECTED]>
com> wrote: 



Ari ceuk uing mah kieunya ( ngahaja lain  nyebut aing atawa abdi . Da
karasana beda)
 
Bener pisan anu nyebut basa nembongkeun rasa.
Dina kanyataanna oge, teu bisa mungkir deui, yen di urang aya  nu make basa
lemes, basa basajan atawa baas loma, jeung basa kasar. Ieu teu bisa
dipungkir deui. Kanyataanna kitu .
 
Ari pungsina  ngedalkeun  ucap make basa kanu diajak nyarita, tujuannana pan
supaya manehna ngarti, terus narima  kana naon anu dipimaksud  ku urang.
Rek make basa naon wae, asal tujuan urang  kanu diajak nyarita tercapai, nya
teu aya masalah. Contona barudak  ayeuna mun  ngomongna  teu ditungtungan
make kecap anjing, komunikasi diantara manehna asana teu afdol. Upamana aya
dialog kieu.: "Maneh kamari ti mana anjing, digeroan  teu ngalieuk. Jawabna
: " Iraha ?, meureun aing teu ngadenge, anjing. lamun ngadenge mah  maenya
aing teu nyampeurkeun, anjing". 
Coba basa eta dipake ka kolot sorangan atawa ka jalma anu can wawuh, pan
nimbulkeun masalah.
 
Nu penting, salila urang  nyaho , ngarti  jeung sadar  yen di urang teh
bener aya basa kitu ( basa lemes, loma jeung kasar) ceuk uing geus cukup
pikeun dijadikeun pangarti pikeun kapentingan urang sorangan. Perkara lamun
urang ngalarapkeunana  teu merenah, eta mah perkara lain.
 
Ari ceuk uing mah, malah kuayana  "tilu kelas" tingkat basa  nyaeta, aya nu
lemes, loma jeung kasar, nunjukkeun yen terjadi demokratisasi bahasa. Lamun
urang maksakeun maneh kabatur kudu make basa lemes  salawasna, atawa basa
loma oge basa kasar salawasna, atuh lain disebut  demokratis . Eta mah
pemaksaan.
 
Tah upama urang make basa anu teu merenah ka batur ( lain basana anu salah
),urang kudu  lapang hate, atawa narimakeun reaksi ti nu diajak nyarita ku
urang, upama tujuan urang  dina ngedalkeun carita eta meunang reaksi  anu
teu dipiharep ku urang. Jadi ulah helok lamun  urang geus nyarita  make basa
anu teu merenah ka batur ( sakali deui lain basa nu na nu salah) malah urang
dicabok misalna. Atawa teu didenge atawa teu dipalire.
Dina hal ieu euweuh nu salah atawa nu bener, atawa aya anu disebut  feodal
atawa egaliter, tapi nembongkeun  yen dina basa ge aya demokratisasi.
 
Kuring boga pangalaman kieu. Pamajikan uing urang Tasik, uing sorangan urang
Garut. Di kulawarga uing undak usuk basa masih dipake keneh . Ka kolot uing
sorangan, uing teu pernah  make kecap indit keur angkat, dahar keur tuang,
bendu keur ambek. Tapi di kulawarga pamajikan  biasa make basa  ambek ,
dahar atawa indit keur kolotna sorangan.
Mimitina uing ge helok, tapi lilalila biasa. Tapi Alhamdulillah pamajikan
uing teu pernah make basa loma ieu ka kolot uing sorangan, jadi  nepi ka
ayeuna pamajikan uing masih kapuji keneh ku kolot uing sorangan, sehingga
teu aya masalah dina hal komunikasi antar kulawarga uing jeung pamajikan
uing khususna.
 
Tapi  waktu  hiji mangsa , pamajikan uing ku uing dibawa jalan jalan ka hiji
pasar Pandeglang pamajikan uing "pundung". 
Caritana kieu.Waktu eta uing jalan jalan, nepi ka hiji pasar di Pandeglang.
Pamajikan kataji ku gula beureum di hiji jongko. Pamajikan ulak ilik kana
eta gula, terus  ngarampaan, nimbang nimbang ku leungeunna. Kajadian eta
rada lila. Terus nanya hargana sabaraha  kanu dagangna. Dijawab. Pamajikan
can kua kieu nepi ka dinya mah. Tapi kusabab rada lila nangtung di dinya
bari nyenyekel gula beureum eta, nu dagang nanya. Pertanyaanna kieu:
"Gancang atuh ieu teh rek meuli atawa moal?. Meureunan  si nu dagang teh rek
nutup jongkona mana nanya kitu oge.Pamajikan kasinggeung, bari teu ngomong
deui gula beureum anu tadina rek dibeuli dialungkeun  deui kana  tempatna.
Terus  ngajak uing gagancangan kaluar ti eta pasar.
Basa loma eta, biasa sapopoe dipake di kulawarga pamajikan uing.Malah di
kulawarga uing mah  moal kitu pibasaeunana teh. Naha dina palebah ditanya ku
pedagang di Pandeglang , malah pamajikan nu pundung, ari kuring masih keneh
bisa ngama'lum.
Tina conto eta nyirikeun, upama rek make basa ka nu diajak nyarita kudu bisa
ngarampa kumaha reaksina  anu rek diajak nyarita eta. Tinimbangan ieu lain
bentuk tindakan feodal atawa  teu demokratis.Malah sabalikna demokratis
pisan. Komo deui dina satiap  caritaan  pasti aya yujuan jeung
pamaksudan.Lamun basana teu merenah ( sakali deui lain basana anu salah)
tujuan urang eta  wayahna lamun  teu tercapai. Ulah ngacap  nu diajak
nyarita teu demokratis atawa manehna feodal. Nu ngajak  jeung nu diajak
nyarita, duanana papada miboga hak untuk nyaman  ngomong jeung ngadengekeun.
Masalahna , naha ngan tinimbangan  hak urang wungkul anu rek di tegakkeun
teh. Hak batur ge pan aya. Komo  lamun urang ge miboga tujuanna dimana urang
nyarita teh.
 
