Haaaar 
apan surelek dihandap seratan para ahli..
moal, moal lieur...sok we bandungan.
 
-----Original Message-----
From: Dirgahayu, Rachman [mailto:[EMAIL PROTECTED] 
Sent: Monday, February 18, 2008 12:01 PM
To: [email protected]
Subject: RE: [Urang Sunda] aing jeung sia=> Ceuk uing , ieu mah.......
 
Tinimbang rieut kieu, kumaha lamun di uleum ahli basa sunda jeung
ahli antropologi anu berkomptensi.
Ame nteu lieur kieu.
 
 
        -----Original Message-----
        From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] Behalf Of H 
Surtiwa
        Sent: Monday, February 18, 2008 11:50 AM
        To: [email protected]
        Subject: Re: [Urang Sunda] aing jeung sia=> Ceuk uing , ieu mah.......
        Cobi mun surelek ieu aya tiawal..sugan moal aya jelema anu nyarekan 
jeung anu dicarekan..gara2 kahayang/aspirasi teu nyampe..leres pisan abdi mah 
satuju ..basa teu aya nu salah..ngan mun makena kedah ningali dimana 
domainna...adaptasi...budaya...adaptasi pulitik...Basa mamana oge aya kasarna 
aya lemesna...aya anu dilangsirkeun dina kecap (dahar, tuang, tetegug, 
ngalebok)..tapi aya oge anu dipedalkeun dina idiom..naon wae supados batuer anu 
nguping ulah kasigeung...Asana lamun ngomong kieu urang tetep wae 
demokratis...alias kakuasaan ditangan rakyat...pamadegan tetep 
demokratis..sewang2...basa kumaha lingkungan wae...
        On 2/18/08, dudi mulyadi <[EMAIL PROTECTED] <mailto:[EMAIL PROTECTED]> 
> wrote: 
        Ari ceuk uing mah kieunya ( ngahaja lain  nyebut aing atawa abdi . Da 
karasana beda)
         
        Bener pisan anu nyebut basa nembongkeun rasa.
        Dina kanyataanna oge, teu bisa mungkir deui, yen di urang aya  nu make 
basa lemes, basa basajan atawa baas loma, jeung basa kasar. Ieu teu bisa 
dipungkir deui. Kanyataanna kitu .
         
        Ari pungsina  ngedalkeun  ucap make basa kanu diajak nyarita, 
tujuannana pan  supaya manehna ngarti, terus narima  kana naon anu dipimaksud  
ku urang.
        Rek make basa naon wae, asal tujuan urang  kanu diajak nyarita 
tercapai, nya teu aya masalah. Contona barudak  ayeuna mun  ngomongna  teu 
ditungtungan  make kecap anjing, komunikasi diantara manehna asana teu afdol. 
Upamana aya dialog kieu.: "Maneh kamari ti mana anjing, digeroan  teu ngalieuk. 
Jawabna : " Iraha ?, meureun aing teu ngadenge, anjing. lamun ngadenge mah  
maenya aing teu nyampeurkeun, anjing". 
        Coba basa eta dipake ka kolot sorangan atawa ka jalma anu can wawuh, 
pan nimbulkeun masalah.
         
        Nu penting, salila urang  nyaho , ngarti  jeung sadar  yen di urang teh 
bener aya basa kitu ( basa lemes, loma jeung kasar) ceuk uing geus cukup pikeun 
dijadikeun pangarti pikeun kapentingan urang sorangan. Perkara lamun urang 
ngalarapkeunana  teu merenah, eta mah perkara lain.
         
        Ari ceuk uing mah, malah kuayana  "tilu kelas" tingkat basa  nyaeta, 
aya nu lemes, loma jeung kasar, nunjukkeun yen terjadi demokratisasi bahasa. 
Lamun urang maksakeun maneh kabatur kudu make basa lemes  salawasna, atawa basa 
loma oge basa kasar salawasna, atuh lain disebut  demokratis . Eta mah 
pemaksaan.
         
