Keukeuh abdi mah medu ...kana istilah pamakean basa demokratis teh...tidieu
abdi anu salah ngarti teh ? Egaliter ? Feodal ?  Cik aya anu bade
ngabantosan...istilah demokratis teh domain na dimana ?

"Bihari, lamun nempo tulisan Bujangga Manik, *basa nu digunakeunana téh
démokratis*, euwueh undak-usuk basa. Kiwari kecap "aing" jeung "sia", anu
asli Sunda digolongkeun panghandapna dina undak-usuk basa. Sedengkeun kecap
"kaula" jeung "sampéan", kecap injeuman ti basa bangsa séjén digolongkeun
kana tingkatan leuwih luhur dina undak usuk basa Sunda, *henteu démokratis."
*


On 2/18/08, Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>    Kang Dudi, baca sing telek tulisan kuring nu mitembeyan ieu jejer di
> handap ieu (kapaksa di copy-paste). Ceuk kuring mah tulisan anjeun jeung aki
> Surtiwa ngolembar teuing, jauh teuing jeung nu ditulis jeung ditanyakeun
> dina tulisan kuirng:
>
>
>
> Potongan tina naskah Bujangg Manik:
>
>
>
> Anak*ing*, haja lancanan,
>
> karunya ku na tohaan.
>
> Sugan *sia* hamo nyaho,
>
> tohaan geulis warangan,
>
>
>
> Bihari, lamun nempo tulisan Bujangga Manik, basa nu digunakeunana téh
> démokratis, euwueh undak-usuk basa. Kiwari kecap "aing" jeung "sia", anu
> asli Sunda digolongkeun panghandapna dina undak-usuk basa. Sedengkeun kecap
> "kaula" jeung "sampéan", kecap injeuman ti basa bangsa séjén digolongkeun
> kana tingkatan leuwih luhur dina undak usuk basa Sunda, henteu démokratis.
>
>
>
> Urang Sunda kiwari kabagi dua; aya anu hayang mupusti mulasara undak-usuk
> basa Sunda (UUBS), aya ogé nu kontra kana UUBS. Ngeunaan nu kontra kana
> UUBS, aya dua golongan anu anti / kontra (henteu suka) kana UUBS: anu
> terus-terusan maké basa lemes ka saha waé jeung anu terus-terusan maké basa
> kasar ka saha waé. Dua pihak ieu démokratis, henteu ngabéda-bédakeun saha
> anu disanghareupan.
>
>
>
> Pikeun nu hayang mulasara UUBS atawa anu geus biasa jeung UUBS sarta nu
> kontra UUBS tapi maké basa lemes terus-terusan, pamakéan kecap "aing" jeung
> "sia" karasana kasar pisan.
>
>
>
> Tapi pikeun nu kontra UUBS tapi ngarojong pamakéan basa kasar, kecap aing
> jeung sia dina sagala kondisi karasana biasa-biasa waé.
>
>
>
> Kumaha pamakéan kecap aing jeung sia kahareupna, naha bakal balik deui
> jiga mangsa Bujangga Manik masih hirup? Waktu nu bakal ngajawab.
>
> Aschev
>
>
>
>
>
> ----- Original Message ----
> From: dudi mulyadi <[EMAIL PROTECTED]>
> To: [email protected]
> Sent: Monday, February 18, 2008 11:34:41 AM
> Subject: Re: [Urang Sunda] aing jeung sia=> Ceuk uing , ieu mah.......
>
>
> Jadi lamun rek ngomong make basa naon wae teu masalah salila nu diajak
> ngomongna daek ngadengekeun  jeung tujuan urang ngomong ka manehna tercapai.
> Ulah nepi  nganggapsoranagn,  ieu aing make basa kieu kusabab aing
> demokratis, maneh henteu. Lamun  masih nyarita kitu, hartina  manehna
> sorangan can demokratis.
>
> Nu matak  ceuk uing mah, pek wae rek nyarita make basa naon wae.Tapi hukum
> atawa norma nu berlaku di masyarakat kudu dijadikeun  tinimangan, sangkan
> tujuan urang nyarita eta tercapai. Wayahna lamun teu tercapai ulah  ngambek.
> Komo lamun aya nu nyabok mah, ulah rek helok. Rek dituluykeun gelut mah
> kumaha dinya . Coba atuh nyarita kasar ka tangtara anu teu/can  wawuh . Wani
> teu ?. Ieu mah test case we lah . Dare to talk  kasar ?
>
> Hampura lamun uing geus  nyanyahoanan.
>
>
> *Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED] com>* wrote:
>
>   Nu teu make undak usuk, demokratis, teu ngabeda-beda:
>
> Mr. President / His Mejesty eats meat
> She eats food
> The dog eats meat
>
> Nu make undak-usuk, henteu demokratis, ngabeda-beda:
> Kangjeng raja tuang daging
> Manehna dahar daging
> Anjing itu ngahakan daging
>
> Di dieu digunakeun kecap nu beda: tuang, dahar, ngahakan.
>
> Ngarti henteu sih naon anu dimaksud undak-usuk basa teh?
>
>
>
> ----- Original Message ----
> From: H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED] com>
> To: [EMAIL PROTECTED] ups.com
> Sent: Monday, February 18, 2008 9:48:13 AM
> Subject: Re: [Urang Sunda] aing jeung sia
>
>  Paling henteu lamun urang dialog langsong naganggo Mr. President sanes
> namina. Mr teras kana jabatan. Her Majesty atanapi His Majesty biasana
> babacaan protokol lamun mimiti nitah Prswiden pidato, ninggalkeun tempat
> jrrd. Soal digebah can aya kajadian kulantaran anu naya boh WNA (WN Amrik
> atanapi Pers ) parantos ngartos sareng nyarakola. Demeonstran oge sanajan
> bari gogorowokan tetep wae nyebut Mr. Prseident... .
>
> On 2/18/08, dudi herlianto <dudi.herlianto@ gmail.com<[EMAIL PROTECTED]>>
> wrote:
> >
> >   bah ari di amrik di ingris lamun aya warga nyebut ka presiden ka ratu
> > ka pm teu make mr. atawa her majesty... sok digebah? dianggap teu sopan
> > garihal culangung teu gableg cedo can pernah ngadaang bangku sakolaan kitu?
> >
> >
> > On Feb 18, 2008 9:17 AM, H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED] com<[EMAIL 
> > PROTECTED]>>
> > wrote:
> >
> > >   Amrik oge gegedug demokratis.. kitu deui Inggris..tapi ar palebah
> > > undak unduk basa mah.nyaeta tetep wae diengineering kumaha kapentingan
> > > gaul...Mr. President, Her Majesty..... ....
> > >
> > >
> > > ___
> > >
> >
> >
> >
> > --
> > d-:
> > ~karék cénah~
> >
>
>
>
>
>
> ------------------------------
> Looking for last minute shopping deals? Find them fast with Yahoo! 
> Search.<http://us.rd.yahoo.com/evt=51734/*http://tools.search.yahoo.com/newsearch/category.php?category=shopping>
>
>
>  ------------------------------
> Looking for last minute shopping deals? Find them fast with Yahoo! 
> Search.<http://us.rd.yahoo.com/evt=51734/*http://tools.search.yahoo.com/newsearch/category.php?category=shopping>
>
>
>
>
> ------------------------------
> Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it
> now.<http://us.rd.yahoo.com/evt=51733/*http://mobile.yahoo.com/;_ylt=Ahu06i62sR8HDtDypao8Wcj9tAcJ>
>
> 
>

Kirim email ke