Jadi lamun rek ngomong make basa naon wae teu masalah salila nu diajak
ngomongna daek ngadengekeun  jeung tujuan urang ngomong ka manehna tercapai.
Ulah nepi  nganggapsoranagn,  ieu aing make basa kieu kusabab aing
demokratis, maneh henteu. Lamun  masih nyarita kitu, hartina  manehna
sorangan can demokratis.
 
Nu matak  ceuk uing mah, pek wae rek nyarita make basa naon wae.Tapi hukum
atawa norma nu berlaku di masyarakat kudu dijadikeun  tinimangan, sangkan
tujuan urang nyarita eta tercapai. Wayahna lamun teu tercapai ulah  ngambek.
Komo lamun aya nu nyabok mah, ulah rek helok. Rek dituluykeun gelut mah
kumaha dinya . Coba atuh nyarita kasar ka tangtara anu teu/can  wawuh . Wani
teu ?. Ieu mah test case we lah . Dare to talk  kasar ?
 
Hampura lamun uing geus  nyanyahoanan.  


Aschev Schuraschev < [EMAIL PROTECTED] <mailto:[EMAIL PROTECTED]> com>
wrote:

Nu teu make undak usuk, demokratis, teu ngabeda-beda:
 
Mr. President / His Mejesty eats meat
She eats food
The dog eats meat
 
Nu make undak-usuk, henteu demokratis, ngabeda-beda:
Kangjeng raja tuang daging
Manehna dahar daging
Anjing itu ngahakan daging
 
Di dieu digunakeun kecap nu beda: tuang, dahar, ngahakan.
 
Ngarti henteu sih naon anu dimaksud undak-usuk basa teh?


 
----- Original Message ----
From: H Surtiwa < [EMAIL PROTECTED] <mailto:[EMAIL PROTECTED]> com>
To: [EMAIL PROTECTED] <mailto:[email protected]> ups.com
Sent: Monday, February 18, 2008 9:48:13 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] aing jeung sia


Paling henteu lamun urang dialog langsong naganggo Mr. President sanes
namina. Mr teras kana jabatan. Her Majesty atanapi His Majesty biasana
babacaan protokol lamun mimiti nitah Prswiden pidato, ninggalkeun tempat
jrrd. Soal digebah can aya kajadian kulantaran anu naya boh WNA (WN Amrik
atanapi Pers ) parantos ngartos sareng nyarakola. Demeonstran oge sanajan
bari gogorowokan tetep wae nyebut Mr. Prseident... .


On 2/18/08, dudi herlianto < dudi.herlianto@ gmail.com
<mailto:[EMAIL PROTECTED]> > wrote: 

bah ari di amrik di ingris lamun aya warga nyebut ka presiden ka ratu ka pm
teu make mr. atawa her majesty... sok digebah? dianggap teu sopan garihal
culangung teu gableg cedo can pernah ngadaang bangku sakolaan kitu?



On Feb 18, 2008 9:17 AM, H Surtiwa < [EMAIL PROTECTED] com
<mailto:[EMAIL PROTECTED]> > wrote:



Amrik oge gegedug demokratis.. kitu deui Inggris..tapi ar palebah undak
unduk basa mah.nyaeta tetep wae diengineering kumaha kapentingan gaul...Mr.
President, Her Majesty..... ....

 
___ 




-- 
d-:
~karék cénah~ 



 

 

  _____  

Looking for last minute shopping deals? Find them fast with Yahoo! Search.
<http://us.rd.yahoo.com/evt=51734/*http://tools.search.yahoo.com/newsearch/c
ategory.php?category=shopping>  




  _____  

Looking for last minute shopping deals? Find them fast with Yahoo! Search.
<http://us.rd.yahoo.com/evt=51734/*http://tools.search.yahoo.com/newsearch/c
ategory.php?category=shopping>  














 

IMPORTANT NOTICE: 
The information in this email (and any attachments) is confidential. If you are 
not the intended recipient, you must not use or disseminate the information. If 
you have received this email in error, please immediately notify me by "Reply" 
command and permanently delete the original and any copies or printouts 
thereof.  Although this email and any attachments are believed to be free of 
any virus or other defect that might affect any computer system into which it 
is received and opened, it is the responsibility of the recipient to ensure 
that it is virus free and no responsibility is accepted by American 
International Group, Inc. or its subsidiaries or affiliates either jointly or 
severally, for any loss or damage arising in any way from its use.

Kirim email ke