        Tah upama urang make basa anu teu merenah ka batur ( lain basana anu 
salah ),urang kudu  lapang hate, atawa narimakeun reaksi ti nu diajak nyarita 
ku urang, upama tujuan urang  dina ngedalkeun carita eta meunang reaksi  anu 
teu dipiharep ku urang. Jadi ulah helok lamun  urang geus nyarita  make basa 
anu teu merenah ka batur ( sakali deui lain basa nu na nu salah) malah urang 
dicabok misalna. Atawa teu didenge atawa teu dipalire.
        Dina hal ieu euweuh nu salah atawa nu bener, atawa aya anu disebut  
feodal atawa egaliter, tapi nembongkeun  yen dina basa ge aya demokratisasi.
         
        Kuring boga pangalaman kieu. Pamajikan uing urang Tasik, uing sorangan 
urang Garut. Di kulawarga uing undak usuk basa masih dipake keneh . Ka kolot 
uing sorangan, uing teu pernah  make kecap indit keur angkat, dahar keur tuang, 
bendu keur ambek. Tapi di kulawarga pamajikan  biasa make basa  ambek , dahar 
atawa indit keur kolotna sorangan.
        Mimitina uing ge helok, tapi lilalila biasa. Tapi Alhamdulillah 
pamajikan uing teu pernah make basa loma ieu ka kolot uing sorangan, jadi  nepi 
ka ayeuna pamajikan uing masih kapuji keneh ku kolot uing sorangan, sehingga 
teu aya masalah dina hal komunikasi antar kulawarga uing jeung pamajikan uing 
khususna.
         
        Tapi  waktu  hiji mangsa , pamajikan uing ku uing dibawa jalan jalan ka 
hiji pasar Pandeglang pamajikan uing "pundung". 
        Caritana kieu.Waktu eta uing jalan jalan, nepi ka hiji pasar di 
Pandeglang. Pamajikan kataji ku gula beureum di hiji jongko. Pamajikan ulak 
ilik kana eta gula, terus  ngarampaan, nimbang nimbang ku leungeunna. Kajadian 
eta rada lila. Terus nanya hargana sabaraha  kanu dagangna. Dijawab. Pamajikan 
can kua kieu nepi ka dinya mah. Tapi kusabab rada lila nangtung di dinya bari 
nyenyekel gula beureum eta, nu dagang nanya. Pertanyaanna kieu: "Gancang atuh 
ieu teh rek meuli atawa moal?. Meureunan  si nu dagang teh rek nutup jongkona 
mana nanya kitu oge.Pamajikan kasinggeung, bari teu ngomong deui gula beureum 
anu tadina rek dibeuli dialungkeun  deui kana  tempatna. Terus  ngajak uing 
gagancangan kaluar ti eta pasar.
        Basa loma eta, biasa sapopoe dipake di kulawarga pamajikan uing.Malah 
di kulawarga uing mah  moal kitu pibasaeunana teh. Naha dina palebah ditanya ku 
pedagang di Pandeglang , malah pamajikan nu pundung, ari kuring masih keneh 
bisa ngama'lum.
        Tina conto eta nyirikeun, upama rek make basa ka nu diajak nyarita kudu 
bisa ngarampa kumaha reaksina  anu rek diajak nyarita eta. Tinimbangan ieu lain 
bentuk tindakan feodal atawa  teu demokratis.Malah sabalikna demokratis pisan. 
Komo deui dina satiap  caritaan  pasti aya yujuan jeung pamaksudan.Lamun basana 
teu merenah ( sakali deui lain basana anu salah) tujuan urang eta  wayahna 
lamun  teu tercapai. Ulah ngacap  nu diajak nyarita teu demokratis atawa 
manehna feodal. Nu ngajak  jeung nu diajak nyarita, duanana papada miboga hak 
untuk nyaman  ngomong jeung ngadengekeun. Masalahna , naha ngan tinimbangan  
hak urang wungkul anu rek di tegakkeun teh. Hak batur ge pan aya. Komo  lamun 
urang ge miboga tujuanna dimana urang nyarita teh.
         
        Jadi lamun rek ngomong make basa naon wae teu masalah salila nu diajak 
ngomongna daek ngadengekeun  jeung tujuan urang ngomong ka manehna tercapai.
        Ulah nepi  nganggapsoranagn,  ieu aing make basa kieu kusabab aing 
demokratis, maneh henteu. Lamun  masih nyarita kitu, hartina  manehna sorangan 
can demokratis.
         
