Alah atuh punten pisan Kang Aschev..abdi mah teu gaduh raraosan siga kitu..hampura sakali deui hampura...kulantaran rusuh meureun nganggo idiom anukadanguna kasar...ari kecap mah raraosan biasa wae...Punten sakali deui. lamun enya yen abdi lepat didinya..bener2 abdi teh teu egaliter..feodal pisan....!
On 2/18/08, Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Tah tulisan si aki ieu contona basa anu teu demokratis teh, ari ka > si kang Dudi Mulyadi make basa lemes, ari ka kuring make basa > kasar. Matakna, kuring mah pernah nulis dina blogna kang Dudui Herlianto yen > kuring henteu ngarojong pamakean UUBS; lamun kasar, kabeh kasar, lamun lemes > kabeh make basa lemes. > > > > ----- Original Message ---- > From: H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> > To: [email protected] > Sent: Monday, February 18, 2008 11:49:48 AM > Subject: Re: [Urang Sunda] aing jeung sia=> Ceuk uing , ieu mah....... > > Cobi mun surelek ieu aya tiawal..sugan moal aya jelema anu nyarekan jeung > anu dicarekan..gara2 kahayang/aspirasi teu nyampe..leres pisan abdi mah > satuju ..basa teu aya nu salah..ngan mun makena kedah ningali dimana > domainna...adaptasi ...budaya. ..adaptasi pulitik...Basa mamana oge aya > kasarna aya lemesna...aya anu dilangsirkeun dina kecap (dahar, tuang, > tetegug, ngalebok)..tapi aya oge anu dipedalkeun dina idiom..naon wae > supados batuer anu nguping ulah kasigeung... Asana lamun ngomong kieu urang > tetep wae demokratis.. .alias kakuasaan ditangan rakyat...pamadegan tetep > demokratis.. sewang2.. .basa kumaha lingkungan wae... > > On 2/18/08, dudi mulyadi <[EMAIL PROTECTED] com <[EMAIL PROTECTED]>> > wrote: > > > Ari ceuk uing mah kieunya ( ngahaja lain nyebut aing atawa abdi . Da > > karasana beda) > > > > Bener pisan anu nyebut basa nembongkeun rasa. > > Dina kanyataanna oge, teu bisa mungkir deui, yen di urang aya nu make > > basa lemes, basa basajan atawa baas loma, jeung basa kasar. Ieu teu bisa > > dipungkir deui. Kanyataanna kitu . > > > > Ari pungsina ngedalkeun ucap make basa kanu diajak nyarita, tujuannana > > pan supaya manehna ngarti, terus narima kana naon anu dipimaksud ku > > urang. > > Rek make basa naon wae, asal tujuan urang kanu diajak nyarita tercapai, > > nya teu aya masalah. Contona barudak ayeuna mun ngomongna teu > > ditungtungan make kecap anjing, komunikasi diantara manehna asana teu > > afdol. Upamana aya dialog kieu.: "Maneh kamari ti mana anjing, digeroan teu > > ngalieuk. Jawabna : " Iraha ?, meureun aing teu ngadenge, anjing. lamun > > ngadenge mah maenya aing teu nyampeurkeun, anjing". > > Coba basa eta dipake ka kolot sorangan atawa ka jalma anu can wawuh, pan > > nimbulkeun masalah. > > > > Nu penting, salila urang nyaho , ngarti jeung sadar yen di urang > > teh bener aya basa kitu ( basa lemes, loma jeung kasar) ceuk uing geus cukup > > pikeun dijadikeun pangarti pikeun kapentingan urang sorangan. Perkara lamun > > urang ngalarapkeunana teu merenah, eta mah perkara lain. > > > > Ari ceuk uing mah, malah kuayana "tilu kelas" tingkat basa nyaeta, aya > > nu lemes, loma jeung kasar, nunjukkeun yen terjadi demokratisasi bahasa. > > Lamun urang maksakeun maneh kabatur kudu make basa lemes salawasna, atawa > > basa loma oge basa kasar salawasna, atuh lain disebut demokratis . Eta mah > > pemaksaan. > > > > Tah upama urang make basa anu teu merenah ka batur ( lain