Biasana kitu kang, tapi aya nu teu biasa kang. KAdang2 tergantung saha nu tiheula matenkeun, cotona tempe nu dipatenkeun ku urang jepang.
Conto lain dunia dirgantara, di dibarat Leonardo Davinci dianggap anu ngamimitian. Tapi jauh samamemeh davinci, Ilmuwan Daulah Ustmani tos aya anu ngalakukeun percobaan ngapung. Wednesday, May 28, 2008, 3:42:12 PM, you wrote: > Ah si Akang mah, di Dunya Elmu pangaweruh, nu mikir tiheula eta biasana nu > dihargaan, rek saha wae Jelemana. Contona Kecap Aljabar jeung Kimia tetep > dipake teu diganti sanajan mucunghul ti Urang Islam terus dikembangkeun ku > urang Barat. Lavoshier, elmuwan Kimia di Pernacis, aranna tetep dipake di > Dunya Elmu Kimia, sanajan manehna dihukum pati kulantaran kriminal > ngagelapkeun pajeg di Perancis. Aran Darwin oge sarua, moal bisa dipupus ti > Dunya Elmu Pangaweruh ..... > > Emut Darwin teh hirup awal abad ka 19, ampir 200 taun katukang, dimana > jelema jaman harita acan malalikir kana elmu lingkungan ....... > > Baktos, > WALUYA >