        Nu matak  ceuk uing mah, pek wae rek nyarita make basa naon wae.Tapi 
hukum atawa norma nu berlaku di masyarakat kudu dijadikeun  tinimangan, sangkan 
tujuan urang nyarita eta tercapai. Wayahna lamun teu tercapai ulah  ngambek. 
Komo lamun aya nu nyabok mah, ulah rek helok. Rek dituluykeun gelut mah kumaha 
dinya . Coba atuh nyarita kasar ka tangtara anu teu/can  wawuh . Wani teu ?. 
Ieu mah test case we lah . Dare to talk  kasar ?
         
        Hampura lamun uing geus  nyanyahoanan.  
        
        
        Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED] <mailto:[EMAIL PROTECTED]> > 
wrote:
                Nu teu make undak usuk, demokratis, teu ngabeda-beda:
                 
                Mr. President / His Mejesty eats meat
                She eats food
                The dog eats meat
                 
                Nu make undak-usuk, henteu demokratis, ngabeda-beda:
                Kangjeng raja tuang daging
                Manehna dahar daging
                Anjing itu ngahakan daging
                 
                Di dieu digunakeun kecap nu beda: tuang, dahar, ngahakan.
                 
                Ngarti henteu sih naon anu dimaksud undak-usuk basa teh?
                
                
                 
                ----- Original Message ----
                From: H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED] <mailto:[EMAIL PROTECTED]> >
                To: [email protected] 
<mailto:[email protected]> 
                Sent: Monday, February 18, 2008 9:48:13 AM
                Subject: Re: [Urang Sunda] aing jeung sia
                Paling henteu lamun urang dialog langsong naganggo Mr. 
President sanes namina. Mr teras kana jabatan. Her Majesty atanapi His Majesty 
biasana babacaan protokol lamun mimiti nitah Prswiden pidato, ninggalkeun 
tempat jrrd. Soal digebah can aya kajadian kulantaran anu naya boh WNA (WN 
Amrik atanapi Pers ) parantos ngartos sareng nyarakola. Demeonstran oge sanajan 
bari gogorowokan tetep wae nyebut Mr. Prseident... .
                On 2/18/08, dudi herlianto <dudi.herlianto@ gmail.com 
<mailto:[EMAIL PROTECTED]> > wrote: 
                bah ari di amrik di ingris lamun aya warga nyebut ka presiden 
ka ratu ka pm teu make mr. atawa her majesty... sok digebah? dianggap teu sopan 
garihal culangung teu gableg cedo can pernah ngadaang bangku sakolaan kitu?
                
                
                On Feb 18, 2008 9:17 AM, H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED] com 
<mailto:[EMAIL PROTECTED]> > wrote:
                Amrik oge gegedug demokratis.. kitu deui Inggris..tapi ar 
palebah undak unduk basa mah.nyaeta tetep wae diengineering kumaha kapentingan 
gaul...Mr. President, Her Majesty..... ....
                
                 
                ___ 
                
                
                
                -- 
                d-:
                ~karék cénah~ 
                
                 
                
                 
                 
                
  _____  

                Looking for last minute shopping deals? Find them fast with 
Yahoo! Search. 
<http://us.rd.yahoo.com/evt=51734/*http:/tools.search.yahoo.com/newsearch/category.php?category=shopping>
  
         
        
  _____  

        Looking for last minute shopping deals? Find them fast with Yahoo! 
Search. 
<http://us.rd.yahoo.com/evt=51734/*http:/tools.search.yahoo.com/newsearch/category.php?category=shopping>
  
         
IMPORTANT NOTICE: 
The information in this email (and any attachments) is confidential. If you are 
not the intended recipient, you must not use or disseminate the information. If 
you have received this email in error, please immediately notify me by "Reply" 
command and permanently delete the original and any copies or printouts 
thereof. Although this email and any attachments are believed to be free of any 
virus or other defect that might affect any computer system into which it is 
received and opened, it is the responsibility of the recipient to ensure that 
it is virus free and no responsibility is accepted by American International 
Group, Inc. or its subsidiaries or affiliates either jointly or severally, for 
any loss or damage arising in any way from its use.
 

Kirim email ke