basana anu > > salah ),urang kudu lapang hate, atawa narimakeun reaksi ti nu diajak > > nyarita ku urang, upama tujuan urang dina ngedalkeun carita eta meunang > > reaksi anu teu dipiharep ku urang. Jadi ulah helok lamun urang geus > > nyarita make basa anu teu merenah ka batur ( sakali deui lain basa nu na nu > > salah) malah urang dicabok misalna. Atawa teu didenge atawa teu dipalire. > > Dina hal ieu euweuh nu salah atawa nu bener, atawa aya anu disebut > > feodal atawa egaliter, tapi nembongkeun yen dina basa ge aya demokratisasi. > > > > Kuring boga pangalaman kieu. Pamajikan uing urang Tasik, uing sorangan > > urang Garut. Di kulawarga uing undak usuk basa masih dipake keneh . Ka kolot > > uing sorangan, uing teu pernah make kecap indit keur angkat, dahar keur > > tuang, bendu keur ambek. Tapi di kulawarga pamajikan biasa make basa ambek > > , dahar atawa indit keur kolotna sorangan. > > Mimitina uing ge helok, tapi lilalila biasa. Tapi Alhamdulillah > > pamajikan uing teu pernah make basa loma ieu ka kolot uing sorangan, jadi > > nepi ka ayeuna pamajikan uing masih kapuji keneh ku kolot uing sorangan, > > sehingga teu aya masalah dina hal komunikasi antar kulawarga uing jeung > > pamajikan uing khususna. > > > > Tapi waktu hiji mangsa , pamajikan uing ku uing dibawa jalan jalan ka > > hiji pasar Pandeglang pamajikan uing "pundung". > > Caritana kieu.Waktu eta uing jalan jalan, nepi ka hiji pasar di > > Pandeglang. Pamajikan kataji ku gula beureum di hiji jongko. Pamajikan ulak > > ilik kana eta gula, terus ngarampaan, nimbang nimbang ku leungeunna. > > Kajadian eta rada lila. Terus nanya hargana sabaraha kanu dagangna. > > Dijawab. Pamajikan can kua kieu nepi ka dinya mah. Tapi kusabab rada lila > > nangtung di dinya bari nyenyekel gula beureum eta, nu dagang nanya. > > Pertanyaanna kieu: "Gancang atuh ieu teh rek meuli atawa moal?. Meureunan > > si nu dagang teh rek nutup jongkona mana nanya kitu > > oge.Pamajikankasinggeung, bari teu ngomong deui gula beureum anu tadina rek > > dibeuli > > dialungkeun deui kana tempatna. Terus ngajak uing gagancangan kaluar ti > > eta pasar. > > Basa loma eta, biasa sapopoe dipake di kulawarga pamajikan uing.Malah di > > kulawarga uing mah moal kitu pibasaeunana teh. Naha dina palebah ditanya ku > > pedagang di Pandeglang , malah pamajikan nu pundung, ari kuring masih keneh > > bisa ngama'lum. > > Tina conto eta nyirikeun, upama rek make basa ka nu diajak nyarita > > kudu bisa ngarampa kumaha reaksina anu rek diajak nyarita eta. Tinimbangan > > ieu lain bentuk tindakan feodal atawa teu demokratis.Malah sabalikna > > demokratis pisan. Komo deui dina satiap caritaan pasti aya yujuan jeung > > pamaksudan.Lamun basana teu merenah ( sakali deui lain basana anu salah) > > tujuan urang eta wayahna lamun teu tercapai. Ulah ngacap nu diajak > > nyarita teu demokratis atawa manehna feodal. Nu ngajak jeung nu diajak > > nyarita, duanana papada miboga hak untuk nyaman ngomong jeung ngadengekeun. > > Masalahna , naha ngan tinimbangan hak urang wungkul anu rek di tegakkeun > > teh. Hak batur ge pan aya. Komo lamun urang ge miboga tujuanna dimana urang > > nyarita teh. > > > > Jadi lamun rek ngomong make basa naon wae teu masalah salila nu diajak > > ngomongna daek ngadengekeun jeung tujuan urang ngomong ka manehna tercapai. > > Ulah nepi nganggapsoranagn, ieu aing make basa kieu kusabab