> From: Iqbal Shalahuddin
> kaleresan emang etah mah bidang abdi, (sateuacanna punten lamun acak2an 
> bahasa sunda abdi, nuju nyobi ngabahasakeun > nu gampil dipingartos). keui 
> caritana: mutasi bakteri mah emang salah satu mekanisme pertahanan diri 
> dilingkungan
> ekstrim. gen na tidituna tos aya, sareng bakal diekspresikan sesuai sareng 
> kondisi lingkungan sekitar, bahkan dalam dunia > ekologi mikrob mah aya 
> komunikasi antar bakteri. perubahan sareng ekspresi gen iye bisa 
> disebabkan ku lingkungan nu
> ekstrim untuk bisa tetap survive atau bisa tetap memperoleh sumber energi 
> kanggo kelangsungan hirup si bakteri, tapi
> henteu ngarubah sifat dasar ti bakteri. jadi mutasi gen eschericia coli 
> tetep moal rubah jadi spesies pseudomonas.

Tah kabeneran aya urang Biologi (Bioteknologi?), tapi kuring teu ngarti 
perkara ieu mah, kuring urang Fisika sarua jeung adi kuring kang AJ. Tapi 
tetep we kuring panasaran, geuning akang tetep nyebut-nyebut lingkungan, 
pertahanan diri ...jrrd. Ceuk akang, bakteri tetep bisa mutasi sanajan teu 
ngarobah sifat dasar bakteri. Tah kuring rek nanyakeun ka akang, kumaha 
lamun dina waktu jutaan/ puluhan/ ratusan juta taun, mungkin henteu bakteri 
robah?

Lamun Akang ngajawabna moal bisa, tapi akang ngajawabna lain ku nengetan 
pan? saha nu bisa hirup jutaan taun.  Tapi ku hipotesis. Teori Darwin oge 
sarua. Mana nu bener?  Eta tugasna Elmu Pangaweruh terus NEANGAN "BEBENERAN" 
....

 Ayeuna nagara-nagara maju ngirim satelit ka Planet Mars keur nalungtik aya 
kahirupan henteu di Mars. Maranehna make hipotesis yen kondisi Mars ampir 
sarua jeung di Bumi, kulantaran kitu aya kamungkinan di Mars aya kahirupan, 
sanajan kahirupan nu sederhana. Ceuk hipotesis Teori evolusi, kahirupan 
mucunghul akibat kondisi lingkungan. Tah kumaha lamun enya bener di Mars 
kabuktian aya kahirupan atawa sesa kahirupan? Hartina hipotesis Teori 
Evolusi beuki loba buktina. Ngan untung ayeuna acan kapanggih buktina, tapi 
lamun bener kapanggih, posisi "creationist" aya dimana? Boa-boa sanasib 
jeung Gereja Katholik nu "dicibir" kulantaran ngahukum Galileo ....

Cilakana deuih, sanajan di Mars teu kapanggih kahirupan, manusa kahareup 
bakal tetep make hipotesis ieu, keur neangan kahirupan di planet diluar 
tata-surya. Duka kumaha carana mah,  eta mah bagean manusa mangsa kahareup 
....

Nuhun kana waleranana, kuring jadi inget kana Film  seri "X Files", "The 
Truth is out there ......"

Baktos,
WALUYA



Kirim email ke