Lamun nyarita tentang demokratisasi dina soal ngagunakeun basa, ceung kuring
mah kieu.
Saha wae nu rek nyarita basa sunda, rek kasar, rek make undak unduk rek make
loma, pek teh teuing. Moal aya nu nyisikudi. Tah ieu ngaranna demokratis dalam
berbahasa.
Tapi , misalna aya si A nu nyarita kasar ka si B, tuluy si B eta
kasinggeung ku caritaan, si A, Terus si B ambek.Kulantaran si B ambek atawa
protes, tuluy si A tadi nuduh si B teu demokratis. Tah anu sabenerna anu geus
melakukan hal anu teu demokratis teh sabenerna si A.
Jadi sabenerna mah teu bisa hiji jalma anu nyarita kasar,atawa loma disebut
geus melakukan hal yang demoktratis. Sumawonna oge anu nyarita lemes teu
melakukan hal anu demokratis. Perkara demokratis atawa henteu na jalma eta teu
bisa ditangtukeun tina caritaan kasar atawa lemesma eta caritaan jalma .
Coba tengetkeun conto basa nu dipake ieu.: " Pokokna aing mah moal rek
mundur salengkah oge salila manehna teu satuju kana kahayang aing ieu. BIsa
manehna kitu, tapi lengkahan heula jasad aing ". Basa nu dipake bisa
diasupkeun kana basa kasar atawa loma, tapi eusina ?. Nunjukkeun jalma ieu aya
kamungkinan teu bisa demokratis. Sababna, make basa definitive "pokona" ieu.
Kuring cangcaya ieu jalma bisa demokratis sanajan basana make basa loma atawa
kasar ( Kitu sanes kang Achev maksad teh).
Bandingkeun jeung basa nu dipake ieu : "Mangga ayeuna mah nyanggakeun,
kumaha pamendak saderek wae. Saupami saderek teu satuju kana pamendak sim
kuring, teu langkung. Sim kuring mah moal bade ngiringan kana pamendak saderek.
Mangga ayeuna mah napsi napsi wae".
Ieu basa , kaasup basa lemes. Sanajan basa lemes ( cenah mah feodal), tapi
eusi caritaan eta nunjukkeun hiji kecap anu eusina kaasup jalma nu nyaritana
demokratis.
Jadi omongan kasar atawa lemesna teu bisa dipake patokan keur nunjukkeun nu
make basa eta demokratis atawa henteu demokratisna.
Ceuk kang Surtiwa mah domainna beda. Demokratis lain domain basa, tapi domain
politik kamasyarakatan.
Kumaha cenah, naha basa bisa oge nunjukeun jalma eta feodal atawa
egaliter?. Tah nu ieu beda deui. Tergantung timana ningalina.
Pamendak kuring mah, ngagunakeun basa anu merenah teh, lain ngan sakadar
keur ngahargaan batur wungkul, tapi oge keur ngajenan diri sorangan.Supaya ulah
aya nu ngarasa ngunghak jeung diunghak.Tapi lamun masih keneh aya nu ngunghak
atawa diunghak sok sanajan make basa nu merenah ( ceuk rarasaan), nya eta mah
demokratis wae lah dina palebah dinya mah. Mangga nyanggakeun. Urang napsi
napsi wae.
Tuh pan upami tos kitu mah kaitanna jadi ngalebaran . Ngalebaran sareng
kontek silaturahmi tea, atanapi kontekna sareng mutuskeun babarayaan, atanapi
pupusuhan. Nu mawi teu lepat upami aya nu nyebat " basa leuwih seukeut
tibatan pedang teh".
Ulah helok upami urang hoyong demokratis mah.
Punten wae upami janten ngacapruk kieu yeuh .
Upami tulisan sim kuring kaluar tina jejer anu dipimaksud ka sing saha wae,
sim kuring seja pangapuntenna.
Wassalam
pun Dudi
H Surtiwa wrote:
Keukeuh abdi mah medu ...kana istilah pamakean basa demokratis
teh...tidieu abdi anu salah ngarti teh ? Egaliter ? Feodal ? Cik aya anu bade
ngabantosan...istilah demokratis teh domain na dimana ?
"Bihari, lamun nempo tulisan Bujangga Manik, basa nu digunakeunana t�h
d�mokratis, euwueh undak-usuk basa. Kiwari kecap "aing" jeung "sia", anu asli
Sunda digolongkeun panghandapna dina undak-usuk basa. Sedengkeun kecap "kaula"
jeung "samp�an", kecap injeuman ti basa bangsa s�j�n digolongkeun kana
tingkatan leuwih luhur dina undak usuk basa Sunda, henteu d�mokratis."