Kang Ihin, kaharti tah tulisan teh. Aya benerna. Kaalaman tadi isuk waktu kuring ngasupkeun bahan ngeunaan padrao kana wikipedia basa Portugis. Eusina mah nyalin tina tulisan asli D. J Baros dina buku Asia" dina Basa Portugis buhun (ngahaja lain nyalin tina basa Inggris terus ditarjamahkeun kana basa Portugis make mesin tarjamah) supaya teu ditolak. Tapi angger ditolak ku admin da cenah basana teu standar. Jadi kacindekanana mah basa Portugis kiwari geus beda jeung basa Portugis 400-500 taun ka tukang. Meureun sarua, nasib basa Sunda buhun (nu teu ngawilah-wilah) oge moal bisa balik deui ka asalna. Nya waktu meureun nu baris ngajawab naha UUBS atawa non-UUBS anu bakal survive.
Aschev NB: Naha ngaranna ganti jadi Abu Kasya? ----- Original Message ---- From: Abu Kasya <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Monday, February 18, 2008 1:33:41 PM Subject: Re: [Urang Sunda] aing jeung sia=> Ceuk uing , ieu mah....... Balik deui kana babasan bujangga manik... cenah ceuk kolot uing baheula, bahasa sunda teh lugas.... tapi lain hartina kasar..... pertanyaan kang asep, mungkin moal balik deui ka babasan siga baheula ?,ceuk pamikiran kuring hese....naha ? sabab ku ganti na poe, ganti bulan ganti taun,ganti abad.... kultur sosial budaya manusa teh robah. Tiap tiap jaman boga standar bahasa/tata bahasa sorangan, di tambah deui ayana akulturasi budaya jeung bahasa, conto dina bahasa sunda aya bahasa serapan ti Arab, ti bhs jawa jrrd, melayu jrrd. conto leutik, dina bahasa indonesia, ayeuna katelah bahasa gaul, nu dina tatabahasa mah moal manggih istilah bahasa gaul teh, tapi bisa jadi 100 taun kahareup mah ieu jadi bahasa standar.... baktos Abu Kasya On 2/18/08, Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED] com> wrote: Kang Dudi, baca sing telek tulisan kuring nu mitembeyan ieu jejer di handap ieu (kapaksa di copy-paste). Ceuk kuring mah tulisan anjeun jeung aki Surtiwa ngolembar teuing, jauh teuing jeung nu ditulis jeung ditanyakeun dina tulisan kuirng: Potongan tina naskah Bujangg Manik: Anaking, haja lancanan, karunya ku na tohaan. Sugan sia hamo nyaho, tohaan geulis warangan, Bihari, lamun nempo tulisan Bujangga Manik, basa nu digunakeunana téh démokratis, euwueh undak-usuk basa. Kiwari kecap "aing" jeung "sia", anu asli Sunda digolongkeun panghandapna dina undak-usuk basa. Sedengkeun kecap "kaula" jeung "sampéan", kecap injeuman ti basa bangsa séjén digolongkeun kana tingkatan leuwih luhur dina undak usuk basa Sunda, henteu démokratis. Urang Sunda kiwari kabagi dua; aya anu hayang mupusti mulasara undak-usuk basa Sunda (UUBS), aya ogé nu kontra kana UUBS. Ngeunaan nu kontra kana UUBS, aya dua golongan anu anti / kontra (henteu suka) kana UUBS: anu terus-terusan maké basa lemes ka saha waé jeung anu terus-terusan maké basa kasar ka saha waé. Dua pihak ieu démokratis, henteu ngabéda-bédakeun saha anu disanghareupan. Pikeun nu hayang mulasara UUBS atawa anu geus biasa jeung UUBS sarta nu kontra UUBS tapi maké basa lemes terus-terusan, pamakéan kecap "aing" jeung "sia" karasana kasar pisan. Tapi pikeun nu kontra UUBS tapi ngarojong pamakéan basa kasar, kecap aing jeung sia dina sagala kondisi karasana biasa-biasa waé. Kumaha pamakéan kecap aing jeung sia kahareupna, naha bakal balik deui jiga mangsa Bujangga Manik masih hirup? Waktu nu bakal ngajawab. Aschev ----- Original Message ---- From: dudi mulyadi <[EMAIL PROTECTED] com> To: [EMAIL PROTECTED] ups.com Sent: Monday, February 18, 2008 11:34:41 AM Subject: Re: [Urang Sunda] aing jeung sia=> Ceuk uing , ieu mah....... Jadi lamun rek ngomong make basa naon wae teu masalah salila nu diajak ngomongna daek ngadengekeun jeung tujuan urang ngomong ka manehna tercapai. Ulah nepi nganggapsoranagn, ieu aing make basa kieu kusabab aing demokratis, maneh henteu. Lamun masih nyarita kitu, hartina manehna sorangan can demokratis. Nu matak ceuk uing mah, pek wae rek nyarita make basa naon wae.Tapi hukum atawa norma nu berlaku di masyarakat kudu dijadikeun tinimangan, sangkan tujuan urang nyarita eta tercapai. Wayahna lamun teu tercapai ulah ngambek. Komo lamun aya nu nyabok mah, ulah rek helok. Rek dituluykeun gelut mah kumaha dinya . Coba atuh nyarita kasar ka tangtara anu teu/can wawuh . Wani teu ?. Ieu mah test case we lah . Dare to talk kasar ? Hampura lamun uing geus nyanyahoanan. Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED] com> wrote: Nu teu make undak usuk, demokratis, teu ngabeda-beda: Mr. President / His Mejesty eats meat She eats food The dog eats meat Nu make undak-usuk, henteu demokratis, ngabeda-beda: Kangjeng raja tuang daging Manehna dahar daging Anjing itu ngahakan daging Di dieu digunakeun kecap nu beda: tuang, dahar, ngahakan. Ngarti henteu sih naon anu dimaksud undak-usuk basa teh? ----- Original Message ---- From: H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED] com> To: [EMAIL PROTECTED] ups.com Sent: Monday, February 18, 2008 9:48:13 AM Subject: Re: [Urang Sunda] aing jeung sia Paling henteu lamun urang dialog langsong naganggo Mr. President sanes namina. Mr teras kana jabatan. Her Majesty atanapi His Majesty biasana babacaan protokol lamun mimiti nitah Prswiden pidato, ninggalkeun tempat jrrd. Soal digebah can aya kajadian kulantaran anu naya boh WNA (WN Amrik atanapi Pers ) parantos ngartos sareng nyarakola. Demeonstran oge sanajan bari gogorowokan tetep wae nyebut Mr. Prseident... . On 2/18/08, dudi herlianto <dudi.herlianto@ gmail.com> wrote: bah ari di amrik di ingris lamun aya warga nyebut ka presiden ka ratu ka pm teu make mr. atawa her majesty... sok digebah? dianggap teu sopan garihal culangung teu gableg cedo can pernah ngadaang bangku sakolaan kitu? On Feb 18, 2008 9:17 AM, H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED] com> wrote: Amrik oge gegedug demokratis.. kitu deui Inggris..tapi ar palebah undak unduk basa mah.nyaeta tetep wae diengineering kumaha kapentingan gaul...Mr. President, Her Majesty..... .... ___ -- d-: ~karék cénah~ Looking for last minute shopping deals? Find them fast with Yahoo! Search. Looking for last minute shopping deals? Find them fast with Yahoo! Search. Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it now. ____________________________________________________________________________________ Never miss a thing. Make Yahoo your home page. http://www.yahoo.com/r/hs