aing > > demokratis, maneh henteu. Lamun masih nyarita kitu, hartina manehna > > sorangan can demokratis. > > > > Nu matak ceuk uing mah, pek wae rek nyarita make basa naon wae.Tapihukum > > atawa norma nu berlaku di masyarakat kudu dijadikeun tinimangan, > > sangkan tujuan urang nyarita eta tercapai. Wayahna lamun teu tercapai ulah > > ngambek. Komo lamun aya nu nyabok mah, ulah rek helok. Rek dituluykeun gelut > > mah kumaha dinya . Coba atuh nyarita kasar ka tangtara anu teu/can wawuh . > > Wani teu ?. Ieu mah test case we lah . Dare to talk kasar ? > > > > Hampura lamun uing geus nyanyahoanan. > > > > > > *Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED] com <[EMAIL PROTECTED]>>*wrote: > > > > Nu teu make undak usuk, demokratis, teu ngabeda-beda: > > > > Mr. President / His Mejesty eats meat > > She eats food > > The dog eats meat > > > > Nu make undak-usuk, henteu demokratis, ngabeda-beda: > > Kangjeng raja tuang daging > > Manehna dahar daging > > Anjing itu ngahakan daging > > > > Di dieu digunakeun kecap nu beda: tuang, dahar, ngahakan. > > > > Ngarti henteu sih naon anu dimaksud undak-usuk basa teh? > > > > > > > > ----- Original Message ---- > > From: H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED] com <[EMAIL PROTECTED]>> > > To: [EMAIL PROTECTED] ups.com <[email protected]> > > Sent: Monday, February 18, 2008 9:48:13 AM > > Subject: Re: [Urang Sunda] aing jeung sia > > > > Paling henteu lamun urang dialog langsong naganggo Mr. President sanes > > namina. Mr teras kana jabatan. Her Majesty atanapi His Majesty biasana > > babacaan protokol lamun mimiti nitah Prswiden pidato, ninggalkeun tempat > > jrrd. Soal digebah can aya kajadian kulantaran anu naya boh WNA (WN Amrik > > atanapi Pers ) parantos ngartos sareng nyarakola. Demeonstran oge sanajan > > bari gogorowokan tetep wae nyebut Mr. Prseident... . > > > > On 2/18/08, dudi herlianto <dudi.herlianto@ gmail.com<[EMAIL PROTECTED]>> > > wrote: > > > > > > bah ari di amrik di ingris lamun aya warga nyebut ka presiden ka > > > ratu ka pm teu make mr. atawa her majesty... sok digebah? dianggap teu > > > sopan > > > garihal culangung teu gableg cedo can pernah ngadaang bangku sakolaan > > > kitu? > > > > > > > > > On Feb 18, 2008 9:17 AM, H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED] com<[EMAIL > > > PROTECTED]>> > > > wrote: > > > > > > > Amrik oge gegedug demokratis.. kitu deui Inggris..tapi ar palebah > > > > undak unduk basa mah.nyaeta tetep wae diengineering kumaha > > > > kapentingan gaul...Mr. President, Her Majesty..... .... > > > > > > > > > > > > ___ > > > > > > > > > > > > > > > > -- > > > d-: > > > ~karék cénah~ > > > > > > > > > > > > > > > ------------------------------ > > Looking for last minute shopping deals? Find them fast with Yahoo! > > Search.<http://us.rd.yahoo.com/evt=51734/*http://tools.search.yahoo.com/newsearch/category.php?category=shopping> > > > > > > ------------------------------ > > Looking for last minute shopping deals? Find them fast with Yahoo! > > Search.<http://us.rd.yahoo.com/evt=51734/*http://tools.search.yahoo.com/newsearch/category.php?category=shopping> > > > > > > > > ------------------------------ > Looking for last minute shopping deals? Find them fast with Yahoo! > Search.<http://us.rd.yahoo.com/evt=51734/*http://tools.search.yahoo.com/newsearch/category.php?category=shopping> > > >

