Ari ceuk pamanggih kuring mah teu kudu diributkeun rek make undak usuk basa
rek henteu, nu penting mah mun ngobrol papada urang sunda, urang ngarti
maneh ngarti ....

ibaratna bhs inggris Amrik jeung inggris aya wae perbedaan nana.
Komo deui urang sunda, anu masing masing boga bahasa wewengkon, jeung logat
masing masing...

Balik deui kana babasan bujangga manik... cenah ceuk kolot uing baheula,
bahasa sunda teh lugas.... tapi lain hartina kasar.....
pertanyaan kang asep, mungkin moal balik deui ka babasan siga baheula ?,ceuk
pamikiran  kuring hese....naha ?
sabab ku ganti na poe, ganti bulan ganti taun,ganti abad.... kultur sosial
budaya manusa teh robah.

Tiap tiap jaman boga standar bahasa/tata bahasa sorangan, di tambah deui
ayana akulturasi budaya jeung bahasa, conto  dina bahasa sunda aya bahasa
serapan ti Arab, ti bhs jawa jrrd, melayu jrrd.

conto leutik, dina bahasa indonesia, ayeuna katelah bahasa gaul, nu dina
tatabahasa mah moal manggih istilah bahasa gaul teh, tapi bisa jadi 100 taun
kahareup mah ieu jadi bahasa standar....

Jadi ...

bahasa sunda teh ceuk kuring mah beunghar... susah neangan tandingan nana...
sok mangga terjemah keun bahasa ieu ka bahasa lain :

Blak nangkarak
Blug nangkuban

Bahasa sunda Lemes, loma, kasar.... duka iraha dimimitian na ? cenah
titinggal nu ngajajah ti wetan ... naon buktina ?
nu jelas ieu ge bukti kabeungharan basa sunda...

ah ieu mah ngacapruk we.... punten bisi salah atawa teu mernah...

