Kang Dudi, baca sing telek tulisan kuring nu mitembeyan ieu jejer di handap ieu 
(kapaksa di copy-paste). Ceuk kuring mah tulisan anjeun jeung aki Surtiwa 
ngolembar teuing, jauh teuing jeung nu ditulis jeung ditanyakeun dina tulisan 
kuirng:


Potongan tina naskah Bujangg Manik:
 
Anaking, haja lancanan,
karunya ku na tohaan.
Sugan sia hamo nyaho,
tohaan geulis warangan,
 
Bihari, lamun nempo tulisan Bujangga Manik, basa nu digunakeunana téh 
démokratis, euwueh undak-usuk basa. Kiwari kecap ”aing” jeung ”sia”, anu asli 
Sunda digolongkeun panghandapna dina undak-usuk basa. Sedengkeun kecap ”kaula” 
jeung ”sampéan”, kecap injeuman ti basa bangsa séjén digolongkeun kana 
tingkatan leuwih luhur dina undak usuk basa Sunda, henteu démokratis.
 
Urang Sunda kiwari kabagi dua; aya anu hayang mupusti mulasara undak-usuk basa 
Sunda (UUBS), aya ogé nu kontra kana UUBS. Ngeunaan nu kontra kana UUBS, aya 
dua golongan anu anti / kontra (henteu suka) kana UUBS: anu terus-terusan maké 
basa lemes ka saha waé jeung anu terus-terusan maké basa kasar ka saha waé. Dua 
pihak ieu démokratis, henteu ngabéda-bédakeun saha anu disanghareupan.
 
Pikeun nu hayang mulasara UUBS atawa anu geus biasa jeung UUBS sarta nu kontra 
UUBS tapi maké basa lemes terus-terusan, pamakéan kecap ”aing” jeung ”sia” 
karasana kasar pisan.
 
Tapi pikeun nu kontra UUBS tapi ngarojong pamakéan basa kasar, kecap aing jeung 
sia dina sagala kondisi karasana biasa-biasa waé.
 
Kumaha pamakéan kecap aing jeung sia kahareupna, naha bakal balik deui jiga 
mangsa Bujangga Manik masih hirup? Waktu nu bakal ngajawab.

Aschev

 





----- Original Message ----
From: dudi mulyadi <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Monday, February 18, 2008 11:34:41 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] aing jeung sia=> Ceuk uing , ieu mah.......

 
Jadi lamun rek ngomong make basa naon wae teu masalah salila nu diajak 
ngomongna daek ngadengekeun  jeung tujuan urang ngomong ka manehna tercapai.
Ulah nepi  nganggapsoranagn,  ieu aing make basa kieu kusabab aing demokratis, 
maneh henteu. Lamun  masih nyarita kitu, hartina  manehna sorangan can 
demokratis.
 
Nu matak  ceuk uing mah, pek wae rek nyarita make basa naon wae.Tapi hukum 
atawa norma nu berlaku di masyarakat kudu dijadikeun  tinimangan, sangkan 
tujuan urang nyarita eta tercapai. Wayahna lamun teu tercapai ulah  ngambek. 
Komo lamun aya nu nyabok mah, ulah rek helok. Rek dituluykeun gelut mah kumaha 
dinya . Coba atuh nyarita kasar ka tangtara anu teu/can  wawuh . Wani teu ?. 
Ieu mah test case we lah . Dare to talk  kasar ?
 
Hampura lamun uing geus  nyanyahoanan.  


Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:
Nu teu make undak usuk, demokratis, teu ngabeda-beda:
 
Mr. President / His Mejesty eats meat
She eats food
The dog eats meat

Nu make undak-usuk, henteu demokratis, ngabeda-beda:
Kangjeng raja tuang daging
Manehna dahar daging
Anjing itu ngahakan daging
 
Di dieu digunakeun kecap nu beda: tuang, dahar, ngahakan.
 
Ngarti henteu sih naon anu dimaksud undak-usuk basa teh?


 
----- Original Message ----
From: H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED] com>
To: [EMAIL PROTECTED] ups.com
Sent: Monday, February 18, 2008 9:48:13 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] aing jeung sia


Paling henteu lamun urang dialog langsong naganggo Mr. President sanes namina. 
Mr teras kana jabatan. Her Majesty atanapi His Majesty biasana babacaan 
protokol lamun mimiti nitah Prswiden pidato, ninggalkeun tempat jrrd. Soal 
digebah can aya kajadian kulantaran anu naya boh WNA (WN Amrik atanapi Pers ) 
parantos ngartos sareng nyarakola. Demeonstran oge sanajan bari gogorowokan 
tetep wae nyebut Mr. Prseident... .


On 2/18/08, dudi herlianto <dudi.herlianto@ gmail.com> wrote: 
bah ari di amrik di ingris lamun aya warga nyebut ka presiden ka ratu ka pm teu 
make mr. atawa her majesty... sok digebah? dianggap teu sopan garihal culangung 
teu gableg cedo can pernah ngadaang bangku sakolaan kitu?



On Feb 18, 2008 9:17 AM, H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:

Amrik oge gegedug demokratis.. kitu deui Inggris..tapi ar palebah undak unduk 
basa mah.nyaeta tetep wae diengineering kumaha kapentingan gaul...Mr. 
President, Her Majesty..... ....


___ 



-- 
d-:
~karék cénah~ 







Looking for last minute shopping deals? Find them fast with Yahoo! Search. 




Looking for last minute shopping deals? Find them fast with Yahoo! Search.



      
____________________________________________________________________________________
Never miss a thing.  Make Yahoo your home page. 
http://www.yahoo.com/r/hs

Kirim email ke