baktos
Abu Kasya



On 2/18/08, Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>    Kang Dudi, baca sing telek tulisan kuring nu mitembeyan ieu jejer di
> handap ieu (kapaksa di copy-paste). Ceuk kuring mah tulisan anjeun jeung aki
> Surtiwa ngolembar teuing, jauh teuing jeung nu ditulis jeung ditanyakeun
> dina tulisan kuirng:
>
>
>
> Potongan tina naskah Bujangg Manik:
>
>
>
> Anak*ing*, haja lancanan,
>
> karunya ku na tohaan.
>
> Sugan *sia* hamo nyaho,
>
> tohaan geulis warangan,
>
>
>
> Bihari, lamun nempo tulisan Bujangga Manik, basa nu digunakeunana téh
> démokratis, euwueh undak-usuk basa. Kiwari kecap "aing" jeung "sia", anu
> asli Sunda digolongkeun panghandapna dina undak-usuk basa. Sedengkeun kecap
> "kaula" jeung "sampéan", kecap injeuman ti basa bangsa séjén digolongkeun
> kana tingkatan leuwih luhur dina undak usuk basa Sunda, henteu démokratis.
>
>
>
> Urang Sunda kiwari kabagi dua; aya anu hayang mupusti mulasara undak-usuk
> basa Sunda (UUBS), aya ogé nu kontra kana UUBS. Ngeunaan nu kontra kana
> UUBS, aya dua golongan anu anti / kontra (henteu suka) kana UUBS: anu
> terus-terusan maké basa lemes ka saha waé jeung anu terus-terusan maké basa
> kasar ka saha waé. Dua pihak ieu démokratis, henteu ngabéda-bédakeun saha
> anu disanghareupan.
>
>
>
> Pikeun nu hayang mulasara UUBS atawa anu geus biasa jeung UUBS sarta nu
> kontra UUBS tapi maké basa lemes terus-terusan, pamakéan kecap "aing" jeung
> "sia" karasana kasar pisan.
>
>
>
> Tapi pikeun nu kontra UUBS tapi ngarojong pamakéan basa kasar, kecap aing
> jeung sia dina sagala kondisi karasana biasa-biasa waé.
>
>
>
> Kumaha pamakéan kecap aing jeung sia kahareupna, naha bakal balik deui
> jiga mangsa Bujangga Manik masih hirup? Waktu nu bakal ngajawab.
>
> Aschev
>
>
>
>
>
> ----- Original Message ----
> From: dudi mulyadi <[EMAIL PROTECTED]>
> To: [email protected]
> Sent: Monday, February 18, 2008 11:34:41 AM
> Subject: Re: [Urang Sunda] aing jeung sia=> Ceuk uing , ieu mah.......
>
>
> Jadi lamun rek ngomong make basa naon wae teu masalah salila nu diajak
> ngomongna daek ngadengekeun  jeung tujuan urang ngomong ka manehna tercapai.
> Ulah nepi  nganggapsoranagn,  ieu aing make basa kieu kusabab aing
> demokratis, maneh henteu. Lamun  masih nyarita kitu, hartina  manehna
> sorangan can demokratis.
>
> Nu matak  ceuk uing mah, pek wae rek nyarita make basa naon wae.Tapi hukum
> atawa norma nu berlaku di masyarakat kudu dijadikeun  tinimangan, sangkan
> tujuan urang nyarita eta tercapai. Wayahna lamun teu tercapai ulah  ngambek.
> Komo lamun aya nu nyabok mah, ulah rek helok. Rek dituluykeun gelut mah
> kumaha dinya . Coba atuh nyarita kasar ka tangtara anu teu/can  wawuh . Wani
> teu ?. Ieu mah test case we lah . Dare to talk  kasar ?
>
> Hampura lamun uing geus  nyanyahoanan.
>
>
> *Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED] com>* wrote:
>
>   Nu teu make undak usuk, demokratis, teu ngabeda-beda:
>
> Mr. President / His Mejesty eats meat
> She eats food
> The dog eats meat
>
> Nu make undak-usuk, henteu demokratis, ngabeda-beda:
> Kangjeng raja tuang daging
> Manehna dahar daging
> Anjing itu ngahakan daging
>
> Di dieu digunakeun kecap nu beda: tuang, dahar, ngahakan.
>
> Ngarti henteu sih naon anu dimaksud undak-usuk basa teh?
>
>
>
> ----- Original Message ----
> From: H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED] com>
> To: [EMAIL PROTECTED] ups.com
> Sent: Monday, February 18, 2008 9:48:13 AM
> Subject: Re: [Urang Sunda] aing jeung sia
>
>  Paling henteu lamun urang dialog langsong naganggo Mr. President sanes
> namina. Mr teras kana jabatan. Her Majesty atanapi His Majesty biasana
> babacaan protokol lamun mimiti nitah Prswiden pidato, ninggalkeun tempat
> jrrd. Soal digebah can aya kajadian kulantaran anu naya boh WNA (WN Amrik
> atanapi Pers ) parantos ngartos sareng nyarakola. Demeonstran oge sanajan
> bari gogorowokan tetep wae nyebut Mr. Prseident... .
>
> On 2/18/08, dudi herlianto <dudi.herlianto@ gmail.com<[EMAIL PROTECTED]>>
> wrote:
> >
> >   bah ari di amrik di ingris lamun aya warga nyebut ka presiden ka ratu
> > ka pm teu make mr. atawa her majesty... sok digebah? dianggap teu sopan
> > garihal culangung teu gableg cedo can pernah ngadaang bangku sakolaan kitu?
> >
> >
> > On Feb 18, 2008 9:17 AM, H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED] com<[EMAIL 
> > PROTECTED]>>
> > wrote:
> >
> > >   Amrik oge gegedug demokratis.. kitu deui Inggris..tapi ar palebah
> > > undak unduk basa mah.nyaeta tetep wae diengineering kumaha kapentingan
> > > gaul...Mr. President, Her Majesty..... ....
> > >
> > >
> > > ___
> > >
> >
> >
> >
> > --
> > d-:
> > ~karék cénah~
> >
>
>
>
>
>
> ------------------------------
> Looking for last minute shopping deals? Find them fast with Yahoo! 
> Search.<http://us.rd.yahoo.com/evt=51734/*http://tools.search.yahoo.com/newsearch/category.php?category=shopping>
>
>
>  ------------------------------
> Looking for last minute shopping deals? Find them fast with Yahoo! 
> Search.<http://us.rd.yahoo.com/evt=51734/*http://tools.search.yahoo.com/newsearch/category.php?category=shopping>
>
>
>
>
> ------------------------------
> Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it
> now.<http://us.rd.yahoo.com/evt=51733/*http://mobile.yahoo.com/;_ylt=Ahu06i62sR8HDtDypao8Wcj9tAcJ>
>
> 
>

Kirim email ke